Carpon Dasiah
“Akang saha nu maot? Ěta sora serineu ngocéak tarik naker,” Mimin mencrong ka Ahmad salakina.
“Teuing atuh, asa teu ngadéngé aya nu gering parna, ingah!” Ahmad melong ka tebéh kidul nuturkeun léongna ambulan.
“Innalillahi wainna ilaihi roji’un…” hawar- hawar kadéngé sora nu ngumumkeun tina sepéker masigit teu jauh ti imahna.
“Tuh geuning, Sakang. Serineu téh tina ambulan nu mawa layon nu tadi téh!” Mimin garosingsat teu puguh cabak.
“Saha cenah nu maot téh?” Mimin malik nanya.
“Jih ari nyanéh Min, ka manakeun atuh ceuli téh? Sakitu jéntréna bieu dina sepéker, Nyi Susi apan!”
“Leuh mangka budakna leutik kénéh. Watir teuing tah budak, jadi pahatu lalis ayeuna mah.” Mimin rawah- riwih bari ngingsreuk.
Teu mangkuk sabaraha menit, Mimin saged rék ngalongok ka imah Nyi Susi. Gap kana baskom, kedewuk nyiuk béas tina gentong. Baskom méh pinuh laju ditumpangan emih tilu bal leutik meunang nganjuk ti warung hareupeun imahna.
“Kang, rék ngilu mulasara layon ingah ka kidul. Sangu dina gantungan, bisi rék mumuluk mah!” Mimin amitan ka salakina.
Teu sabaraha lila, Mimin anjog ka nu dituju. Kasampak layon geus teu nyampak di imahna, tayohna geus dibawa ka masigit rék disolatan. Mimin asup ka imah, maksud rék mikeun béas katut emih bawana.
Kasampak di patengahan imah, Dewi budak Nyi Susi, umur genep taunan, keur ceurik balilihan bari nyanyambat indungna.
“Mamah…Néng ngiring. Nging ngantunkeun Enéng, Mamah…Mamah…!” budak keur meujeuhna butuh kanyaah indung, teu répéh. Cimatana reumbay ngalémbéréh mapay pipina. Leungeun katut sukuna roroésan, pelongna mencrong ka jauhna basa layon mimiti digotong ka astana tungtung lembur. Mimin jeung tatanggana nu aya di dinya, pada- pada rambisak. Teu kuat nyakséni jumeritna Dewi nu kiwari pahatu lalis.
Hawar- hawar galindeng solawat, mirig aleutan mawa layon Nyi Susi muru pajaratan. Mimin rikat, buru- buru ngais Dewi. Laju milu aub kana aleutan. Cimatana teu kaampeuh terus ngamalir mapay pipina.
Teu sawatara lilana, liang kubur katémbong ngalombang. Layon Nyi Susi baris disidem mindah alam, nyampeurkeun lahan rupek heureut. Lalaunan layon digotong tina pasaran muru tempat pikeun pangreureuhan panungtung keur salawasna.
Dewi nerejel tina aisan Mimin. Laju lumpat muru layon indungna nu rék diasupkeun kana lombang.
“Mamah Enéng enging dilebetkeun ka dinya! Mamaaah hayu urang uih! Mamah…Néng hoyong sareng Mamah! Ma…maaah!” sora Dewi ngaleutikan, antukna les teu kadéngé kocéakna. Dewi kapiuhan. Mimin, buru- buru ngarangkul Dewi, beungeutna digaléntoran. Awakna diusapan dibarung maca istigpar.
“Ceu Mimin, Dewi candak mulang ka bumina. Upami tos sadar énggal pasihan eueut, teras haréwoskeun kalimah toyyibah kana cepilna!” Mama Ajengan nu mingpin acara ngurebkeun mapagahan ka Mimin. Mimin unggeuk, minangka némbalan kasauran Mama Ajengan. Laju gagancangan ngagedig muru imah Nyi Susi, dibarung kahariwang nu mingkin rosa kana kaayaan Dewi.
Mangsa tumorék nu jempling. Mimin nguniang hudang. Teu puguh rasa, bet inget waé ka Dewi, anakna Nyi Susi nu palastra alatan katabrak basa keur meuntas mangsa mulang ti pasar, tas ngiderkeun jajaneun budak, daganganana. Asa nalangsa mun ras inget ka dinya.
“Gusti, kumaha mun anak sorangan kitu? Tada teuing balangsakna, deudeuh teuing. Jeung saha Dewi kiwari? Geus dahar atawa acan? Cageur atawa gering? Ah, rék dilongok wé ka ditu!”
Wanci sareureuh budak,Mimin nepi kana teras imah Nyi Susi. Juru panonna mencrong nu ngagolér na tungtung téras. Dewi saré tibra naker. Awakna ngaréngkol nyanghareup ngidul, leungeun kéncana dipaké ngaganjel sirah. Nu katuhu diselapkeun dina sesela pingpingna. Mimin cingogo gigireun nu keur saré. Gap, leungeunna ngusap sirah Dewi.
“Deudeuh teuing anaking, rék kumaha pipetaeun anjeun ka hareup? Muga anjeun gedé milik, najan hirup pahatu lalis!” Mimin nyegruk gédéngeun nu saré di téras hareup.
Nu keur saré lalaunan ngulisik. Nyah panonna beunta. Teup, pelongna neuteup Mimin. Teu talangké Mimin ngarangkul Dewi, beungeutna digaléntoran. Buukna diusapan pinuh kadeudeuh.
“Geulis anaking, ti ayeuna Bibi jadi mamah hidep. Nya kitu deui Mang Ahmad janten bapa hidep, tong salempang nyanghareupan kahirupan. Bibi sareng Emang baris mikanyaah hidep, lir kanyaah kolot pituin. Hayu geulis urang milu ka imah Bibi! Tuh di ditu kabagjaan geus ngadago!”
Mimin, leumpang gagancangan ngais Dewi, anak Nyi Susi almarhum. Sanggeus meunang kasapukan boh ti kulawargana pon kitu deui ti kulawarga almarhum, pikeun ngagedékeun, ngatik ngadidik titinggal Nyi Susi.****
Cijulangadeg, Cikalong Tasikmalaya
Katerangan:
Carpon Nu Tibra di Téras Hareup karya Dasiah kantos medal di Manglé No. 2763.