Ku Mhd. Rustandi Kartakusuma
“Tingali!” pokna. Jeruk nu sapasi téh diciumkeun ku Kang Har, bari panonna neuteup kana beungeut. Cahaya panonna beuki baseuh, haneutna jadi panas. Pel si jeruk ditapelkeun deui kana sungut kuring, ngok diciuman deui ku Kang Har.
Sirah rék dibalieuskeun deui, tapi teu wasa, panon asa dicekelan ku panon. Tapi akhirna ngeluk tungkul, bari pok ngomong dareuda: “Kang Har mah ngan … ngan …”
“Ngan kumaha?” Sora Kang Har ogé rada ngageter.
“Ngan resep ngulinkeun baé ka istri téh.” Pluk jeruk murag tina leungeun Kang Har. Gep leungeun kuring dicekelan. Rék dibetot deui, pageuh.
“Ngulinkeun? Na enya kitu karasana ku Iin?” sorana enya ngadégdég, tapi mawa seuneu ngagugudag. “Henteu, In! Kang Har henteu ngulinkeun. Tingali! Tingali panon Kang Har. Dina panon Kang Har ku Iin tangtu bisa kabaca, naha Kang Har ngabohong atawa henteu.”
Sirah tetep tungkul.
“Tingali panon Kang Har, In! In, tingali!”
Lalaunan kuring tanggah deui, nempo, neuteup kana beungeut Kang Har, kana panonna. Panon Kang Har males neuteup. Sajongjongan pateuteup-teuteup. Ati asa aya nu ngarames, ngajejewet. Karasa panon baseuh. Les leungit langit nu salega langit, laut nu upluk-aplak, lambak jeung ombak nu ngaguruh. Sakujur badan ngadak-ngadak jadi leuleus teu nangan, lungse taya tangan pangawasa. Kahayang mah ngagoledagkeun manéh kana dada Kang Har, ménta panyalindungan dina bénténg nu tohaga. Tapi éta kahayang ku kuring ditahan.
Leungeun karasa diangkat, dibawa kana beungeut Kang Har. Diusap-usapkeun kana pipina, kana biwirna. Dicium, digalemoh. Biwir Kang Har leuleus, tapi panas saperti waja meunang meuleum.
Ahirna leuleus lungse teu katahan deui. Sirah ngagoledag kana dada Kang Har. Segruk kuring ceurik eueuriheun. Buuk nu ngarumbay karasa diusapan ku leungeun nu ngadegdeg.
“In, geulis, ku naon nangis? Ku naon, In? Tapi …. da Kang Har gé hayang nangis, mun seug lain lalaki mah. Duh, Iin, dunungan! Ku naon ieu haté Engkang asa dijejewét?”
Hi, kapan haté Iin ogé pon nya kitu, asa dijejewet, Kang Har!
“In! Iin téh jodo Engkang, bojo Engkang, junjunan jeung pupustén Kang Har!”
“Kang Har, ulah abong jaman modéren, resep ngulinkeun ka istri. Mun badé ameng mah, kapan seueur nu sanés, nu sami-sami modéren? Ulah sareng abdi palay amengan mah atuh, Kang Har!”
Badan beuki rapet diteueulkeun kana dadana.
“Cing dangukeun éta ratugna angen. Mani kawas dulag! Éta téh angen nu keur ngulinkeun? Nu keur heureuy?”
Percanten Kang Har, Iin percanten. Kang Har mah kapan bénténg panyalindungan, nya éta panyalindungan abdi, panyalindungan Iin.
Les leungit kanyaho kana waktu, leungit kanyaho kana tempat di mana-manana kuring aya. Suku asa teu nincak ka bumi alam, asa ngapak diawang-awang, babarengan jeung méga, jeung malaikat nu teu katenjo jirimna tapi karasa ayana, malaikat nu hadé haté alus bubuden, malaikat kakasih Gusti nu Maha Asih. Asih, Maha Asih Gusti nu Murbeng Alam, nu maréntah, nu ngawasa ka urang sadaya. Asih, Maha Asih Gusti nu nyipta urang, manusa jeung mahluk lianna.
Lagu laut jeung lambak lagu asih; Nya lagu asih nu diharewoskeun ku dalingding angin. Nya lagu asih nu medal tina haté kuring jeung haté Kang Har. Urang hirup téh di dunya asih, icikibung di talaga asih, ka luar abus ka leuweung asih. Asih, sagala asih. Ngan dina asih manusa tepung deui jeung Gustina. Ngan dina asih manusa bisa tepung jeung manusa, tepung sajatining tepung, lain tepung satepung-tepungna, tepung awor jadi hiji.
Kang Har pijodoeun kuring, Kang Har nu sakitu modérenna, kuring nu sakieu dusun meledugna. Éta diomongkeun ku kuring.
“Ti semet ayeuna lin ulah hayang jadi mojang modéren!”
Kuring can bisa nanya, naha ku naon mana kitu. Maksud téh, engké deui baé ménta katerangan mah. Ogé ku naon nu matak ka kuring, padahal saréréa ogé nyangka Kang Har téh pikir kadua leutikna nya ka Sylvia, bintangna kota kembang, nurub cupu mun ka dinya téh.
Isuk Rama Kang Har rék disuhunkeun ka Cijambu, manggihan Mama …. ngalamar putrana nu istri, pun Iin, kuring.
“Diengké-engké mah, bisi kaburu bener lin jadi mojang modéren”, cék Kang Har. Geus dilamar, kawin. Geus kawin, imah-imah.
Kuring teu ngabantah teu ngalawan. Éstu nurutkeun sakahayang Kang Har. Ni’mat pisan ngaleungitkeun kahayang sorangan, tunduk kana kahayang Kang Har pisalakieun: tumut taat kawas tadi basa ngambangkeun manéh di laut, angkleung-angkleungan, ayeuna mah lain ditanggeuy ku lambak, tapi ku asih, ku asih tresna sajatining asmara.
Wanci srangéngé tunggang gunung bral saréréa mulang ka Bandung. Kerang beunang néangan ngan saeutik. Sam henteu pati gumbira saperti tadi. Ogé Fonnie genitna rada ngurangan. Tapi duanana katenjona siga nu sugema pisan, kawas nu lapar tas dibéré dahar. Duka naon sababna mah.
Nu nyupiran Kang Har deui. Ari cicingna mah masih saperti tadi. Tapi ayeuna mah cicingna séjén.
Naon séjénna ngan kuring nu nyaho …. *** (réngsé)
Kungsi medal dina Mangle No. 83 September 1964