Ku Mhd. Rustandi Kartakusuma
Kuring nanggeuy sirah. Di kajauhan, di laut, aya parahu nu ngala lauk, nyengceling sorangan. “Pat lapat katinggalan!” Sirah ngagoledag deui. Ngahariring: “Kukupu hiber teu nangan!”
Meureun rada ngalenyap panon téh sakeudeung. Da éta kanyahoan Lukman ngadeukeutan. Jol-jol pok kadéngé:
“Urang nyieun bébénténgan In. Cing, bénténg saha nu tagen kana ombak. Saha nu meunang disun nu éléh atuh kudu nge-sun.”
“Alim ari kedah ngesan-ngesun mah.”
“Tong atuh, tong maké esan-esun ari alim mah.”
Nyieun bébénténgan, kokojayan, gelut jeung ombak, lalangkarakan dina keusik, silih simbeuh jeung batur, kalangenan di basisir laut mungguh taya wiwilanganana.
Asa balik deui ka jaman keur leutik, keur budak kénéh. Komo dina nyieun bébénténgan mah: surak éak-éakan, lamun bénténg nu geus ngajegir diteumbag ku lambak nepi ka mancawura. Ogé éak-éakan dina tagenna bénténg dijorag lambak.
Bosen bébénténgan; Fonnie jeung Luk diurugan ku saréréa ku keusik diruang kérépés, tapi ngan satengah badan, tinggal beungeut.
Sajeroning caliweura, Kang Har cicing baé, henteu pati pogot milu heureuy. Meureun rarieut kénéh cék haté. Atuda éta, maké teu daék dahar asetosal, ditawaran téh. Tapi kétang, lamun henteu nginum anggur mah, moal rieut moal kudu nginum asetol.
Mémang hirup modéren urang téh kudu, tapi geuning kitu, matak rieut, matak lieur, leneng, jarijipen jeung sapapadana.
“Ka mana ari Sam?”
Sam euweuh. Ari dilieukan, béh keur ngahimel barang dahar sorangan deukeut mobil, murak bebekelan. Berebet Fonnie, Luk jeung Syl moro. Kuring nuturkeun. Kang Har diuk kénéh. Leumpang eureun, nempo ka Kang Har. Ceuk haté: “Hayu atuh, Kang Har! Ku naon ninggalkeun manéh?”
Kuniang Kang Har nangtung, tuluy bareng leumpang ka tempat mobil.
“Mastaka rarieut kénéh?
Kang Har gogodeg.
Hayang terus nanya: Tapi naha cicing-cicing baé atuh, henteu milu caliweura?
Kang Har mulung kai, lung dialungkeun jauh pisan.
“Geuwat, In! Bisi béakeun, ieu aya buta wereng!” cék Sam.
Nénjo nu samual-samual, bet karasa kosong beuteung. Brak milu balakecrakan. Ni’mat taya papadana dahar di basisir, saentas capé caliweura.
“Asa leuwih ngeunah ti di restoran Tiong Hoa nu tadi peuting, nya Har?” cék Sylvia.
“Restoran Tiong Hoa nu mana?” Luk nanya.
Ku Syl disebut ngaran éta restoran.
“Bener, leuwih ngeunah!” cék Luk jeung Fonnie. Fonnie nyambung:
“Padahal éta réstoran geus kaceluk di Jakarta, malah ogé ka luar nagri, yasana wisatawan”.
Kang Har ogé katénjo ponyo pisan. Padahal deungeunna mah teu pira: goreng hayam jeung sambel bajag, diseseger ku acar bonténg. Ngan sakitu. Teu kaburu sasadiaan loba-loba kamari téh. Da éta bisi teu tulus téa.
“Iin katempo berag di basisir mah nya?”
“Gumbira malah!”
“Mun saterusna kitu téh, In! Ulah alum baé ieu mah, kawas kémbang nu kapoé”.
“Lain alum, —lungguh!”
“Mojang modéren mah euweuh nu lungguh. Lungguh mah pasipatan awéwé jaman pra-sejarah. Modéren téh hartina dinamik. Mojang modéren: lincah, wanter, euweuh kaéra; kepala terkedik, dada terbusung ….”
“Buah nyah menonjol!”
“Buah naon?”
“Buah dada!”
“Tuh da Si Sam mah mengparkeun deui waé. Tapi da enya kétang, éta mah dengan sendirinya: buah dada nonjol nangtang!”
“Kalu ngaplek jangan kuatir. Ganjel ku karet busa ajah!”
“Mun beuteung tina karet téh, nya? bisa-bisa meral, ngagedéan.”
“Naon hadéna?”
“Mun daharna ngeunah kawas ayeuna, bisa terus, teu eureun-eureun. Ayeuna mah kawatesanan ku seubeuh. Hanjakal!”
Anu hog-hag téh saréréa iwal ti Kang Har jeung kuring. Alum mah henteu Kang Har téh, tapi berag saperti biasa ogé henteu. Ari kuring sabalikna biasana cicing (Alum cenah tadi téa mah), ayeuna rada-rada berag, rada-rada gumbira. Berag jeung gumbira ka luarna. Da di jero mah, dina jero haté, asa salawasna gumbira téh. Anu gumbira, anu lincah lahiriah téh, tah éta nu modéren. Mun kitu mah, kuring saumur-umur di basisir. Da laut jeung lambak nu mawa kagumbiraan téh. Tapi meureun kagumbiraan kuring di laut téh taya lian iwal ti nu disebut kompensasi kajiwaan. Lamun enya kuring lungguh, naha lain lungguh tutut? Ah, da teu asa lungguh barina gé. Ngaku sotéh, henteu moderen; kitu ogé, encan wé.
Beuteung seubeuh, da lain tina karét téa, teu meral. Golédag sararéa ngagolédag dina keusik. Luk ngedengna dina pingping Fonnie. Nénjo kitu Sam rék nurutan ka kuring. Tapi kuring ngojéngkang.
“Primitip kénéh Wara Sumbadra téh!”
Sam ka Sylvia. Dug dina pingpingna.
Beuteung seubeuh, angin ngadalingding, antukna tararunduh.
“Tinimbang ngaguher mah, anggur néangan kewuk yu”, cék Sylvia, bari jung nangtung.
“Aéh enya, wé. Tadi téh geus jangji ka Nonneke”, cék Sam. Nonneke adi Sam nu kurang leuwih tilu taun umurna.
Saréréa saluyu. Bral arindit, saenggeus Kang Har ngoncian mobil deui.
Leumpang mapay basisir, tumpu-tempo néangan kerang. Nonneke téh resepeun pisan kana kewuk, cenah. Néangan kerang keur sorangan, lamun aya leuwihna, keur Nonneke.
“Mun keur néangan kewuk kieu téh, jol bréh wé manggihan emas”.
“Moal enya di basisir aya emas”.
“Aya wé, mun aya mah”.
Jalan-jalan sapanjang basisir, ogé hiji kalangenan. Beuki lila, beuki jauh. Mimiti laleumpang padeukeut, beuki ditu beuki paanggang-anggang, néangan aing-aingan, antukna paburencay. Ngan Sam jeung Fonnie nu katénjo paduduaan téh, ti heula.
“Sakeudeung deui oge nyalingker geura éta nu duaan mah”, cék Syl tadi.
(lajengkeuneun)