Nasution Co

Silih Tulungan

Ku Dasiah

“Nis, ngawitan énjing kedah rajin nabung, artos kanggo jajan sésakeun sapalih, tabungkeun ka Ibu Guru!” Mamah nyarios bari ningali padamelan Anis dina buku PR.

“Anis mah siap-siap waé, Mah. Asal ageungan wé bekel jajanna!” waler téh bari ngulinkeun pulpén nu dianggo nyerat.

“Aya naon kitu, Mah? Anis maké kedah nambihan tabungan?” Anis malik naros.

“Tadi Mamah rapat di sakola, tos satuju sadaya, yén murid kelas genep sadayana kedah ngiring study wisata ka Jakarta.”

“Asiiik, iraha Mah?” Anis ngagorowok tarik pisan bakat bungah.

“Sasih Désémber saparantos ulangan umum, mung kapingna mah teu acan tangtos!”

Ti harita Anis getol pisan nabung, artos kanggo jajanna disésakeun, teras ditabungkeun ka guruna. Lami- lami mah tabungan Anis janten seueur. Cekap kango mayar ongkos sareng bekel jajan di Jakarta.

Saminggu deui kana waktosna pelesir. Sadaya murid kelas genep tos teu sabar hoyong énggal angkat ka Jakarta. Pina, ampir unggal dinten pamer acuk anu badé dianggona salami di Jakarta. Mila, sok nyarioskeun emameun nu bade dibekelna, pamasihan rakana anu didamel di kota. Dandi mah nyebatna badé mekel artos lima ratus rébu kanggo jajan sareng tumpak kaulinan di Jakarta. 

Anis ngaraos anéh upami ningali Eko. Manéhna lungguh pisan. Tara nyarios nanaon, tara pamér nanaon.

“Eko, badé ngiring ka Jakarta?” Anis naros Eko, gék calik gigireunna.

“Puguh bingung abdi mah, teu acan mayar kanggo ongkosna.” Eko nyariosna leuleuy. Katingali cai socana rembes dina socana.

“Mamah abdi mah teu gaduheun artos, sadidinten ukur icalan goréngan.” Eko nyarios deui, cai socana beuki seueur.

“Aya kénéh waktos da, Eko. Mudah- mudahan wé Mamah Eko kagunganeun artos énjing mah.” Anis ngahibur Eko.

“Ah duka atuh, Nis. Abdi mah kumaha Mamah, moal maksa, hawatos Mamah tos sepuh. Jaba tos teu aya Bapa.” Panangan Eko nyusut cai soca nu nyalangkrung dina socana. Anis ngiring nalangsa nguping cariosan Eko. Anis mikir, kumaha carana sangkan Eko tiasa ngiring ka Jakarta. Anis émut kana papatah guru ngaos di madrasah, yén urang kedah nyaah ka murangkalih anu tos teu kagungan bapa.

Basa nuju istirahat, Anis ngajak badami ka réréncangan di kelasna, kanggo nganbantos Eko sangkan tiasa ngiring pelesir ka Jakarta.

“Teu hayang teuing kudu méré Si Eko! Moal nyumbang uing mah! Keuheul ka Si Eko téh. Antep wé jalma teu boga mah ulah ditulungan, ogoan teuing!” Gopur alimeun mantuan Eko. Gopur teras ka luar ti kelas.

“Ih, Gopur mah mani kitu ka réréncangan téh. Wios ari moal ngabantos mah. Teu kenging judes kitu atuh, da Eko téh réréncangan urang, badé kusaha dibantosna upami teu ku urang!” Anis nepak taktak Gopur. Tapi Gopur mah teras wé indit ninggalkeun kelas.

“Kieu wé ayeuna mah, saha baé anu badé masihan kanggo Eko, sok pasihkeun ka Anis! Upami tos kempel pasihkeun ka Ibu Guru kanggo mayar ongkosna.” Pina nyarios tarik pisan, bari teras masihan artos ka Anis dua puluh rébu. Nu sanés seueur nu narurutan. Saparantos kempel, artos diétang. Alhamdulillah tiasa kanggo mayar ongkos ka Jakarta.

“Ibu, bingah pisan hidep sadaya tos tiasa ngabantos Eko. Mugia kasaéan hidep sadaya janten amal soléh.” Ibu Guru nyariosna ngalimba tapi katawis rarayna bungah. Ibu Guur ngarangkul Anis sareng murangkalih sanésna. 

Dinten Ahad pasosonten beus ageung tos aya di buruan sakola. Anis, Pina, Mila, Eko, kitu deui Gopur tos siap nganggo jékét, kumargi beusna nganggo AC. Saparantos amitan ka ibu ramana séwang-séwangan, sadaya murid naraék kana beus, sarta caralik dina jok anu tos diatur ku Ibu Bapa Guru. Ibu ramana séwang- séwangan jajap ku gugupay, daradah ka pala putrana nu badé pelesir.

Cag. 

Kintunan:

Dasiah, S.Pd., M.Si.

SDN. Cijulangadeg

Kp. Cijulangadeg Ds. Mandalajaya

Kec. Cikalong – Kab. Tasikmalaya

 

Katerangan:

Seratan ieu kantos medal di Manglé No. 2766