Nasution Co

Hah Heh Hoh

Ku Adé Wa Ojo

Untungna iinditan maké motor téh bisa salumpat-salimpet suat-séot di jalan macét; kécot kiri kécot kanan norobos néangan lolongkrang nu sakirana molongpong. Heueuh da motor mah kawas beurit, asal asup hulu awak gé baris logor. Tapi, sanajan bisa tuturubun angger wé kudu asak jeujeuhan. Lian ti éta, nu numpakna kudu geus tapis. Ari nu masih léléngkah halu mah tong wani-wani teterejel. Ana maksakeun, kuriak pada nyiduhan da ngabadug spion mobil. Komo mun nyium bodi mobil méwah, wah… alamat baris disurilam atawa ditéké ateul ku nu bogana. Nu matak angger kudu ngagunakeun lilinggeran. Tong selonong boy, Coy…!

Harita hujan ngagebrét lir dicicikeun ti langit. Balik nganteurkeun budak ka pasantrén, kapegat hujan ngagebrét antukna nyisi muru warung pangdeukeutna. Bareng jeung papada biker séjéna mucicid handapeun sorondoy warung. Pikeun nahan tiris, diselang ku nyuruput kopi panas  jeung ngahékak goréng hui. Camuil camuil leg diteureuy laju diguguntur cikopi. Alhamdulillah… pédo, Bro!

Teu karasa, waktu beuki nyérélék manjing isa. Hujan masih ngayer sanajan teu ngagebrét kawas tadi. Tapi mun maksakeun indit ayeuna, angger baris kuyumut. Antukna memener bujur deui dina luhur bangku. Ngahero susuganan hujan gancang raat….

Kira wanci ngagayuh sareureuh budak kakara hujan téh nyarangan. Geuwat ngajéwang hélem deuk neruskeun lalampahan. Sabada babayar, clak kana luhur jok. Gerung nyetater motor, geuleuyeung maju lalaunan. Kira saratus méteran ti warung, haté mimiti sumoréang. Komo basa anjog ka jalan kabupatén, meni tiiseun. Taya jalma nu ngalanto saurang-urang acan. Mobil angdés gé geus ngarampih. Na kituna mah pantes, apanan taririseun jeung geus peuting deuih. Ongkoh…. gebeg, jantung ratug jiga ditinggur. Apanan ayeuna téh malem Juma’ah. Hag siah!

Laahaola neger-neger manéh. Na da can kakocapkeun aya jurig nyetrok jalma. Haté ngagerentes ngumpuilkeun pangacian mengkek kawani. Teu poho, gorolang mapatkeun ayat kursi, kulhu jeug falak binnas. Gas dibetot rada bedas, biur motor ngabelesat nurih hiliwir angin peuting. Palebah péngkolan deukeut sirah cai, di hareup kajeueung lampu célak-célak. Lakadalah, aya batur yeuh. Gas dibetot deui sataker kebek méh leuwih tarik lumpatna; sangkan motor hareupeun geuwat kaudag. 

Alhamdulillah kaberik. Ngan oorokaya, nu di hareup lain ngadagoan, kalah ngabelesat leuwih mangprung. Teuing sakumaha ngajalankeunana. Nu jelas kuring ampir-ampir katétér. Padahal mecut motor téh geus maksimal. Leuwih ti saratus kilo méter per jam. Biur nu ngaberik, séak nu diudag. Bet jiga Valéntino Rossi ngunguntit Mark Marquéz di sirkuit Sepang Malaya. Sakedapan mah kitu jeung kitu wé; tingjarius tingsalebrut tingbelesur. Lila-lila tina paur, kalah jadi resep; asa keur balap. Kana tuyul lat baé poho. Puguh katungkulkeun ku tungkul nyo’o gas méh ngabeledig motor hareupeun gancang kasusul. Ngung.. ngung… Kémonnn…, Gaés! 

Tapi, satapis-tapisna monyét naék angger wé aya kalana ti solédat. Palebah tikungan nu mites, ana goloprak téh motor nu diudag labuh. Tayohna poho ngoper gigi jeung ngerém. Nu numpakna nyangsaya na kamalir. Haharegungan. Motorna nyungseb na gawir; mesina ngagéar hurung kénéh. Reg eureun. Motor distandarkeun, lampuna disebrotkeun ka palebah nu cilaka. Jut turun muru nu ngajoprak. Gog cingogo. Ragamang ngarampa peupeuteuyan nu cilaka.

“Ampun… ampun… tong dirogahala. Pék baé butuh motor mah bawa! Huhuhu…”

“Ari Ujang…. Bapa mah seja nulungan, lain niat deleka. Naha bet mangprét atuh dituturkeun téh?”

“Kutan?”

“Enya deuk ngilu ludeung, keueung inggis dironom onom!”

“Leuh, manawi téh bégal. Nyana kitu mah diantosan. Meureun moal cilaka….”

“Tak tak gé….”

Katerangan:

Seratan ieu kantos medal di Manglé No. 2766.