Nasution Co

Dayeuh nu Rupek

Ku Yadi Karyadipura

 

Mun seg tèa mah Anjeun resep lalajo acara pikasediheun dina tipi—acara nu nyaritakeun lalakon hirup nu matak ngangres rambay cipanon—bèjakeun ka nu nyieun acarana, sina datang ka Majalaya. Carita sedih aya di dieu. Inghak nalangsa Anjeun kadèngèna bakal kawas sora ngèsèt rebab.

Garniwa—adina Sampani boga karep hayang gawè di luar negri kalayan hareupan meunang gajih nu mucekil—remen ngadatangan kuring sabot hayang niiskeun pikir. Sampani gè sarua. Ngarumas ka kuring nalika pikiran jeung rarasaanna sing sarwa pasalia.

“Tiap manusa boga kahayangna sewang-sèwangan,” ceuk kuring dina hiji mangsa waktu kadatangan Sampani. “Lantaran boga kahayang, jelema jadi daèk ihtiar.”

Kalimah nu minda rupa jadi pileuleuyan. Isukna, Sampani indit ngumbara ka Katapang. Kitu deui Garniwa, nu indit ka Bekasi, asup pusat pelatihan satacan miang ka Jepang. Duanana geus napak dina jalan nu dipilihna. Nepi ka hiji mangsa, kuring ngadèngè iber teu hade, yèn Sampani gering parna di Katapang. Padahal isukna poèan Lebaran. Barudak deuk ngarumpul di imah kuring, seja silaturahmi jeung ngararancang acara piknik.

Jeung enyana, Sampani balik dina kaayaan nu pikawatireun. Suasana Lebaran gè jadi nalangsa. Di salah sahiji masjid di Kampung Balèkambang—salah sahiji lembur di Majalaya, lembur nu gegek ku imah jeung pabrik—jamaah ngadunga sangkan Sampani dicageurkeun dina panyakitna. Ngan di antara jamaah, aya nu silih harèwos.

“Meureun meunang azab!”

Kitu ceuk maranèhna. Tuluy dijurung ku rasa nyaah, maranèhna meredih ka Sampani pikeun sagancangna tobat. Sagalana mèmang robah ti saprak Sampani ngumbara ka Katapang. Di dayeuh nu padeukeut jeung Sorèang, Sampani nyicingan jeung digawè di panti asuhan. Tuluy maranèhna nyawang yèn kabeungharan Sampani aya kakaitan jeung panyakit parna nu tumiba ka dirina.

* * *  

Mun seg tèa mah Anjeun mindeng ulin ka Majalaya, Anjeun moal hayang deui lalajo acara tipi, nu ngumbar kesedih. Sabab di dieu, carita sedih lain ukur nyaritakeun nu ngalamanna, tapi nyambung jeung jalma-jalma lianna, siga jaringan pararèl.

Ieu nyaritakeun Sampani jeung Garniwa. Dua sadulur nu umurna kaselang tilu taun. Garniwa hayang ngudag impian nu tuluy ngagupayan. Sampani hayang nètè tarajè karir nu bangun nganteurkeun dirina kana puncak kabagjaan. Kahayang duanana taya lian keur ngarobah nasib kulawarga.

“Ujang, ulah ngudag-ngudag kalangkang heulang!” Ibu Rukayah nyarèk. “Hidep bakal manggih tunggara. Jalma-jalmana mentingkeun manèh, hidep bakal hirup nyorangan. Kadangu sora nu tingjarerit di nagri deungeun?” laju Garniwa inget iber nu balawiri ngeunaan babu nu disiksa sapoè jeput ku dununganna. “Hidep gè bakal kitu!”

“Ulah mikiran karir!” Pa Dalimin nyaram. “Puncakna mah hapa, diri hidep bakal hapa. Jiwa hidep bakal rampus, sarakah, teu seubeuh-seubeuh. Pèk titènan jelema-jelama nu parasèa di luhur?” Sampani mèmang remen ngabandungan lakon owah nu dipintonkeun ku jelema-jelema jugala. “Tah sètan-sètan èta bu bakal terus mecutan hidep cara ka kuda.”

Ibu Rukayah neuteup Garniwa nu tungkul bari gegetun. Saacan ngawahan, anjeunna hayang mastikeun yèn budakna geus diborogod ku bongbolongan. Saacan ngidinan Sampani, Pa Dalimin ngusapan sirah budakna. Sampani melencrong jalan rumpil nu bakal diliwatan.

Indung bapa nu nyoba ngahalangan jalan kahayang budak-budakna. Tapi pola pikir indung bapa tèh lir tèmbok bendungan nu rembes teu wasa nadah gulidagna cai. Limpasan cai di bendungan malidkeun cucuk rungkang nu ngahalangan jalan, pikeun kahirupan nu hurip ku ajen jeung martabat.

