Nasution Co

Ku Dewi Wiati Sastra Atmadja

Meni hoyong saleresna mah ngukut eméng di rorompok. Kantos éta ogé nyuhunkeun ka mamah, ngawidian mamah mah, mung papah henteu. Teu patos resepeun ka eméng téh. “Gareuleuh. Rujit sok lutuk-létak kana emameun!” caram papah. Hanjelu saleresna mah. Kabita tuda ningal Néng Sani, nu ngukut eméng jenis Anggora di bumina. Jabrig. Cawigwig pinuh ku bulu. Bodas beresih. Luis. Bubuhan hadé urus. Si Willy namina téh. Jalu, “dinamian Willy téh ambéh gaya” sur Néng Sani téh. Pami abi amengan ka bumi Néng Sani, Si Willy tos wanoheun deui. Geuwat ngabagéakeun. Méméongan teu lirén bari ngagaléntoran sampéan. Teras muih. Tos dipangku bari diusapan hulu sareng dihandapeun angkeutna karak jempé. Kawas orok waé. Ogo. Heu heu heu. Sur mamah Néng Sani téh: “peka” cenah. Sanajan sato, Si Willy tiasa ngabéntenkeun, mana nu nyaah sareng henteu ka manéhna. Willy. Willy. Gemes. Kahoyong mah disun bari dikuwek-kuwek. Ngan sok dicaram ku mamah. “Teu kénging sok ngesun eméng, bilih buluna lebet kana pangambung. Bisi gaduh kasawat mengi.” Saurna téh.

Si Willy eméng nu nuju kumincir. Ku abi sareng Néng Sani sok ngahaja diajak ameng. Dioconan, ku nyéré nu dirarawisan ku tali rapia atanapi lalamakan tilas. Sesebétan sésa-sésa pamotongan kaén. Seueur di bumi Néng Sani mah, apan mamahna téh tukang jait. Samalah mamah, papah sareng abi, pami ngadamel acuk téh sok ku mamahna Néng Sani. Raoseun. Tiasaan deuih ngalarapkeun modélna. Matak kéwes dianggona téh. Resep mun ngoconan Si Willy mah. Gabrug ka ditu, gabrug ka dieu. Tereleng lumpat, sakapeung gugulitikan. Ngungudag nyéré nu diulang-ulang ku abi atanapi ku Néng Sani. Abi sareng Néng Sani ngehkey nyeungseurikeun. Sok dugi ka nyeri kulit beuteung. Cireumbayan. Bakat ku kagugu ku polah Si Willy.

Tos aya saminggonna, abi teu ameng ka bumina Néng Sani. Da nuju ulangan. Janten kedah soson-soson ngapalkeun. Ambéh peunteunna teu nguciwakeun. Saraé. Pasosonten, Néng Sani nelepon bari rawah-riwih. Ngawartosan yén Si Willy paéh. Asa percanten teu percanten ngupingna ogé. Reuwas meni asa diheulang. Ngahuleng sakedapan mah, citangis teu karaos merebey masihan damis. Lungsé. Teu aya tangan pangawasa. Si Willy Paéh. Kagéléng mobil dongklak nu uih ti proyék. Sur Néng Sani mah aya tamu uih, nu tos ngajait rupina mah, hilapeun meureun teu nutupan panto pager. Pager molongo, Si Willy nelenyeng ka jalan. Meuntas. Torojol mobil nu nyemprung ti béh kalér. Apan bumi Néng Sani mah di sisi jalan pisan. Ramé deuih, mobil sareng motor teu lirén lalar-liwat. Saatos reureuh tina kareuwas. Abi teras wé ngaderegdeg, lumpat ka bumina Néng Sani. Hoyong ningal Si Willy. Gabrug téh Néng Sani ngagabrug. Ngagukguk dina taktak. Tong Boro Néng Sani, nu sadidinten ngurus. Dalah abi ogé nu teu ngurus asa leungiteun. Tos ragrag nyaah tuda ka Si Willy téh. Tungtungna mah duaan paungku-ungku. 

Tos réngsé diurus ku Mamang Supir nu nabrakna, Si Willy dikuburkeun di pengkereun bumi Néng Sani. Dina handapeun tangkal peuteuy. Naha cenah bet ku Mamang Supir diurusna? Apan sok aya kasebatkeun mun nu ngagéléng eméng dugi ka paéh, kedah tanggel waler ngurus dugi ka réngséna. “Sok keuna ku mamala,” cenah saur sepuh mah. Muhun apan eméng téh sato kakasih Kanjeng Nabi. Matak pantes langkung punjul ti batan sato nu lian.

“Pileuleuyan Willy, mugia anjeun bagja di kalanggengan.”

Malangbong, Garut.

Katerangan:

Seratan ieu kantos medal di Mangle no. 2762.