Ku Deyla Khumaira
Sataun babarengan aktip di pramuka jadi remen ngobrol, sok deg-degan Rara mah, hésé dierém. Atuda Ka Wira mah kasép, cute, pinter, bodorna teu garing siga Nandang, Wikan atawa Nono. Hanjakal bageurna lain ka Rara wungkul, tapi ka Érlina ogé, ka Tanti jeung ka Sundari. Sok remen timburuan, nu ukur betus dina haté, atuda lamun keur uplek ngobrol ngeunaan kegiatan jambore onlén nu pustana di Jepang, Ka Wira mah sok bari nyelang ngabales Whasap ti Sundari, batur sakelasna nu cumentil.
“Rara ngiring tabungan pramuka garuda teu?, apanan diwajibkeun Ka Wely salaku pembina urang”
“Nuju dipangadamelkeun ku Papap.”
“Sing rajin nabungna, sok dibekelan ageung pan ku Papap?”
“Héhé, lumayan Ka.”
“Kaka gé seueur réréncangan ti sakuliah dunya hasil acara jambore onlén ieu, ngan pédah rada lieur bahasana, da teu sadayana tiasa bahasa Inggris.”
“Kaka jagoan nya Bahasa Inggrisna? Lés di mana?”
“Ku Bunda dipiwarang lés privat ti Miss Luna, nya teu lirén wé tos ampir lima taun.Sok diajakan ka Kampung Inggris deuih, atanapi CLC, tempat kempelna bulé nu tiasa dijadikeun acuan naha urang tos lancar atanapi henteu dina ngagunakeun basa asing.Usahakeun Rara ogé rajin nya, moal rugel upami urang ngawasa basa asing mah, bakal kacandak dugi ka iraha waé.”
Rara calawak, tapi langsung ditungkup. Leuh kerén bingits sih Ka Wira? Jabaning tajir milintir, papah mamahna dokter spésialis nu kakoncara, pinter kasép teu korét ngajajanan.
Kukupu, kembang, katumbiri, pabaliut campur dina dada Rara, meni éndaaah téh. Ngan hanjakal, taun ieu apan Ka Wira mah lulus, neruskeun ka SMU, moal sering panggih, najan salaku alumni, pasti bakal ngabina yuniorna.
Rara beuki nalangsa basa Edit némbongkeun poto keur jajan di café duaan.
“Kita jadian lhooo, ih Edit seneeeng banget Ra. Ka Wira némbak Edit kamari.”
“Selamat ya Edit.”
“Tong cemburu nya Ra.”
“Moal atuh…”
Padahal satekah polah Rara nyumputkeun cipanon nu rék ngajleng. Tapi geuning Ka Wira mah masing jadian jeung jeung Édit ogé angger bageur ka Rara. Sok ngirim brosur ngeunaan tempat lés nu rékomindid, nu alus. Terus sok ngabagi coklat Toblerone atawa coklat mérk nu mahal séjénna.
“Rara mah lucu, Ka Wira mah da teu gaduh adi. Jadi adina Ka Wira selamanya kaci?”
Rara ukur seuri, kempotna nambahan nyari, basa leungeun Ka Wira ngucek-ngucek ponina, deg-degan kerep kénéh. Ah, bet aya ku hésé ngaleungitkeun géér ieu. Tapi dipikir-pikir, mending dianggap adi wé, apan moal putus, bakal angger komunikasi. Bakal angger dibagi coklat, bakal angger digucek poni, bakal angger heureuy bari seuri nyeuleukeuteuk. Keun wé ngaran Ka Wira wara-wiri dina hate atawa pikiran ogé, dianggap hiburan supaya kekembangan angger aya.
“Awas Rara, lamun gaduh teman special, apan nembé kelas dalapan, Bunda ogè Ayah bakal sedih lamun aturan èta dilanggar.”
Bunda ngaharèwos bari nangkeup. Kalangkang Ka Wira lulumpatan.***
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé No. 2763