Watek Sampani jeung Garniwa geus katempo ti keur budak. Duanana arang ngadu kalèci, gatrik, atawa boy-boyan. Duanana leuwih resep ulin sorangan. Sampani karesepna ngulinkeun wayang, ari Garniwa mah maènkeun ultraman. Sampani resep pisan ngagelutkeun wayang jeung buta hẻjo. Ari Garniwa mah pogot numpes moster nu ngarusak dayeuh.

Cara ulin anu basajan. Sampani jeung Garniwa ngumpulkan tokoh-tokoh pahlawan jeung jahat. Maranèhna geus diajar yèn bebeneran kudu bisa nyingkahkeun kajahatan. Hirup bajuang nanjeurkeun bebenaran jeung ngabasmi kajahatan mèmang pikaresepeun. Sing percaya, èta bisa dimimitian tina kaulinan Anjeun keur budak.

Niti wanci nu dipeupeuh ku gawè toh-tohan jeung runtuyan dunga, nya kadèngè yèn Garniwa bisa lulus pelatihan. Jeung kadèngè aweuhan yèn Sampani bisa aya di puncak karir. Kahirupan jadi caang baranang, lir cahya kabagjaan nu sumirat dina jendèla sawarga. Tapi satuluyna kahirupan jadi poèk. Poèk mongklèng leuwih ti samèmèhna. Sakulawarga ngarènghap ranjug. Jejeritan lir musapir nu diudag iblis nu ka luar dina panto naraka.

Anjeun can tangtu bisa kawas kuring, Sampani, Garniwa, atawa barudak entragan anyar Majalaya. Demi nuturkeun naon nu disebut intuisi, arurang ngarantep baè ka maranèhna nu nganggap hina ka arurang, laju arurang dipiceun jeung hirup katotolonjongan. Tapi ulah pirajeunan ngadiktè pamikiran arurang. Prinsip èta nu mawa bagja keur arurang, najan kapiceun tina lingkungan.

Aya tradisi nu mageran hirup arurang, nu teu meunang dilèngkahan. Wani tèmbong nalika rasa peunggas harepan ngajadikeun ieu dayeuh mingkin pikawatireun: pabrik-pabrik heubeul teu kapakè nu katingalina pikasieuneun, pinuh ku ramat lancah. Bayangan harepan katingali rumek. Iwal jelema-jelema nu ditelah bangkawarah nu narabas ingkah di Majalaya. Cara arinditna ogè susulumputan kawas miceun orok jadah.

Mangkana  masarakat semu hèmeng nalika aya nonoman nu wani narabas jalan hirup nu rumpil. Ijiran maranèhna mah, Sampani tèh ukur ngaladèn di dayeuh nu leuwih gedè. Kitu deui sawangan ka Garniwa di luar negri—ngababu. Mèmang, gawè di dayeuh batur—komo di luar negri—geus sohor ku gajihna nu leuwih gedè, najan jadi kuli atawa babu. Masarakat bangun nu hèlok sabot manggih kanyataan nu pasalia jeung sangkaan. Sampani jadi pagawè nu dipercaya ku yayasan, ari Garniwa mah jadi tenaga ahli di perusahaan manufaktur.

Maranehna remen ngaromongkeun. “Manufaktur naon? Pamohalan! Garniwa paling alus gè gawè di restoran. Bagèan ngagorèng daging babi,” pok saurang lalaki nu meuli roko. Nu boga warung nanggap omonganna, “Sampani, gawè di panti asuhan bisa gancang beunghar. Naon deui ari lain malingan duit sumbangan mah. Tingali kumaha balukarna.”

Tuluy nu lainna marilu ngadèngèkeun. Lalaki begung beuki motah, terus ngayakinkeun yèn manèhna teu ngabohong. Ngabudah ngagogorèng Sampani jeung Garniwa.

Kuring seuri maur nempo aya urut tatu dina ceuli kènca ngagalang kana beuheung jeung taktak. Kuring apal ka jelema gorèng sopak tèh. Budak tukang baso di lembur peuntas. Pantes deuk pinter ngomongkeun kagorèngan. Indung bapana dibui lantaran kagerebeg nyieunan baso eusi daging bagong. Pamajikanna kabur, tuluy kabèjanakeun jadi ublag di Batam. Manèhna gè kungsi jadi kuli bangunan di Abu Dhabi. Dibalikeun lantaran labuh waktu gawè di hiji proyèk apartemen.

Lalaunan, ti tukang, kuring ngarontok taktakna, laju dirames satarikna. Manèhna ngadilak. Beungeutna beureum. Sieun. Mèpèskeun leungeun kuring, laju indit..

Sangsara, tunggara, jeung kanyeuri, siga geus nyupata pangeusi dayeuh. Hèsè rèk ngejat, ogè embung cicingeun. Masarakat bangun nu teu ngarasa bungah tiap panonna neuteup mangsa ka hareup: saprak pabrik-pabrik bogana pribumi kasilih ku pabrik-pabrik bangsa deungeun. Dina jero sirah maranèhna pinuh ku panineungan, najan geus liwat satengah abad, maranèhna masih miharep nguniangna mihanè jeung tustèl.

