Nasution Co

Tumbal-Tumbal Cadas Pangeran (1)

Ku  Ensa Wiarna

(Bagian 1)/ 2651

Langit angkeub.  Gunung Manglayang ditiung pihujaneun.  Nu keur lakon gawé nyieun jalan, ngarep-ngarep hujan ngagebrét. Kajeun rancucut, batan dirangkétan pecut upas.

Nu keur rodi atawa kerja paksa atawa ceuk rahayat mah lakon gawé,  teu meunang  capé. Paréntah  mandor,  teu bisa dipersabenan. Pancén nu euweuh piliheun jeung teu bisa milih.  Sawaréh nugaran batu, sawaréh mobok pasir  cadas. Balincong jeung linggis patingbelentrang kana batu, sakapeung ngaburicak ngaluarkeun seuneu. Batu nu asalna sagedé-gedé awak munding, didagoran ku martil jeung balincong, sina bareulah, sina bubuk. Geus kitu, dipundakan dipaké nyaeur jeung ngabalay jalan. 

Salila satengah bulan lakon gawé nyieun jalan di éta wewengkon, aya duaan nu nandangan hukuman, dirangketan ku upas jeung mandor.  Alatanana, dianggap henteu tuhu kana paréntah. 

Nu dirangkétan téh Ki Tasim, urang Pasireurih, tonggoheun éta jalan. Pédah sanggeus  istirahat teu buru-buru barangawé deui. Kitu téh lantaran nyeri cangkéng, teu kuateun manggulan batu beurat da umur inyana téh geus leuwih ti genep puluh taun.

Angkanana mah,  rék nyarandé heula dina batu sisi jalan  nu kaiuhan ku tangkal asem. Moal lila, dapon ngalempengkeun awak. Ngan, kakara gé tonggongna antel kana batu,  jedér Upas Keling ngarangketkeun pecutna kana awakTasim.

“Belegug, siah! Hayoh hudang!” Nu hohoak téh dituturkeun ku jedérna sora pecut tilu kali.

Mandor séjén  ngadeukeutan Ki Tasim nu keur ngayékyék. Teu nolih ka nu baluas, mandor  jeung  upas  ngagusur Ki Tasim. Geus kitu, disarandékeun dina batu nu jangkungna sadada kolot. Beuheung Tasim ngadangheuak.

“Cetér! Ceter!”  Pecut upas disada deui. Disusul ku sora upas séjéna ngomandoan.  

“Kadarieu euy! Saksian ku maranéh. Tah, mun baha, bakal  kitu balukarna!” ceuk upas bari nunjuk ka Ki Tasim nu dadana rembes ku getih tapak pecut.

Upas jeung  mandor  tara asa-asa mecut jeung ngababukkeun iteuk hoéna ka pagawé.  Kitu téh lantaran jalan lebah dinya kudu buru-buru anggeus, ulah leuwih ti dua minggu deui.

Méméh dikontrol ku Gubernur Jendral Herman Willem Daendels,  éta jalan baris dipariksa heula ku Tuan  Asisten Residen.  Ku lantaran kitu, kumpeni, upas, jeung mandor, moal ngantep pagawé nu léléda.

Geus pada apal, mun aya paréntah  kitu, ngumpul téh kénca katuhueun nu keur disiksa. Najan teu téga,  kapaksa batur-batur Ki Tasim gé nyaraksian.

Ki  Uda  teu tégaeun nempo baturna kitu téh. Ngan, teu bisa majar kumaha, teu werat nulungan. Da, mun aya nu némbongkeun kawani, komo mun ngalawan hukuman gé balkal tumiba ka pagawé séjénna.

Ngabandungan  nasib baturna kitu, Ki Uda mah ukur ngadoa, miharep pitulung ti Nu Mahakawasa.  Malah, haténa mah, ngarep-ngarep hujan ngagebrét, ngarep-ngarep dor-dar gelap. Ceuk pikirna, meureun mun hujan kawas kitu mah, upas jeung mandor téh moal tuluy-tuluyan nyiksa.

Rét ka luhur, kana dahan asem, témbong sayang engang sagedé sééng. Bet ngarep-ngarep éngang narajang ka nu di darinya.  Kajeun teuing mun manéhna gé  kaseureud éngang asal mandor jeung upas nu julig sarua ngarasakeun  kanyeri.  Mun éngang narajang, apan moal pulah-pilih, moal milihan nu lemah atawa nu kuat, moal sieuneun ku nu nyenyekel pecut, mol sebereun ku soldadu atawa kumpeni nu nyenyekel bedil.

