Ku Mhd. Rustandi Kartakusuma
“Anéhna geura, In!” cek Sam, “ayeuna mah moal aya parebut sanggéyéng, masing tikungan nepi ka mites ogé. Kétang kitu sotéh dipihak saya. Duka ti dinya mah.”
Kuring bati mesem baé. Kang Har diukna ngadayagdag, suku nyanghunjar. Panonna merem hayam.
“Ku asetosal upami rieut mah, Iin aya” cekeng. Kang Har gogodeg.
Lukman ngajalankeun mobil suat-siet saperti penerbang Leo Wattimena ngajalankeun MIG-21. Tapi saenggeus sawatara waktu biasa deui baé. Gancang tapi tenang. Saenyana Lukman leuwih mantep nyetiranana tibatan Kang Har. Tapi teu nyaho kumaha komo ari ku Kang Har mah bet asa leuwih aman.
Bebekelan sandwich dipurak ku Sam. Encan sarapan ka tilu kalina, cenah. Tapi Fonnie ogé ménta, bari ngalimed dahar roti, obrolan Sam nu tadi lolobana ngan ngabodor diganti ku nu rada tenang saeutik. Babakuna saréréa ngadéngékeun dongéng-dongéng Fonnie di Jakarta.
Di Cianjur Sam ngajak eureun di hareupeun toko roti jeung kuéh, rék meuli roti keur ngagantian sandwich nu méh satengahna geus ledis.
“Bisi lapar ké di Palabuan Ratu,” cenah.
“Atuh timbel gé da mawa,” jawab Sylvia, “jeung di ditu gé, upama timbel teu cukup, warung-warung baé mah tangtu aya.”
“Keur di jalan ka dituna atuh. Pokona tong sieun ku surplus pangan, sapanjang aya sayah mah”.
Kang Har ogé turun, meuli soklat satumpuk.
“Keur naon seueur-seueur teuing?” kuring nanya, saenggeusna mobil jalan deui.
“Tong sieun surplus pangan, cék sayah ogé tadi”. Sam anu ngajawab. Kang Har mah ngabetem baé, ngan song nyodorkeun soklat hiji nu geus dibuka bungkusna saeutik. Disemplekkeun sapotong ku kuring. Saenyana mah kurang beuki ka nu amis-amis téh, tapi beuteung asa-asa lapar, kageujleug-geujleug ku mobil. Ni’mat soklat téh rasana. Atawa pedah paméré Kang Har? (Ah sok aya-aya baé!).
Sam naleukeum kana jok hareup. Beungeut ditompokeun ka Fonnie ti tukang, sungut ngagayem kacang Bogor dihijikeun jeung soklat.
“Cing bagi kacangna, Sam!” cék Fonnie.
“Kacang nu pangngeunahna kacang naon, cing?”
“Idih, cabul? Da ieu, kacang urang Bogor nu pangngeunahna mah. Matak meuli ogé,” cék Sam, bari ngasongkeun bungkusan kacang ka Fonnie. “Yeuh kacang samomoko …. aéh, saboboko! Ku naon, In, ngabalieus? In, Iin ahli anthropologi, nya? Cing ku naon urang Jawa maké sieun ku momok?”
“Duka, ah!” jawab kuring. Sam ngahuleng sakeudeung, pok ka Kang Har:
“Tapi éta téh hiji hal nu tangtu aya jero-jerona, Har. Momok téh jurig; jurig téh momok”. Daradad Sam malsapah, nyabit-nyabit Babu Hawa nu ngadoja Nabi Adam. Ku Kang Har diwalonan, nyabit-nyabit palsapah Freud jeung psikoanalisa, nyutat Nietzsche atawa Schopenhauer (pohoeun deui Kang Har téh): “Lamun rék nganjang ka wanita, kadé poho mawa cameti!” Tapi Kang Har ogé nyutat hadis Nabi nu eusina ngajungjung darajat wanita.
Sylvia jeung Luk, satutas kaluar ti Cianjur, nyanyi duét (paduduaan). Lain kakara harita Sylvia nyanyi duét jeung Lukman téh. Remen. Malah sakapeung sok di hareupeun gempungan. Mémang alus. Komo ayeuna, da laguna lagu nu pikabogoheun, lagu Amerika Latin, atawa asli Spanyol. Teu nyaho nu mana nu bener.
Mimitina kuring ngaregepkeun kana obrolan palsapah Sam jeung Kang Har. Tapi lila-lila mah kabaud ku duet Sylvia jeung Luk. Ogé Sam jeung Kang Har lila-lila mah ngadéngékeun nyanyian, Sam mah bari nompokeun deui beungeutna kana beungeut Fonnie.
Por el bosque de mi alma te vas y vienes
como una corza;
cuidado no te hieran mis sentimientos
como una corza
como una corza.
Diterjemahkeun ku Kang Har lalaunan:
Lar sup anjeun ka leuweung sukma kuring
lir ibarat kidang bikangna;
kahadé bisi kagasruk ku haté kuring;
lir ibarat kidang bikangna kidang bikangna.
Aya hiji jajaka, jiwana rumit, hésé dikanyahokeun naon kahayangna, kagenahan, karesepna, kateuresepna; lir ibarat leuweung, leuweung geledegan.
Wawuh jeung hiji mojang, nu can nyaho di nanaon, bau kénéh jaringao, can aya wiwaha, can aya wiweka, kasanggupan ngabédakeun nu goréng ti nu hadé, suci; lir ibarat kidang bikangna.
Éta kidang ngan asup ka luar, asup ka luar baé ka leuweung nu sakitu rumpilna téh ….
Ari Kang Har mah lain leuweung. Kang Har mah talaga, talaga di gunung, tegesna nya di leuweung kénéh. Talaga geueumeun, sanget, matak kalaletir, talaga nu can kajorag ku mahluk nu ngaranna manusa.
Saha nu sok larsup — tegesna: teuteuleuman dina talaga Kang Djuhari? Kuring? Ari cék rarasaan mah, sabalikna; kuring leuweung, Kang Har nu larsup ka leuweung, kidang jaluna nu tandukna ranggah, gudal-gadil di leuweung ganggong simagonggong. Leuweung burak-barik. Badak kerud pating balecir.
Lain kétang, jiwa Iin mah lain leuweung. Ogé lain talaga geueumeun. Jiwa Iin mah lain nanaon; éstu kosong molongpong taya pisan araheunana, tegal keusik nu matak pikaboseneun pisan, euweuh naon, euweuh naon iwal ti keusik satungtung deuleu, keusik tuhur disebrot ku srangéngé nongtoréng. Jiwa Iin mah Sahara, Sahara anu angar.
“Tunduh In?”
Kuring ngarenjag. Ngawalon ka Kang Har: “Henteu!”
“Ni’mat ngadangukeun lagu?’
“Muhun”.
“Iin resep kana lagu eta: Como una corza?”
Unggeuk.
“Resep?’
“Resep.”
“Sareng éta raos sorana Syl sareng Luk téh, nya?”
“Muhun”.
“Ari Iin kidang bikangna deui kituh?”
“Duka.”
“Sanés japati?”
“Sanés.”
“Kukupu atuh?”
Kuring ngahuleng sakeudeung, inget kana lagu Sunda anggitan Pa Sunarya atawa Mang Koko: Kukupu hiber teunangan. (lajengkeuneun)