Ku Yosep
Bi Wirna jeung Mang Kukna geus lila muka kios di hareupeun imahna. Kiosna mah saenyana leutik, tapi kaasup pepek barang daganganna. Ti mimiti jajanan barudak nepi ka bungbu dapur ogé aya. Batina pastina ogé mucekil. Eta waé sababaraha bulan katukang maké bisa meuli mobil kijang GLX jeung ngaréhab imah sagala.
Tapi ogé aya gosip, beungharna mah cenah lain ku saukur dagangan biasa. Tapi ku barang dagangan anu henteu dipajang. Naon barang dagangan anu henteu dipajang téh, naha narkoba atawa anu terlarang séjénna? Tong boro batur sakampung, tatanggana ogé henteu nyarahoeun.
Hiji peuting, kira tabuh sapuluhan, Bi Wirna jeung Mang Kukna téh keur leleson bari lalajo acara dangdut di télévisi. Martabak dina méja tinggal satengahna. Kios geus aya sajamna tutup. Oh, enya, Bi Wirna jeung Mangkukna téh acan diparengkeun boga turunan najan geus lima welas taun rumah tangga.
Keur ngareunah kekedengan dina sofa bari dipépéndé ku artis KDI, aya anu ngetrok panto. Bi Wirna nguniang hudang. Terus muka selot, muka panto. Kakara ogé méléngé saeutik, naha atuh panto téh aya anu nyurungkeun. Duaan bari ditopéng sarung. Anu saurang rikat nodongkeun péstol ka Mang Kukna anu ogé ngoréjat reuwas. Tapi Mang Kukna terusna ngeleper bakat ku sieun.
“Duit… mana duit…!” ceuk rampog anu nodong ka Bi Wirna.
Bi Wirna anu ngabeubeutkeun manéh kana sofa bari dut hitut, bakat ku sieun, kalah ngeleper. Bi Wirna reuwas. Tapi terus ngarayap ka panto kios. Duit anu duka sabaraha juta téh dicicikeun tina laci kana kantong pelastik.
“Anu hiji deui, euy!” ceuk anu saurang téh.
“Oh, heueuh!” Rampog anu saurang nodongkeun deui péstolna ka Bi Wirna. “Mana… inuman…! Inuman!!”
“Inuman naon?” Bi Wirna anu geus rada leler kareuwasna malik nanya.
“Inuman… anu haneut-haneut! Tong belegug siah bisi ngabeledag!”
Bi Wirna reuwas dikitukeun mah. Manéhna nunjuk dus di tukangeun panto.
“Bawa ku sia! Gancang!”
Bi Wirna anu bujurna kokompodan sieun ditajong ngorondang deui. Enya waé, dina dus anu ditutupan ku keretas koran jeung semu disumputkeun téh, aya inuman alkohol. Si rampog nampanan.
“Lain ieu siah! Anu ti luar negri…!”
“Di… di kamar,” ceuk Bi Wirna laun.
“Bawa…!!”
Bi Wirna ka kamar bari ditodong ku rampog. Enya waé, di kamar mah aya sababaraha dus botol Scotch Whisky. Bi Wirna terus nalian sadus siga anu diparéntah ku rampog.
“Tapi… tapi, Jang. Ieu mah… ieu mah…,” ceuk Bi Wirna.
“Ieu mah naon?!” Rampog téh nyentak.
“Inuman bahaya. Ujang mah sigana acan leuwih ti 17 taun. Ieu mah keur 21 taun kaluhur,” ceuk Bi Wirna henteu mikeun dus.
“Gagabah siah! Aing mah geus déwasa deuleu!”
“Tapi… tapi sorana.”
“Deuleu yeuh ku sia!” Rampog téh ngodok sakuna bari angger nodong. Terus nyabut SIM tina dompét ku sungutna. “Tah, deuleu SIM aing!”
“Oh, enya. Dua puluh opat taun,” ceuk Bi Wirna bari mikeun dus anu geus dibeungkeut.
Rampog téh ngajingjing dus. Bari angger nodong Bi Wirna, rampog téh kaluar ti kamar.
“Aya, euy?” ceuk rampog anu nodong Mang Kukna.
“Mucekil euy!” ceuk anu saurang deui. “Tong ngagorowok siah! Bisi ku aing didor!” Cenah ka Bi Wirna jeung Mang Kukna.
Rampog anu saurang mundur bari angger nodong Bi Wirna, terus noong ka luar imah. Teu lila sora motor dihirupan. Rampog téh lalumpatan. Sora dua motor ngadius ngebut. Geus kitu mah Bi Wirna jeung Mang Kukna kalaluar imah bari pating gorowok: “Raammppogg…!”
Di kantor pulisi Bi Wirna jeung Mang Kukna laporan. Lantaran rampog téh kungsi nempokeun SIM, atuh pulisi téh gancang nyusudna. Tilu jam ti harita, rampog anu opat urang téh kacerek keur marabok di saung sisi sawah. Salain duit, roko, kadaharan, sababaraha botol Scotch Whisky jadi bukti.
Isukna, Bi Wirna jeung Mang Kukna anu dicerek. Pasalna, ngadagangkeun barang haram Scotch Whisky. Jadi, rampog jeung anu dirampog sarua disél. ***
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2768.