Ku Yadi Karyadipura
Can sakabéh daérah bisa kahontal ku kandaraan. Boh kandaraan umum, kitu deui pribadi. Siga ka tempat-tempat nu biasa dipaké kémping. Dina ayana gé masih jauh ka lokasi. Tungtungna mah kudu leumpang. Tapi sok aya wé mobil hiji dua waé mah. Najan mimilikan da mobilna sok babawaan.
Keur meujeuhna panas poé kaluar ti leuweung Curug téh. Tina hawa seger jadi karasa bayeungyang. Barudak gé leumpang henteu tonggoy teuing. Da miharep aya mobil ngaliwat. Mobil kolbak nu sok dipaké ngangkut sayuran, ingon-ingon, atawa panumpang gé bisa da rajeun aya nu ngahajakeun nyéwa. Jadi mobil téh sok aya nu ditiungan. Kuat nanjak jeung teu hariwang mudun. Ngan kitu téa, ari lain milik-milik teuing mah, hésé nyegat kolbak kosong.
“Tuh aya mobil,” ceuk Soni bari nuduhkeun mobil hideung nu ditiungan.
Adé cicing sisi jalan. Geus rada deukeut tuluy nyelengkeng, “Kang, tiasa ngiring?”
Supir ukur némbal ku gideug bari terus ngajalankeun mobilna.
Mimitina bangun kuciwa. Barang ningali di tukangna mah Adé jadi seuseurian. “Jir, piraku ngahiji jeung domba. Keur mah tadi teu mandi heula.”
Nikreuh leumpang bari teu eureun sempal guyon. Sakur ngadéngé sada mobil téh kabéhanana gé teu sirikna ngalieuk.
“Walah, treuk, euy,” ceuk Asép panonna terus ningali ka treuk nu mawa engkol, luhurna ditutupan terpal bulao. “Rék terus waé ieu téh nepi ka terminal?”
“Hayu waé urang mah. Ngan itu barudak awéwé kumaha?” Adé mairan. Bari terus luak-lieuk unggal ngadéngé sora kandaraan.
Mémang da ngaranna gé kémping ceria. Henteu riripuhan. Da kamari gé inditkeun mah ngaborong mobil. Najan angger lalaki mah laleumpang da mobilna teu naék.
“Tuh aya kolbak. Terbuka ieu mah full angin gelebug,” ayeuna mah Farid nu ningalina.
Kompak barudak areureun leumpangna. Cicing nyisi. Angger nu sok nyegatan téh Adé. Tapi kacirina mangmang. Jeung teu ngomong deui sabot mobil ngaliwat.
“Éy, paingan horéam,” pokna téh sanggeus ningali kolbak téh eusina jukut nu dikarungan.
Barudak geus capé saenyana mah. Leumpang gé seunggah. Jaba ka terminal téh masih jauh. Geus sababaraha mobil nu ngaliwat téh angger lain milik. Késang geus ngoprot. Dimimitian ku Fikri nu nangunjar, nya nu lian gé narurutan. Caricing wéh di sisi nu iuh. Nginum. Nu mawa dahareun mah tuluy ngaremus.
“Uing mah jadi inget omongan Soni,” ceuk Fikri bari ngatur napasna.
“Omongan nu mana?” Soni nu disebit ngaranna langsung mairan.
“Hina asana téh mun aya mobil tapi urang leumpang,” ceuk Fikri ditungtungan seuri.
Sakur nu ngadéngé mah milu seuri. Soni gé kitu najan asa meg kana haté da malindes ku omongan sorangan.
“Uing gé inget omongan Farid,” Fikri nyebut deui ngaran babaturanana nu lian.
“Omongan nu mana tah?” Farid bangun panasaran.
“Leuwih hina mun urang leumpang, terus ngaliwat popotongan diboncéng ku kabogohna nu anyar,” Fikri nyakakak leuwih tarik.
Barudak akey-akeyan. Tuluy nyepétan Farid nu karék dua minggu pegat jeung Héra. Keur capé téh pada moyok. Untung haténa keur senang. Kakara eureun ngélég téh ti kajauhan kaciri aya mobil bodas ditiungan. Adé bangun sumanget nyegatna.
“Kang, tiasa ngiring ka handap?!” cenah najan mobilna masih jauh.
Mobil ngalaunan. Nyisi tapi teu eureun. Ngan édas, kacida reuwasna sabot nyaho éta mobil téh ngakut anjing nu dikandangan. Anjing gedé nu sok dibawa paninggar keur moro bagong. Teuing kunaon éta si anjing téh mani patémbalan ngagogogan nu keur dariuk. Tapi kadéngé nu leuwih tarik nyakakak mah supir mobil.
“Géhél!” Fikri nguniang. Asa diléléwé.
“Hayu ah leumpang wé. Geus mindeng nyegat angger gagal,” Adé ngajak semu maksa.
Barudak nguniang. Wegah gé nuluykeun lalampahan. Éh can jauh ti tempat reureuh, kadéngé sora mobil. Ditempo téh mobil pajéro. Euweuh nu nyegat da sidik lain kandaraan umum. Tapi mobil téh ngalaunan jeung nyisi. Geus rada deukeut jeung Farid, kaca mobil turun. Kaluar sirah awéwé.
“Aa’ abdi ti payun nya? Semangat Aa…” ceuk éta awéwé terus ngelok deui. Kaca mobil nutup.
“Ajig hina!” Adé mani bungah. Teu samar deui awéwé nu ngelol tadi téh Héra, popotongan Farid.