Nasution Co

Tahu Bulat jeung Sapintrong

TAHU BULAT

Nu Dagang: “Bade tahu bulat?”

Mang Karyo: “Moal, boga.”

Nu Dagang: “Hoyong tahu nu kumaha atuh?”

Mang Karyo: “Tahu nu bentukna segitiga siku-siku,”

Husaéni

MTs PUI Gereba 

Cipaku – Ciamis

SUGAN TÉH

Kardun: “Hanas geus atoh, sugan teh widadari,”

Ijah: “Ari heg?”

Kardun: “Ari heg nu sare gigireun teh pamajikan, widadari mah dina alam impian,”

Ijah: “Hus, ulah kitu! Kudu sukuran boga pamajikan najan geus kolot oge,”

Husaéni

MTs PUI Gereba 

Cipaku – Ciamis

SAPINTRONG

Teh Opoy: “Akang, kuring nyiram,”

Kang Usi: “Hayang naon? Hayang nu haseum?”

Teh Opoy: “Lain, hayang sapintrong,”

Kang Usi: “Jalingkak teuing! Bisi kaguguran!”

Husaéni

MTs PUI Gereba 

Cipaku – Ciamis

ANGGER KÉNÉH

Bulan Désémber téréh lekasan. Loba nu ngararancang deuk piknik ka mana engké taun baruan. Tapi keur Sodik jeung Jafar mah nu diomongkeun masih éta-éta kénéh.

Sodik: “Téréh taun 2020, hirup masih kieu,”

Jafar: “Euweuh parobahan hirup manéh mah. Mimiti gawé nepi ka awéwé.”

Sodik: “Kumaha nya hayang robah.”

Jafar: “Ihtiar,”

Sodik: “Rarasaan geus ihtiar,”

Jafar: “Aya nu acan.”

Sodik: “Naon?”

Jafar: “Beungeut manéh angger kénéh!”

Apép Saéfulloh

Cililin, Bandung Barat

BÉDA NASIB

Gunawan hulang-huleng satutas apa popotonganan geus boga kabogoh anyar. Keur kitu téh aya Idoy ngaliwat, nyaho yén si Idoy mah loba waé informasina. Digeroan ku Gunawan.

Gunawan: “Doy, naha Maria gancang boga deui. Ari kuring geus PDKT ka duaan masih can payu.”

Idoy: “Éta mah salah manéh kénéh.”

Gunawan: “Salahna di mana?”

Idoy: “Naon nu diapdétkeun ku manéh sanggeus putus jeung Maria?”

Gunawan: “Saha waé lalaki nu jadi kabogoh Maria, kudu bisa ngajaga haténa,”

Idoy: “Terus manéh apal naon nu diapdétkeun ku Maria sanggeus putus jeung manéh?”

Gunawan: “Teu nyaho da diblokir. Émang apdét naon?”

Idoy: “Ka awéwé nu dideukeutan ku Si Gunawan, ulah daék jadi kabogohna. Geus pelit téh, gedé ambek deuih. Jaba jarang mandi.”

Opan Sopian

Cibébér, Cimahi

MENDING BALA-BALA

Indung jeung budak keur dahar. Ari budakna bangun nu wegah ngahuap. Manéhna tumanya ka indungna.

Budak: “Ma, Ujang mah asa bosen neda téh,”

Indung: “Naha bosen kunaon kitu Ujang?”

Budak: “Unggal dinten téh réncangna angger wé bala-bala,”

Indung: “Kutan! Ujang téh palay réncang naon?”

Budak: “Hoyong sareng sop iga kali-kali mah, Ma.”

Indung: “Ulah, Jang. Tuang sop iga bisi Ujang gaduh sipat adat kakurung ku iga,”

Budak: “Teras naon saéna neda sareng bala-bala.”

Indung: “Supados Ujang gaduh sipat balabah.”

Uun Munaroh

Cidaun,Cianjur

BÉAK

Rosi: “Aa, ku naon ayeuna mah tara mahugi deui?”

Valentino: “Geus beak,”

Rosi: “Oh, geus beak hartana? Dasar lalaki kere,”

Valentino: “Lain. Harta mah loba ngan cinta kuring ka meneh geus beak,”

Rosi: “Naha?”

Valentino: “Bongan barangpenta wae, leuheung mun geulis!!!!”

Husaéni

Staf Tata Usaha MTs PUI Gereba

Ciakar – Ciamis 

TEU SUMANGET

Mang Jumad: “Ku naon balik sakola katempo nguyung?”

Ilyas: “Ditolak ku awewe,”

Mang Jumad: “Nam urang ka dukun,”

Ilyas: “Dukunna oge bapana eta awewe nu nolak tea!

Husaéni

Staf Tata Usaha MTs PUI Gereba

Ciakar – Ciamis

DITAKSIR

Indungna: “Aya nu naksir teu ka maneh di sakola?”

Jajang: “Aya, tukang warung. Rangda kolot,”

Indungna: “Keun wae, sakitu oge payu,”

Jajang: “Untung malah, jadi teu kudu mayar mun  jajan,”

Hérmana, S.Pd.I.

MA Pakunagara 

Cipaku – Ciamis

NOSTALGIA

Sulis: “Kade poho Senen hareup urang reuni jeung babaturan SD!”

Ririn: “Kade poho mawa kaulinan jaman keur SD saperti bekles jeung congkak,”

Sulis: “Enya, urang nostalgia,”

Hérmana, S.Pd.I.

MA Pakunagara 

Cipaku – Ciamis

NYUMPUT

Bi Edoy: “Ka mana si mamah?”

Dendi: “Nyumput di para,”

Bi Edoy: “Araraneh,”

Dendi: “Sieuneun ditagih ku tukang kiridit,”

Bi Edoy: “Gening kitu nya kalakuan teh? Ulah diturutan!”

Dendi: “Ulah kitu, eta teh indung kuring!”

Hérmana, S.Pd.I.

MA Pakunagara 

Cipaku – Ciamis