Nasution Co

Ku Yadi Karyadipura

 

Kabayang baé pameunteu Éliana nu diteuteup harita. Geulis nu méhméhan pareum. Sepa. Kemong. Celong. Lambeuyna geuneuk. Meureun moal bisa deui imut manis. Galindeng soanten nu karaos halimpu, robah jadi peuyeuh, matak linu mireungeuh.

“Néng migandrung karya Aa’, dugi ka iraha baè ogé…” pokna bari engap-engapan. Cairan oksigen katangén buburukbukan. Salirana nu kuru téh ngadégdég bangun nu katirisan liwat saking. “Néng badé teras ngaréncangan Aa’ waktos nyerat. Rasa cinta Néng salawasna nyicingan manah Aa’.”

Kalimah nu dikedalkeun ku Éliana lir limpasan cai nu ngancurkeun dingding waduk. Kuring nu tatadi negerkeun haté tungtungna liwung. Teuing kudu ngomong naon. Ramo nu remen dipaké nuliskeun Éliana, ayeuna mah ukur bisa nyepengan leungeunna. Karasa haneut panangan nu ditanceban selang infus téh. Kuring miharep, aya nu bisa dibikeun ka Éliana—nu ngalantarankeun wanoja nu dipikaasih téh teu waka tepung jeung pati.

“Néng ningal aya seueur sajak dina soca Aa’,” saurna bari neuteup kuring. Teuteupan ngalimba cisoca. Nginghak. “Aa’…” soantenna kapengkek bangun aya nu nindihan harigu. “Néng ningal aya sajak pati kanggo Néng dina soca Aa …”

Sajeroning kaambeu hiliwir malati, kareungeu Éliana ngadawamkeun asma Illahi. Jep, simpé. Kuring gé ngarasa dina sababaraha detik teu ngarénghap. Cipanon ngalémbéréh maseuhan pipi, nyakclak dina tungtung gado. Biwir nu bieuna rapet, ngadadak muka, ngagorowok satarikna. Jelema ngabrul lalumpatan bangun rusuh muru rohangan rawat inap pasén paru-paru.

* * *

 Angkot Kebon Kalapa – Dago ngageuleuyeung di jalan Dayeuh Bandung nu anggang dina pukul sapuluh peuting. Balik ti acara sastra di Taman Budaya, satadina deuk mondok di imah babaturan, atawa nyéwa kamar di hotel melati. Tapi sabot badarat di émpér nu dicaangan lampu jalan, aya angkot hèjo karék nyisi. Tungtungna dipegat.

Naék. Gék diuk. Di jero angkot geus aya sababaraha panumpang. Saurang bapa nu ditopi mawa kantong soléndang. Saurang lalaki taksiran sapantaran, bajuna rapih, anteng nyo’o hapé. Ibu-ibu duaan papada mawa kérésék badag. Jeung saurang rumaja putri katangén ngungun bari mangku hélem, diukna lebah kénca gigireun kuring.

Kuring diuk di jero angkot. Nurutan cara panumpang séjén nu aranteng séwang-séwangan. Lain nundutan atawa nyo’o hapé, meureun niron Néng ABG jékét kayas, nu bangun keur ngawangwang nu pikasediheun. Teuing naon nu dilamunan ku èta mojang rambut galing muntang téh. Meureun geus paséa jeung kabogohna, atawa… meureun ogé sarua geus ditinggalkeun maot ku nu jadi bébéné haté?

Angkot eureun. Pas hareupeun bangku nu di gigirna aya pot kembang. Ras inget. Kuring jeung Éliana kungsi diuk paduduan di dinya tos ulin-ulinan. Tapi ayeuna mah katingalna téh kosong. Taya jelema. Tapi naha angkot bet eureun?

“Mangga, Néng, tiasa palih kiri,” ceuk supir angkot bari ngalieuk.

Angin nu asup liwat panto angkot téh nembrag jékét kulit. Aya hawa tiis nu niupan beungeut.  Hawa nu mimitina karasa biasa, jadi robah seungit malati.  Ngulibek gigireun kuring. Néng ABG ngised. Mingkin pajauh jeung kuring.