Masarakat ngadagoan mangsa pikeun nguniang, tapi teu nyaho iraha datangna. Mangkana unggal nampa bèja aya urang Majalaya nu waluya di luar, tangtu bakal dituturkeun. Sampani jeung Garniwa bisa dijieun contoh anyar dina ketak ngalawan supata. Maranèhna resep ngomongkeun Sampani jeung Garniwa. Boh waktu keur di luhur, atawa keur nandangan tunggara.

* * *

Kuring jeung babaturan remen ngabesuk Sampani nu dirawat di rumah sakit. Sakali mangsa, Ibu Rukayah ngahelas, yèn saban peuting calik na korsi nu nyanghareup ka ranjang. Ibu Rukayah ngarasa malakalmaot bakal datang keur nyokot nyawa budakna. Tissu teu jauh dina pananganna. Cisocana ngalimba. Bangun nu euweuh deui nu nyèsa iwal ti kanyeri.

Sampani remen ngalindur ngomongkeun pagawèan nu teu anggeus-anggeus. Mun keur hudang, ngagutrut dina hapè jeung lèktop.

“Didinya geus siga rorongkong hirup,” cekèng tèh bari nyepeng leungeun Sampani nu kari kulit jeung tulang. “Istirahat!”

Tapi Sampani wegah ranggah najan awakna geus payah. Embung èlèh ku panyakit. Sampani nginum manggelas-gelas cihèrang. Teu elat nginum obat-obatan sakumaha resèp ti dokter. Hapè jeung lèktop dipeleketer. Loba map gigireun barang kaperluan nginep. Cingcirining aya pagawèan di rohangan rawat inap.

Nepi ka hiji poè, kuring panggih jeung pimpinan yayasan tempat Sampani mancèn gawè. Aranjeunna sarumping diraksukan batik. Dikopèah. Sumping seja ngabesuk, maparin dunga, ngeupeulan duit, jeung nanyakeun pagawèan nu can anggeus.

Asa dina pilem zombie. Dunya geus pinuh ku zombie. Zombie-zombie nu ngagalaksak ngarogahala. Teu miduli kanyeri, Sampani digawè luhureun ranjang rumah sakit, sedengkeun pigeulang leungeunna masih ditanceban selang infus.

Meureun Sampani ngarasa kahutangan ku bapa-bapa nu dibaratik. Alatan aranjeunna, Sampani naèk harkat, jeung meunang gajih mangtikel-tikel. Sing inget! Duit nu dipakè kaperluan Garniwa salila miluan selèksi jeung pelatihan. Duit jang pangabutuh sapopoè nepi ka ngalunasan hutang ka warung jeung bank kuliling. Jeung imahna—wangunan rèyod di sisi jalan nu geus heubeul jeung ampir rugrug—salin rupa jadi gaya modern minimalis. Imah nu boga lotèng supaya indungna teu moè di sisi jalan atawa milu ka tatangga.

Ayeuna mah sakabèhna matak pikasediheun. Geus tilu bulan. Kaayaan Sampani teu nèmbongkeun hasil nu nyugemakeun. Panyakitna beuki parah. Saha waè nu nèmpo Sampani bakal ngangres: celong, karenyod, buuk cawigwig. Tapi Sampani bisa narima kaayaan. Geus biasa nyorangan. Ngerem di kamar. Mangbulan-bulan. Bapa-bapa nu dibaratik geus mopohokeun. Geus arang nu ngalongok. Geus pada ngaromongkeun yèn umur Sampani moal lila deui.

Sampani geus dipiceun. Manèhna gè ngarumasakeun, nepi ka nitah kuring sangkan ulah nanyakeun deui kabarna. Tapi kuring angger sok ngalongok, jeung ngadèngèkeun manèhna ngedalkeun rasa susah, kuciwa, nyeri. Tunggara nu teu eureun nandasa, nepi ka bijil omongan nu matak nurih mamaras rasa, “kuring asa mending maot batan diganggayong.”

Cipanon ngalèmbèrèh sabot kalimah èta bijil tina sela biwirna nu ngageter. Liwat sorot panonna nu ceuleuyeu, kuring nempo geus euweuh deui nu bisa dipuluk: Ibu Rukayah geus cape nangis, Pa Dalimin geus ngulampreh tina ihtiar nèangan duit piubareun. Jeung jauh di negri deungeun—negri nu indah, tartib, jeung raharja—kabèjanakeun Garniwa ditandasa ku batur sanagara lantaran jabatanna leuwih luhur di perusahaan.

* * *

Majalaya, 17 Maret 2017

Katerangan:

Seratan ieu kantos medal di Manglé No. 2626.