Nasution Co

Hikmah Kurang Duit

Ku Tata Sentosa

Panan aya babasan melak cabé jadi cabé, melak bonténg jadi bonténg. Kahadéan nu dipilampah bakal ngadatangkeun kahadéan keur diri sorangan. Kitu deui sabalikna. Nu matak dina kaayaan kumaha ogé kuring mah ngabiasakeun infak.

Lain sing hayang ria, ujub, atawa takabur, kuring mah unggal magrib téh sok ngasupkeun duit kana kéncléng masjid. Henteu gedé—enya matak teu hayang disebut ria gé. Tapi di sagigireun sok ngéncléng téh, kuring gé boga kabiasaan séjén. Mun tas solat magrib ti masjid téh sok terus meuli sangu.

Adan magrib geus bérés. Rada elat da biasana saacan ngong téh geus persiapan. Tapi saacan indit ka masjid, kuring ngasupkeun dua lambar duit kana saku kamprét. Salambar dua puluh rébu, jeung salambar deui dua rébu. Apal meureun nu diasupkeun kana kéncléng masjid téh nu mana? Enya nu leutikna, da nu gedéna mah keur kana beuteung, hihi.

Alatan elat, ti kajauhan kuring ngadéngé jamaah geus nyebut, ‘Aamiin,’. Kuring nereleng, sendal dilaan, gancang ngama’mum. Teu poho ngasupkeun heula duit kana kéncléng. Alhamdulillah teu masbuk. Rinéh ngawirid, diteruskeun solat sunah rowatib.

Satutas ti masjid, kuring indit ka warung padang. Biasa langganan aya nasi padang serba sabelas rébu. Nya ngeunah, nya loba. Jaba bisa milih deungeunna, asal ulah leuwih ti hiji. Enya pan geus ditambahan ku lalab, sayur nangka, jeung sambel.

“Sabaraha?” najan geus mindeng meuli gé angger wé sok formalitas.

“Sebelas ribu,”

Song duit. Sabari ngadagoan dipulangan téh kuring nempo ti kajauhan, remeng-remeng asa nempo wanoja nu degdeganan teu bireuk. Merhatikeun téh lumayan rada lila. Tapi si Abang téh teu ngasongkeun waé pulangan. Nya kuring ngarérét, ana gebeg téh, si Abang némbongkeun duit dua rébu.

“Uangnya kurang, Kang,”

Atuh kuring capa-cipi. Boa nu diasupkeun téh duit dua puluh rébu lain nu dua rébu. Kapan asal dudut wé, jaba sakalérétan mah sarua keur mah di nu poék.

“Aduh siah, kumaha nya…” kuring bingung. Deuk mikeun KTP da sidik pan teu mawa dompét. Rék dibalikkeun deui asa piraku. Atawa duitna engké deui? Bakal percayaeun kitu? Masing kuring mindeng meuli sangu gé da teu wawuh, jaba tara patanya.

“Bang, dibungkus dua, dua-duanya paké ayam balado…” jol téh sora nu enya geus teu bireuk deui dina dédéngéan. Manéhna ngarérét, nya paadu teuteup. “Tito…?”

Keur bingung téh katambah ku geumpeur. Ukur ditémbal imut jeung euh… ééhhh.. héhé.

“Mésér sangu ogé?”

“Muhun Fani, tapi… eeuhhh…”

Fani nelek-nelek. Katembong aya rasa hémeng dina rindatna. Bangun nu surti palastik sangu kuring can kabayar.

“Sudah, Néng…” asa gancang ngaladangan téh.

“Jadi berapa?”

“Mau sekalian dibayarin yang punya temennya?” pokna téh bari ngarérét ka kuring.

Duh ingah ngaruksak réputasi hareupeun popotongan.

“Iyah sekalian.” Sanggap Fani. Sanggeus ngadéngé mah ngasongkeun duit salambar lima puluh rébu.

“Fani, nuhun. Katulungan. Duh isin,” mun seug téa mah boga élmu gang, geus hayang ngaliang.

“Wios teu nanaon. Kawas ka saha waé,” témbalna téh bari imut.

Kawas ka saha? Enya ka popotongan.

“Kembaliannya, Néng. Terima kasih,”

Fani nampa duit pamulangan. Laju indit. “Tito ka arah mana uihna?”

Kuring nuduhkeun ka kénca. “Fani ka arah mana? Sareng naha mésér dua?”

“Ka katuhu Fani mah. Enya, ieu mésér sareng kanggo pun lanceuk. Nuju teu damang.”

Jol aya nu nyangkoyot na ati satuas ngadéngé ‘pun lanceuk’. Kaduhung nanya.

Katerangan:

Seratan ieu parantos medal di Manglé no. 2767