Angkot maju deui. Néng ABG nu calimbam ngadadak bèar. Imut. Lain ka kuring. Tapi ka nu di gigireun kuring—kapan euweuh sasaha?! Kuring ngarasa sakabéh panumpang angkot malelong ka kuring. Teuing naon nu ditaringalina? Kuring gé ngarasa taya nu anéh, atawa ngarasakeun kila-kila. Ngan ngadadak tunduh. Ngalelentuk. Reup, peureum!

Asa ngoléang. Réhé comrék. Laju bijil cahaya buleud. Murub mubray. Les, ngaleungit. Ujug-ujug kuring aya di hiji taman nu asa teu bireuk.

“Aa’, Néng bingah pisan dinten ayeuna.” Éliana imut ngagelenyu. Tungtung rambutna katebak angin. “Kahoyong Néng mah tiasa sering ameng kieu sareng Aa’ téh,” Pokna deui. Nyekel pageuh leungeun kuring.

Kekembangan keur meujeuhna marekar di taman. Dua kukupu eunteup dina kembang eros nu dipetik jang Éliana. Pangambungna nu mancrit téh nyesep aroma kembang. Teuing naon nu kaambungna. Pameunteuna nu bodas beresih téh nyumiratkeun kabagjaan. Sapasang kukupu jangjang konéng angger ngarapung luhureun sagagang eros beureum. Ngapung ngaping léngkah kuring jeung Éliana. Nuturkeun nepi ka sisi jalan.

Ngoréjat. Tetempoan remeng-remeng. Geus béngras mah nyadar geus aya di jalan Pungkur. Asa sakeudeung. Panumpang nu lain geus tarurun. Kari kuring sorangan. Rarasaan mah ngimpi téh ukur sajorélat. Kajadian harita kaimpikeun. Kuring ngajak Éliana jalan-jalan sanggeus nampa honor, tina carpon nu dijudulan maké ngaran manéhna. Lian ti tuang sareng, urang duaan gé nulis puisi jeung prosa di taman.

 Ti kejauhan geus kaciri parapatan Ciateul.

“Kiri!”

Angkot ngalauanan. Nyisi. Jrut turun. Émpér nu katincak karasa baseuh. Miribis marengan wanci ngagayuh ka tengah peuting. Kuring mikeun duit salambar sepuluh rébuan ka supir angkot. Leungeun nu buluna leubeut téh gancang nampa, laju mikeun pamulangan.

“Dua rébu?” cekéng téh. Hareneg!

“Muhun, A’, apan duaan sareng si Néng,” témbal supir angkot.

Angkot kaburu maju deui padahal kuring hayang nanyakeun, saha ‘si Néng’ téh? Dalah kuring nangtung sorangan di sisi jalan nu simpé. Euweuh hiji-hiji acan kandaraan nu ngaliwat. Sajeroning kitu, jol dua kukupu jangjang konéng ngapung ngadeukeutan. Pupuihan luhureun sirah.

Hawa beuki karasa tiis. Angin peuting nembragan waruga. Di lebah kénca, ngahiliwir seungit kekembangan. Sapasang kukupu pindah, ngapung di gigireun kuring. Seungit kembang ngahiang. Digilir ku seungit parfum Éliana.

* * *

Kagiatan sapopoé téh ngotrét. Léktop, hapé, jeung kekecapan nu pupuihan di jero sirah. Ramo kutak-ketik dina kibor. Nyieun puisi atawa prosa. Kakara ngahurungkeun data, maén gim atawa ngamédsos ngarah teu karesel.

Jol datang Éliana dina kahirupan kuring. Mangka lian ti léktop, hapé, jeung ngagudrud kekecapan, aya poto kuring duaan jeung Éliana. Kuring gé jadi sok ngahirupkeun data bisi wanoja jangkung lenjang téh ngonték via WhatsAp atawa BBM.

