Nasution Co

Mojang Dusun Meledug (2)

Ku Mhd. Rustandi Kartakusuma

Lain teu hayang, lain teu bisa, dangsa téh. Tapi éta ceuli, teu daék baé betah ngadéngé musikna. Da ari kana degung jeung cianjuran mah, si ceuli téh daék ngadéngékeun, tara baha, bakuna éta deuih dangsa téh ku asa jarijipen, awak ditatangkeup, di keukeuweuk ku lalaki; diadu-adukeun, digasruk-gasrukeun kana awakna. Ceuk Sylvia mah, puguh di dinya, nyem-nyemna téh. Ah, kuring mah, éta meureun pédah mojang atikan baheula kénéh, dusun meledug, can bisa kikituan téh, masing hayang dihayang-hayangkeun ogé. Nya iraha atuh, manéh mah anak “underdeveloped country” téh! Boro-boro dadangsaan. Disebut “Ina”, “Ine” atawa “Ineke”, atawa deuih “Ince” ogé, asa naringnang kénéh baé. Padahal éta téh ngaran moderen, ari “lin” mah ngaran kuno, ngaran nu jauh ka bedug.

Deg haté ngarénjag. Sylvia ngagero ti jero, nanya ka Kang Har.

“Har! Rék ka mana urang piknik poé ieu téh? Inget kénéh? Tadi peuting encan sapagodos tina hal ka mana-manana.”

“Sapagodos mah enggeus”, walon Kang Har, “enya éta masrahkeun ka lin nangtukeun tujuan piknik.”

“Masrahkeun ka abdi?” cekéng, kerung ku héran.

“Aéh, enya wé!” jawab Sylvia bari surak. “He-eh, In, lin kudu milu, daék teu daék. Daék sukur, teu daék bakal dipaksa. Cing olo kadinyah, Har! Sing aya guam atuh. Ulah ieu mah cicing baé. Cing bantuan ngamodérenkeun lin. Geus modern mah, geura, moal teu tamplok sa-Bandung ka imah ieu, nganjing cai. Iin gé hayangeunana mah hayangeun jadi mojang modéren téh. Ngan kitu téa baé, masih rada gejed kénéh. Ongkoh hayang — da kudu téa, nya Har? — Ongkoh éra, sieun asa-asa jarijipen …. ah, sagala rupa wé lin mah, cindekna.”

Sylvia nu tadi nongol tina panto, kajero deui.

Poé ieu, Ahad, pasinina rék piknik. Kamari soré gé geus pok deui baé ditanya: “Rék milu, In? Hayu, milu!” Tapi pangajak ditolak. Lain sapedah jarijipen, da piknik mah henteu nanaon, masing enya ogé kalangenan modéren. Éta cenah sok aya kajadian mojang piknik, dua tilu bulan saentasna beuteungna bungkiang kawas nu medu …. éta mah bisa disinglar.

Haté seuri saeutik. Kolot baheula gé sok rajeun “piknik”. Mama upamana. “Piknik” na nya ka makam Sunan Gunung Jati. Mun seug Sylvia ka dinya, hahaleuangan ….

Pangajak ditolak téh lain pedah sieun ngagokan ka Sylvia jeung … Kang Har da éta moal tiluan inditna. Lukman gé bakal milu. Ogé pédah lain teu resep ka Lukman atawa …. jeung Lukman. Komo ayeuna mah, Sam ogé kapan rék diajak tadi cenah.

Lain ku kitu, lain ku kieu, embung milu téh. Ngan éta waé, taeun, duka naon atuh, nya kitu téa wé. Éta waé, taeun, duka naon atuh, nya kitu téa wé.

Pok Kang Har ngomong:

“Henteu bisa, ngolo téh, Kang Har mah. Euweuh topek kana jadi diplomat. Jeungna deui, lin tanwandé nyahoeun sorangan, naon kahayangna, sakumaha lin nyahoeun, yén urang saréréa mikahayang pisan, manéhna milu.”

Panon hayang ngarérét, tapi ditahan. Ngan haté melong ka Kang Har. Sorana ngandung nada nu kakara harita kadéngéna. Ngomongna rada ngaharéwos, kawas nu hayang kadéngé ku kuring wungkul, padahal ari “resmi”na mah gunem caturna téh jeung Sylvia.

“Jadi piknik téh teu acan tangtu ka mana-manana?” tanya kuring ogé rada ngaharéwos.

“Naon In? Cing sing tarik nyarios téh!” cék Sylvia kitu téh. Asa kaperego. Padahal ngaharéwos téh lain dihaja, kabawakeun ku Kang Har. Pertanyaan tadi dibalikan deui. Dijawab ku Sylvia. Encan cenah, encan nyaho rék ka mana-manana. Da éta sakabéh tempat piknik sing sarwa éndah, moal bosen ngadatanganana: Tangkuban Parahu, Talaga Bodas, Cipanas Tarogong (ngeunah ngeueum awak, sehat!), basisir Pangandaran, Pameungpeuk, Palabuan Ratu …. Kuring urang gunung, resep ka nu euweuh di gunung: laut. Unggal diajak nganjang dibawa ka Jakarta ku Mama, sok ngurihit ka Mang Danu, hayang dibawa ka Cilingcing. Keur diri sadirieun mah, euweuh hiji kalangenan nu ni’matna saperti icikibung dina lambak laut. Beuki gedé lambakna, beuki matak pogot. Bi Danu mah sok salempangeun pisan ningali kuring di laut téh.

“Kumaha upama ka Palabuan Ratu baé?” cek kuring. Cék haté: Mmh, ku kayungyun, Neng lin, aya kawanter milu ngobrol jeung ngamajukeun usul sagala rupa. Dapon kitu téh pok pisan:

“Ah, duka teuing ketang. Barina gé Iin mah moal ngiring”, geus ger surak mantén Sylvia.

“Saha deui nu rék diajak, In? Sam atawa Luk, atawa Teddy, Max, Doddy …. ka saha atuh bogoh téh? Wakca!”

Mani asa teu beungeutan. Cacakan mun deukeut, mo burung teu kulit cakcakan leungeun Sylvia diciwit. Nyaho, nyahona mah, mojang modéren téh bébas, laluasa, boh dina omongan, boh dina tingkah laku. Tapi da …. poksang kitu téh asa kasar kénéh baé.

Sylvia nanya: “Saha nu rék diajak téh, In ceuk lin?”

“Teu langkung”, jawab kuring. Da Iin mah barina gé ….”

Sam wé, nya In, Si Gembru?” Sylvia megat kalimah. “Bogoh henteu ka Sam? Lain biasana mah, nu lenjang sok bogoh ka nu bohono?” (lajengkeuneun)