Nasution Co

Mojang Dusun Meledug (4)

Ku Mhd. Rustandi Kartakusuma

Fonnie milu, teu kudu dibebenyeng. Euweuh nu teu atoh. Ogé kuring, da hayang nyaho kumaha mojang moderen Jakarta. Tangtuna leuwih ti mojang Pariangan ti mojang Bandung. Enya sakali-kalieun osok ka Jakarta, tapi kulawarga Mang Danu mah, masing di Jakarta ogé, sarua wé jeung kulawarga Mama: jajauheun tina moderen-moderen téh. Nu aya mah ngan kuno jeung sarwa katinggaleun jaman baé.

Fonnie urang Sunda pituin, tapi ari ngomong ngan basa Indonesia baé atawa sabenerna mah basa Jakarta: dicampuran ku basa Inggris, atawa sabenerna mah basa Amerika: ngirung-ngirungna gé ceples bangsa Amerika, teu dipiceun sasieur. Maju, lah, bangsa urang téh!

Dina bral indit ka nu dijugjug Palabuhan Ratu, teu aya nu nyaho, saha nu mernahkeun diuk. Nyaho-nyaho Sylvia jeung Fonnie di hareup jeung Kang Har nu nyupiran. Kuring dihapit ku Lukman jeung Sam di tukang, tiluan. Ku ayana Fonnie, mémang pacogregan minoritas (cek Sylvia téa mah) henteu aya, tapi distribusi kelamin dina mobil kurang adil kénéh. Tapi ieu téh koméntar haté sorangan. Da nempo ka batur mah, euweuh hiji nu tugenah.

Sam sapanjang jalan teu petot-petot ngabodor. Na enggeus jadi hukum alam kitu, nu lintuh gedé heureuy? Jeung nu lucu baé, saomongna sapolahna téh. Dina ngadongéng jorang, Sam manggih lawan tanding jeung Fonnie. Ceuli mani asa rawing, ngadéngé pajorangan nu henteu diwengku. Awak teu puguh cabak. Hayang seuri aya, éra aya. Malah nya ieu pisan nu méré sumanget pajorangan-pajorangan téh, pahilir-hilir tampian, hayang ngadoja kuring, ngadoja Wara Sumbrada, cék Luk téa mah. Beungeut asa bagilir ganti rona: hayang seuri — éra, hayang seuri — éra. Komo éta Fonnie. Awéwé, tapi jorangna sarua baé jeung Sam, lalaki.

Sajeroning kitu karasa ku haté, yén Kang Har henteu sabuleud atina pipilueun. Tapi ogé karasa, manéhna satekah polah hayang nyumputkeun, supaya ulah kanyahoan ku batur. Haté teu weléh tatanya naon nu jadi marga lantaranana. Imut, seuri, ogé nyampuran ngadongéng — ngan tara pati jorang — tapi ka kuring atra, yén perhatianana aya di tempat séjén. Di mana?

Palebah Gunung Masigit, palebah jalan rungkal-ringkel kawas cacing kapanasan. Luk pipilueun rual-riel, nyenggolan, nyedekkeun. Satekah polah awak dicungcat-cingcet. Tapi dalah dikumaha, da masing Impala lega ogé, henteu lega saperti di luar.

“Ari Sumbadra mah,” cék Luk, “paantel saeutik ogé, mani nyingcet. Hampura wé atuh, In, da salah jalan ieu mah. Saya mah darma wawayangan baé.”

Ngadéngé kitu, Sam milu nyénggolan. Tungtungna asa dialung boyong antara dua jajaka. Sakapeung mah bareng ka tengah nyangéyéngna: kaciri dihajakeunana. Kuring ngahép-hép baé: méh-méh teu ambekan, parasaan jadi hareudang bayeungyang.

Fonnie jeung Sylvia ngalieuk ka tukang, seuri.

“Aeh, enya,” cék Sylvia. “Tadi lin nanyakeun, naon hartina kissproof. Cing pék ka dinyah terangkeun, Sam. Ku prakték wé hadéna mah”.

“Palay uninga?” cék Sam.

“Ka dieu wé kétang rék guguru mah, In!” cék Luk, bari rék ngarangkul.

“Alim? Alim!” kuring satengah ngajerit.

“Tong maksa, Luk. Keun engké wé di basisir. In, diterangkeun ku Sam, bisi éra di nu loba jelema mah, nya?” 

“Alim! Alim!” ….

Mobil nikung deui waé, méncos pisan. Awak didempet deui waé ku duaan.

“Ieu mah sanggeyeng bagian déwék, Luk!” cék Sam.

“Kumaha bisana!” Mobil méngkol ka palebah dieu …. éh, ka palebah dinya. Nurutkeun hukum ilmu alam, hukum Gay Lussac, arah sanggéyéng jeung arah tikungan bertolak banding.”

“Bisa jadi, tapi nurutkeun pasal 321 Kitab Undang-undang Hukum Pidana, sing saha nu ngaranna Lukman, taya hak nyanggeyengan mojang dina mobil.”

Lieuk deui Sylvia jeung Fonnie ngalieuk ka tukang. Seuri; atawa nyeungseurikeun? Katénjo Kang Har ogé nempo tina kaca sepion. Panon paadu jeung panon Kang Har.

“Geuning daék di kikitu Iin mah”, cék Kang Har.

“Atuda kumaha? Sanes kahayang Iin, sanes!”

Lain barina ogé, kudu bébas ari disebut moderen mah? Tapi panon Kang Har teu weléh ngawéwéleh.

“Moal enya kedah ngambek mah atuh Kang Har!” cék haté, bari hayang ceurik nénjo weweleh panon Kang Har.

Tapi tungtungna boseneun ogé Sam jeung Luk ulin sanggayang sanggéyéng téh. Ambekan jalan deui saperti biasa.

Béh ditueun Rajamandala, pok Kang Har nyarita ka Lukman:

“Luk, cing tuluykeun nyetiran, daék? Sirah asa bareurat puguh, meureun loba teuing nginum anggur tadi peuting, heug anggurna keras deuih.”

“Leuwih hadé Sam wé,” jawab Luk.

“Ke, ke, ke!” cék Sylvia, “lamun mobil rék disetiran ku Sam, urang paké heula baju ngojay, bisi kudu bebelesekan di sawah.”

“Iyooooooy, belekbek!” jawab Sam.

Luk didesek deui ku Kang Har.

“Nya heug atuh,” cék Luk tungtungna. Mobil eureun. Har jeung Luk tukeur tempat.

“Giliran, ah, Iin di sisi. Hoyong nyarande ka gigir!” cekéng, bari ngised ka sisi, ngalowongkeun tempat di tengah keur Kang Har. Ti mana akal bisa mikir nepi ka dinya, jeung nepi ka gancang kitu! Gek Kang Har diuk di tengah, diaping ku Sam jeung kuring.

(lajengkeuneun)