Inget harita téh taun 90-an. Kuring karék jadi mahasiswa anyar di salahsahiji paguron luhur nu aya di Bandung. Nya biasa, mahasiswa anyar mah ngalaman acara ospek, atawa acara pengenalan kampus téa. Rupa-rupa tugas jeung kagiatan nu kudu dilaksanakeun ku mahasiswa anyar.
Harita téh geus waktuna istirahat, da geus deukeut ka lohor. Bring jeung babaturan ka masjid. Réngsé solat beuteung kukurubukan ménta eusi. Tuluy kuring turun ti lantéy dua, da kabeneran keur jamaah awéwé mah solatna di dinya. Lakadalah, kabeneran aya tukang siomay nu keur keur eureun deukeut teras masjid. Nya kuring mesen siomay saporsi.
Keur ngeunah-ngeunah dahar siomay, di teras masjid, bari jeung digeberan ku angin nu ngahiliwir, jol beretek Si Mamang siomay lumpat, bari nanggung daganganana. Kuring kagét, gancang ngudag Si Mamang, bari mamawa piring nu masih kénéh aya siomayna. Si Mamang kalah beuki tarik lumpatna, kuring gé, milu tarik lumpat, bari mang-mangan. Mangkaning jalan téh nanjak deuih. Kakara eureun, Si Mamang téh deukeut Fakultas FPMIFA. Haduh lumayan capé yeuh. Kuring mikeun piring bari hahéhoh.
“Kunaon Mang, maké lumpat?’
“Ih, Néng, Emang téh sieun ku keamanan di masjid, pan teu kéngéng icalan di dinya. Matak rentang-rentang aya jalmina, Emang langsung kabur,”
“Paingan atuh, ari kitu mah, ngan abdina meni reuwas, sugan téh, aya naon.”
“Hapunten nya, Néng, janten ngiring capé.” ceuk manéhna bari mikeun pamulangan.
Geus mikeun piring mah, kuring ngalénghoy deui muru masjid, rék nyampeurkeun babaturan.
Saumur-umur, Kakaraeun dahar siomay bari capéna nataku.
Mimin Wiati
Jatibening – Kota Bekasi