Nasution Co

Mojang Dusun Meledug

Ku Mhd. Rustandi Kartakusuma

SYLVIA masih di kamar mandi, waktu Kang Har datang. Ari kuring keur diuk dina jandela, nempo ka nu lalar liwat di jalan. Barang katempo Kang Har, barang jrut kuring turun. Encan lancar waé niru tingkah polah Sylvia nu sarwa lincah téh, turun tina jandela téh ku tina masih éra, awéwé kikituan. Padahal kitu kuduna, ari hayang disebut mojang moderen mah.

Soloyong Impala ngageleser abus ka pakarangan, teu sakara-kara, masing panto pager heureut ogé. Dasar Kang Har mah pinter nyupiranana. Ah, da Kang Har mah pinter sagala-gala wé. Manéhna henteu tuluy ka luar tina mobil. Tetep wé diuk di jero, heug melong ka kuring sajongjongan. Rey beungeut asa euceuy direrab ku kaéra. Bisa jadi katénjoeun ku Kang Har, tadi diuk dina bangbarung jandela téh. Heug dianggapna jalingkak kawas lalaki. Ah, naha? Kapan jaman ayeuna mah, jaman emansipasi jeung moderen, awéwé téh sarua wé jeung lalaki. Sylvia ogé ilahar diuk dina bangbarung jandéla. Puguh nyonto Sylvia, da Sylvia puguh mojang moderen. Komo manéhna mah, upama diuk dina jandéla téh bari nangkeup tuur nanaon. Sakapeung da mani ….! Mun seug Mama sumping ti Cijambu, ningali kuring — lin, putrana nu istri — kikituanan, euleuh meureun kapiuhan. Jadi na maké éra sagala ka Kang Har?

Panon males neuteup ka panonna. Nyah imutna ngagelenyu. Neg si imut nyigeung kana hulu angen; ambekan ngarenghap. Diimutan ku Kang Har mah asa ngadéngé Cianjuran. Ni’mat aya, hayang ceurik aya. Wararaas rasa di ati.

“Damel naon lin téh?” Kang Har nanya. “Na bet ngadaweung baé katingalna téh?”

“Ah, henteu”.

Ari hayangna mah hayang, ngawalonan ku omongan nu panjang, nu ngaruntuy. Tapi éta kekecapan, henteu daékeun baé barijil. Henteu kawas Sylvia. Sylvia mah ari ngomong, lir ibarat cat meunang montengkeun, ngagolontor. Haneuteun ari aya Sylvia téh.

“Dupi Syl tos gugah?”

“Tuh geuning, enya we. Kang Har datangna rek ka Sylvia, lain ka kuring, lain ka lin. Tapi unggal-unggal Si lin mah bodo, belegug béak karep, méakeun batur; hayoh nyangka, Kang Har rék manggihan manehna. Dasar Si Kabayan awéwéna Si Iin mah.

“Nuju ibak,” jawab kuring. Disambung: “Mangga atuh ka lebet!”

Koléséd Kang Har turun tina mobil. Saméméh naék ka téras, ngarandeg, pék nyeungeut roko. Sirahna tungkul kana panékér — Ronson, lin gé terang, lah! Priya nyesep, nyeuseup haseup nepi ka tungtung bayah, dikebulkeun kaluar nepi ka béakna pisan hawa ambekan …. mungguh matak kataji. Dina lebah priyana Kang Har, (Ir. Djuhari, ahli fisika nuklir), …. mungguh matak kapincut, kairut, ka sengsrem. Kang Har téh hiji jajaka nu keur diudag ku mojang sa-Bandung. Nenjo Kang Har ngaroko téh, mun aya kawanter mah sakeclak dua keclak, hayang ngomong kieu: “Kang Har téh ku gagah teuing. Kang Har meureun manuk dadali téh, nya?” Tanwandé imut deui Kang Har ngadéngé kuring noroweco kitu téh.

Tapi sungut teu lemek teu nyarék. Manuk dadali teu imut teu naon.

Jut Kang Har ka teras, bus ka jero imah. Ngadeukeutan. Tapi kuring ingkah, gek diuk dina otoman. Teu nyaho ku naon ingkah, dideukeutan ku Kang Har téh, padahal di satungkebing dunya euweuh hiji tempat nu leuwih nengtremkeun kana haté, iwal ti di deukeutna.

“Ku asa gumbira pisan Sylvia dinten ieu, nya? Dangukeun geura nyanyina”, cék Kang Har.

Ceuli ngadéngékeun sajongjongan. “Oh, kiss me and fondle me, dear“. (Cing kuring cium, deudeuh, cing kuring usapan), haleuang Sylvia.

“Sylvia mah unggal-unggal gumbira,” kuring ngawalon, tuluy ngabetem, cicing. Kang Har ngelepus.

Dina ngawangkong, kabisa téh ngan ngawalon. Henteu bisa ngamimitian hiji poko gunem catur. Henteu bisa boga pokal. Séjén jeung Sylvia téh. Sylvia mah aléwoh, éstu matak haneuteun, matak betah nu nyemah. Kabisa kuring ngajawab atawa … paheneng-heneng.

Haté mimiti teu cicing. Tapi untung, jebul Sylvia ka luar ti kamar mandi. Bari héhéotan, ngaandukan buuk, tas diangir. Waktu nénjo Kang Har, nyéh ngagelenyu atoh. Pokna:

“Hay, Harry! Kumaha béjana ti wangkid peuting tadi? Ari Syl mah nembé gugah. Kedul, nya? Sakitu gé mokaha, dangsa totbray. Mana Sam? Henteu ka dieu? Cenah badé?”

“Mun enya rék diajak mah, urang papag wé engké,” ceuk Kang Har.

“Raos, nya Kang Har, band The Buahbatu Brother di bumi Sangkuriang tadi wengi. Carioskeun geura ka lin, sugan wé kabitaeun, heug engké daékeun diajak. Lah, ieu buuk, ku asa hareuras. Shampoo ayeuna mah arang langka nu saé téh. Trompetisna sapertos Lois Armastrong, nya? Hebat, déh, bangse kite! Permios heula, nya badé dibaju”.

Bus Sylvia ka kamar, tapi pantona henteu ditutupkeun pisan, kawasna supaya bisa milu ngobrol. Cek Kang Har ka kuring:

“Leres saé band nu kamari mah. Hanjakal; lin teu ngiring. Upami ngadangu band éta mah, moal boa kataji”.

Sylvia nyambungan ti jero, pok-pokanana teu pati puguh, da éta kawasna keur ngégél harnal atawa sisir:

“Asa enya dancing into heaven jeung The Buahbatu Brothers mah, In! Nya Kang Har.” “Sae, In, leres! Tapi lin mah teu resep dangsa, nya?”

Sungut ngajawab ku gerentes nu teu puguh alang ujurna. (lajengkeuneun)