Ku Mhd. Rustandi Kartakusuma
Saméméh kuring ngajawab, geus dipiheulaan deui wé ku Kang Har, nu ti tadi ngan ngaheneng baé:
“Dua mojang jeung tilu priya? Saluyu, In? Moal muncul pacogrégan minorita. Kang Har?”
“Lukman bakal atoheun pisan, lamun tulus diajak”.
Kuring nyela:
“Badé indit ayeuna-ayeuna, enjing-enjing kénéh?”
“Langkung enjing, langkung saé”, jawab Kang Har. “Geura gentos atuh acukna. Atanapi badé nganggé daster baé, saé; teu langkung”.
Cék batur mah meureun teu nyari heureuyna Kang Har kitu téh. Tapi kuring mah ngagelenyu, asa kayungyun.
“Da Iin mah moal ngiring,” cék kuring, tapi dina haté baé, teu dikedalkeun. Kuring cicing henteu ingkah tina tempat diuk.
Kang Har ngajawab ku panon:
“Moal ngiring? Naha?”
“Duka. Moal wee!” walon haté.
“Tong kitu. Hayu ngiring.”
“Ah, asa sararangheuk!”
“Hih, hayuu! Kapan Kang har nu ngajak.”
“Kang Har nu ngajak téh?”
“Kang Har.”
“Ngajak ka saha? Ka Sylvia atawa ka lin?”
Palebah dieu panon Kang Har teu ngajawab. Bati ngagenclang baé, lir cai di talaga gunung. Jero, geueumeun, tapi badan hayang ancrub, da bet jol rasa jadi lauk cai. Keur lauk cai mah, betah temen nganjrek di talaga nu sakitu hérangna, jerona jeung geueumeunana. Geueumeun bangun can kasorang ku manusa, kajorag ku mahluk biasa.
“Ngiring baé lin téh kitu?” Ayeuna mah pertanyaan téh kedal. Tapi ayeuna mah Kang Har teu ngawalonan, boh ku letah, boh ku panon. Talaga téh tengtrem waé, euweuh angin nu nebak caina. Tapi geueumeunana beuki nambahan. Sanget matak muriding bulu punduk. Tapi da kuring mah lauk cai.
“Geura diacuk!” ceuk Kang Har. Keleyed badan nangtung, asa tanpa kabayang sorangan, asa aya nu ngadalikeun, nyetiran; asa aya nu nangtungkeun, nu nginditkeun ka kamar.
“Nganggé acukna nu kayas téa geuning!” cék Kang Har. Sungut teu némbalan, badan ngajanteng sajongjongan, geus kitu bus abus.
Sylvia di kamar kulem ramana, Mang Nata kokoréh dina laci ibuna. Néangan lipstik meureun.
Leungeun muka lomari, néangan baju kayas. Baju dikana pipikeun, bari panon dipeureumkeun. Geuning manéh, kayas, nu dipikaresep ku Kang Har téh. (Jeung ku teu asa-asa éta Kang Har. Anggé nu kayas téa cenah). Padahal manéhna téh sakitu basajanna. Henteu ari kuno mah, ngan basajan. Henteu némbongkeun orat henteu naon. Nyolong badé manéh mah, kayas! Atawa Kang Har nu nyolong badé téh, bet resep baju nu basajan, henteu moderen, henteu nyolok mata? Na naon nu aya dina dasar talaga anu can kajorag ku manusa téh? Henteu pamohalan mun inten berlian, emas perak, jambrud mutiara!
Sylvia kaluar ti kamer ibuna, tos nganggé jengki: sportip, lancar; lemes, lesang kalawan mararunel.
“Moal enya In, piknik nganggé nu kitu? Piknik nganggé nu kitu mah kabiasaan abad jahiliah.
“Ah, keun baé. Rék jajahiliahan wé lin mah!” Kadéngé deui ku haté. Nganggena nu kayas téa acuk téh!
“Ari goréng sih henteu. Kewes malah. Ngan kurang merenah wé dina piknik mah.”
Badan ditangkeup ku Sylvia ti tukang bari pok nanya:
“Iin téh bogoh ka saha? Ka Sam bogoh?”
“Duka ah!”
“Ka Lukie?”
“Duka! Duka!”
“Ka Kang Har?”
“Tong turas-taros kitu atuh, Syl.”
Pipi diengo ku Sylvia. Pokna deui:
“Iin téh geulis. Ngan geulis primitip. Lamun geus moderen mah ieuh geura.” Sylvia ngojengkang nyokot lipstik. “Leuwih salaras warnana. Tanggung kissproof!”
“Kissproof? Naon ari kissproof téh?”
“Duh bingung, kayungyun ku doclona lin téh. Har! Ka dieu geura!” Sylvia nyalukan Kang Har. Kuring meh-meh ngajerit:
“Entong lin nuju diacuk”. Panto dikoncikeun ku kuring.
“Aya naon Kang Har nanya di balik panto.
“lin nanya naon cenah ari kissproof téh? Urang sina diécéskeun ku Sam, nya, engké?”
Kang Har henteu ngajawab, kuring nganggeuskeun dibaju. Baju kayas. Keur kusuwal-kusiwel dibaju inget, Kang Har teu dibéré cai-cai acan. Ah, keun baé, da sakeudeung ieuh. Ayeuna gé rék indit pisan. Saenggeus dibaju, ledak biwir diulas ku lipstik. Ari maké lipstik mah geus bisa, geus biasa malah. Henteu kuno-kuno teuing Neng lin téh.
Kuring tiluan indit ti imah satutas Si Inem réngsé mangnyieunkeun sanwich (roti sagepok-sagepok) keur bekel di jalan, mani satumpuk, ngingetkeun Sam nu gembul. Lian ti éta, ogé mawa timbel jeung leupeut kalayan deungeunna. Untung dina kulkas masih kénéh aya Orange-crush jeung sari buah sababaraha hiji botol. Lamun Mang Nata jeung Bibi — ibu-ramana Sylvia — isuk sumping ti Surabaya, kapaksa ngaleueut coca-cola baé. Coca-cola mah teu diringkid.
Mimiti mapagkeun Sam di Ciumbuleuit. Sam kasampak keur ngadekul ngapalkeun. Saminggu deui rék ujian, cenah. Dapon kitu, diajak ka Palabuan Ratu mah mani haripeut. Lung buku dialungkeun kana tempat tidur, jekuk Kang Har ditonjok, ngok Sylvia dicium pipina.
“Ari rék ujian mah entong atuh Sam! Bisi kéh tijungkel, neumbleuhkeun!” cék Sylvia.
“Rék tijungkel rék tigubrag, kumaha nu dibendo wé”, jawab Sam.
Di Lukman aya nu keur ngendong, dulur sabrayna ti Jakarta mojang genit alah batan ti alahmanan: getihna bangun nu ngabulak ngagogolak teu eureun-eureun. Nya nu kitu meureun nu disebut “sex-bomb” téh. Ari mojang bangsa Sylvia mah meureun: “sex-kitten.”
(lajengkeuneun)