Ngotrét jadi cukang lantaran tepungna kuring jeung Éliana. Bisa ngajaga hubungan najan kahalang jarak. Asih nu medal tina kaweningan ati éstu tumamprak taya pipinding. Kuring ukur tukang ngarang tambuh laku, lantaran honor nu katarima teu bisa ngahontal pangabutuh hirup nu mingkin ngajaul. Ari Éliana ngarasa aya nu kurang dina dirina. Cicing di Dayeuh Bandung nu mingkin heurin ku tangtung, manéhna hayang ningali dunya nu lega tur éndahna lain babandingan Bandung.

Kuring remen ngotrétkeun carita jeung impian Éliana. Mojang lenjang nu ngawurkeun inspirasi. Loba tulisan nu ideuna datang ti Éliana, nu dimuat di sababaraha média. Duitna dipaké jang ngabungahkeun éta wanoja soca cureuleuk: mawa ulin, mekelan jajan, jeung—nu pangdipihareupna—nabung jang nikah.

Éliana lain ukur mawa kabagjaan, tapi narik milik ogé. Ngarang téh lain tambuh laku deui. Sabab honor nu katarima leuwih ti cukup pikeun nutupan pangabutuh. Éliana gé ngarasa bungah. Lantaran kuring bisa mawa dirina kana dunya nu dipikahayangna.

Dunya nu aya dina pikiran Éliana geus pindah kana naskah novel.  Ditulisna babarengan jeung Éliana. Hiji penerbit di Jakarta kataji ku naskah novel kuring. Tapi aya sababaraha kaca nu kudu diropéa. Ditungguan pisan. Mun dipasrahkeun ka éditor bakal pililaeun. Nya kuring mutuskeun ngéditna langsung di kantor penerbit.

Tara-tara Éliana nitah supaya mareuman data. Cenah ngarah tukuh. Diturut baé—ukur waktu keur nulis. Lian ti éta mah komunikasi cara sasari. Tapi kuring angger ébat, lantaran Éliana ngabaran keur dirawat di rumah sakit.

Peuting ayeuna mah kuring ngaropéa naskah di imah. Tinggal nulis bagian tungtungna. Léktop, hapé, poto duaan jeung Éliana. Loba nu hayang dikotrétken. Tapi pikiran asa buntu. Kalangkang Éliana ngageugeuh uteuk. Kuring teu bisa nyalahan, geus dua poé, masih kénéh deungdeuleueun.

Wanci nyérélék ka pukul sabelas peuting. Kuring masih campego hareupeun léktop, molototan kaca nu masih kosong dina bab ahir. Data hapé ngahaja diaktifkeun. Tapi teu nulungan. Dalah remen disada gé bangun nu horéam noél-noél acan.

Peuting beuki simpé. Angin asup liwat jandéla kamar nu méléngé. Tiis nyelecep kana punduk. Laju kaambe hiliwir seungit malati. Seungit nataku, tapi teu nyegak. Ngeunah ngambeuna. Tapi lain éta waé, aya angin nu karasa haneut ngahébos di lebah kénca. Taktak kuring gé karasa beurat sabeulah, kawas aya nu keur nyarandé.

Bakat ku panasaran, kuring ngarékam maké kamèra hareup. Diteundeun diperenahkeun, nepi ka témbong beungeut jeung satengah awak kuring, jeung—Éliana maké baju bodas. Pameunteuna bodas pias tanding salju. Socana hurung semu bulao. Pananganna ngaléng kana cangkéng, sedeng mastakana nyarandé kana taktak. Rambut panjang ngarumbay. Lambeuyna nu beureum téh usik. Ngaharéwos ka kuring. Laju ramo kuring kutak-ketik dina kibor, nulis bagian ahir.

Asih nu datangna tina haté nu leuwang, baris mikeun tatu gudawang. Moal bisa diubaran kajeun teuing ku mangsa. Tapi asih nu ngagalura mikeun kabagjaan nu kalintang gedéna. Rasa nu bisa ngaleungitkeun tatu, kanyeri, jeung ingetan peurih, saacan panggih jeung asih nu sakitu weningna.

* * *

Majalaya, 19 April 2017

 

Katerangan: seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2628