Nasution Co

Ku Firda Aulia

Tio gègètrét. Saawak-awakna jol karasaeun renyem arateul. 

Buku-buku nu ngabarak dina kasur dipelong hiji-hiji. Buku kumpulan rumus, buku latihan soal, buku cara menghitung cepat, jeung buku-buku sèjènna. Bet kawas bebegig nu rék ngerekeb. Geuwat Tio luncat. Awakna ngadègdèg. Tio meungpeunan beungeutna bari ngabangingik di juru kamar.  

Tios ras ka mangsa keur leutik. Bapana ngacung-ngacung panyeprèt.

“Mun peunteun matèmatika teu sapuluh, ulah balik siah!” pokna, sapeupeuting nangtung gigireunana. Nungguan manèhna ngapalkeun bari sakapeung hahaok, nerangkeun naon nu teu kaharti ku Tio.

Indungna nyérangkeun di juru kamar bari cirambay.

“Hidep anak lalaki, kudu jadi kareueus kulawarga. Kulawarga Ayah téh dokter kabéh. Mun jaga hidep teu asup fakultas kedokteran, dicorét tina daftar kartu keluarga siah!”

Tio murengked. Awakna ngadadak karasa muriang. Tuluy saawak-awak karasa renyem, tapi teu wani gagaro. Leungeunna pageuh nyekel paltot. Panonna nu geus nundutan gè dibelél-belél ngarah beunta.

Isukna basa ulangan matèmatika di SD, Tio kalah kasarèan da ngapalkeun nepi ka janari. Peureum ukur sakerejep da gegebegan baé. Boro-boro meunang peunteun saratus, soal gé teu kaeusian sawaréh. 

Geus kajudi mun balik mawa keretas ulangan peunteun genep, bapana bakal pisakumahaeun murkana. Kapaksa aprak-aprakan, teu wanieun balik. Nuturkeun indung suku, ngalèngkah ka mana boa bari ngalamun. Ngabayangkeun kumaha mun panggih jeung bapana? Kumaha mun ditalian deui dina tangkal buah bari diparak? Kumaha mun disampakkeun paneunggeul? Kumaha mun…

Tidiiiiid… teuing ti mana datangna, motor nabrak awakna nu ceking nepi ka ngagubrag, baloboran getih.

Jung nangtung. Ras ka bapana, bisi kaburu datang. Kumaha mun nyahoeun poè ieu can ngapalkeun? Buku-buku nu ngabarak dina ranjang rumah sakit dipelong hiji-hiji. Dibukaan bari ngadègdèg. 

Kulutrak panto kamar ruang isolasi aya nu muka. Suster Réni asup bari ngasongkeun imut.

“Kènging nambut buku-bukuna?”

Tio gogodeg tarik. Tuluy mèrènan buku-bukuna. Ditangkeup pageuh.

“Enjing ulangan matèmatika…” gerentesna bari gègétrét. Awakna karasaeun renyem deui, saban-saban aya kahariwang kituna téh.

“Sanès, énjing mah lomba ngadongèng,” suster Réni ngadeukeutan.

“Urang maca nu ieu yeuh, bakal ramé geura. Petualangan Dooly téa. Kamari pan tos bérès jilid dalapan. Ayeuna urang teraskeun kana jilid salapan,” pokna bari ngacung-ngacung komik kandel nu dibawana.

Gék dina sisi ranjang.

Tio neuteup suster Réni nu teu welèh sabar nyanghareupanana. Seragamna biru sahéab, ngahiliwir seungit molto. Biwirna tara leupas miguraan imut. Ah paling gè umurna teu gèsèh jauh jeung Tio. Tio sok ngarasa tingtrim mun suster Réni datang. Bet resep ku bageurna, rapèkan. 

Cara ayeuna, suster Réni daria macakeun komik petualangan Dooly, komik nu populer di Koréa. Ngahaja suster Réni milih komik beunangna Kim Soo Jung ieu téh lain ku lègég pèdah ayeuna keur usum drakor.  Tapi apan komik nu tokohna anak dinosaurus ieu mèré kasadaran ngeunaan nilèy-niléy kulawarga, kasatiaan, kanyaah, jeung sosobatan. Cocog pisan sakalian therapy keur Tio. 

Tio nu ayeuna geus mangkak rumaja, alam pikiranana mah kabui kènéh dina mangsa keur budak. Matak pantes mun resep kènéh didongèngan, da awak jangkung gedèna jeung kumis ipisna mah ukur késing.

Teu karasaeun, Tio kasarèan sabada dipangmacakeun komik. Suster Réni mérènan buku-bukuna. Diteundeun dina mèja leutik katuhueun ranjang. 

Kahayang mah miceunan buku-buku pelajaran nu geus mangtaun-taun dikucumel. Tapi Panyakit Alexythimia Tio bakal kanceuh mun teu nempo buku-buku pelajaran èta. Tio bakal gegerendengan, kudu ngapalkeun cenah, sabab isukan rèk ulangan matèmatika. Awakna bakal ngadégdèg hèbat. Tio bakal gègétrèt nepi ka garetihan kakaut ku kukuna sorangan.  

Saméméh ngiles ninggalkeun kamarna, suster Réni neuteup deui nu keur ngageubra. Bangun nu deudeuh.

Di rohangan husus dokter jaga, kasampak  geus aya indungna disanghareupan ku dokter Gunardi, Sp. KJ. Psikiatri nu nyekel Tio ti saprak asup tujuh taun kalarung.

“Bagaimana kondisinya sekarang, dok?”

“Masih harus diberi Fluvoksamin inhibator reuptake serotonim utk mengobati gangguan obsesif komfulsifnya.”

“Berapa lama lagi kira-kira bisa sembuh total?”

“Tergantung sebesar apa Noradrenalinnya menyimpan kenangan buruk. Kita masih terus berusaha menggantikannya dengan membangkitkan Beta endorfin yang membantu menyimpan kenangan indah dengan therapy ringan seperti membacakan dongèng.”

Indungna ngaheruk, asa can mèrè kenangan nu alus basa Tio keur budak. Macakeun dongéng? Nu aya gè ngajojoét kertas ulanganana mun peunteunna goréng. Mangsa-mangsa keur leutikna dieusi ku ngapalkeun, ngapalkeun, jeung ngapalkeun bari diancam. Ayeuna mangtaun-taun Tio kalah cicing di Rumah Sakit Jiwa, lain ka fakuktas kedokteran.

Ras ka salakina, “Teu kudu dilongokan waè, urang mah geus teu boga anak ngaran Tio. Ieu wè Tia didik nu hadè ngarah bisa jadi dokter!” ngusapan Tia, nu kakara taun ieu asup TK.

“Saha nu badè ka payun nyarioskeun cita-cita?” ceuk bu guru TK.

Tia ngacung.

Di hareup, Tia cacarita, panonna cahayaan, “Tia mah hoyong janten dokter sapertos Ayah. Dokter téh hèbat saur ayah gè, tiasa ngalandongan nu teu damang. Padamelan anu mulya.”

“Waaah… Leres pisan, saé janten dokter téh. Supados janten dokter urang kedah kumaha?”

“Kedah ngapalkeun nu leres, nileyna kedah saé. Upami nilèyna arawon, ayah bakal nyeprét, Tia teu kénging jajan, teu kénging emam, teu kènging janten anak Ayah,” tèmbalna norowélang.

Bu guru olohok.

Katerangan:

Seratan ieu kantos medal di Mangle no. 2759.