Pecut pating caretér.  Teu dikeunakeun deui deui ayeuna mah, da Ki Tasim geus teu nyoara,  kawas nu kapiuhan. Pecut téh ukur diceterkeun dipaké nyingsieunan pagawé séjéenna nu ngajajar bari tarungkul, maling rérét ka nu ngajehjer teu walakaya.

Salah saurang upas nu cikénéh ngarendeng jeung soldadu nu nodongkeun bedil muru Ki Tasim. Upas jeung mandor séjénna mantuan ngahudangkeun nu ngajoprak,  sina nangtung, disarandékeun deui kana éta batu. 

Taksiran Tasim geus éling. Manéhna maksakeun nangtung, sirahna ngalenggak ka ukang. Sukuna ngadégdég nahan awakna. Leungeun kenca-katuhuna ngayap ka tukang néangan cecekelan.

Sajongjongan simpé. Ukur sora manuk patémbalan nu jolna ti tonggoheun éta pasir. 

“Dor! Dor! Dor!”

Sora bedil tarik naker, da puguh nampeu. Ngadéngé sora bedil, Uda meubeutkeun manéh, nangkuban. Nu séjén gé sarua, lantaran sieuneun kasamber pélor.

 “Tobaaat…! Ampuuun…!”

Jeritna Ki Tasim nyasaak haté.  Inyana ngalumbuk,  jajantungna katembus pélor.

Mandor jeung upas patingcakakak. Soldadu nu cikénéh nembak Tasim ngacungkeun bedilna ka luhur. Haseup tina kucubung meleték. Geus kitu, éta bedil téh disorosodkeun ka handap. Tungtung kucubung nu haseupan kénéh téh dilétakan bari mureleng kana layon Tasim. Kecrot  nyiduh! 

Nu keur narangkuban, ngadedempes. Sieun aya pélor nyasar. Ari mandor jeung upas mah, pating lalejeg, lir nu unggul jurit.  Tapi, keur patingcakakak, éta mandor jeung  upas patinggaroak. Horéng, sayang éngang nu dina dahan asem murag, ninggang batu. Engang nu keur nyayang, mancawura lir kacang ninggang kana katel nangkub. Breng narajang sakur nu aya di dinya. Nu jadi sasaran, upas jeung mandor, da nu keur lakon gawé mah narangkuban kénéh. 

Horéng,  ragragna éta sayang téh lantaran aya nu maledog ku batu sagedé-gedé muncang. Batu-batu nu ditenggorkeun pating beletak basa upas jeung mandor lalumpatan diudag éngang téh. Ngan, éta batu téh teu puguh ti lebah mana-manana.

Upas jeung Mandor lalumpatan, jlung-jleng ka susukan, nyingakahan éngang.  Ari soldadu mah, langsung muru téndana. 

Jep nu cikénéh ribut téh jempé. Nu kadéngé, ukur sora manuk kawas nu patémbalan, ngajauhan. Padahal, waktu jedor sora bedil, manuk nu récét dina tangkal asém mah,  malabur sieuneun.

Ki Uda nangkuban kénéh nangkeup sirah.  Inyana kagéteun ngadéngé sora manuk kawas kitu téh. Ceuk pikirna, mun enya manuk,  pasti  malabur, sieuneun ku sora bedil. Ras inget ka nu ngabeletak kana tangkal asem, kawas paaduna sora barang teuas, disusul ku ragragna sayang éngang. 

“Boa ragragna sayang éngang téh, lantaran dibalédog. Tapi, saha nu malédogna?” ceuk pikirna.

Sangeus éngang  teu narajang, Uda sabatur-batur narangtung deui. Melong Ki Tasim nu geus ngalungsar jadi banusan.  

Mandor jeung upas daratang deui. Nitah sababaraha urang pagawé ngagotong Tasim. Kahayangna nu keur rodi mah, éta layon téh dikubur, tapi, ku soldadu ulaheun, cukup digulutukkeun kana jungkrang. Nu ngagotong teu bisa majar kumaha.

“Hampura Sim….” ceuk nu ngagotong.

Méméh ngaleupaskeun layon,  inyana ngusap cipanon dina pipina, saterusna diusapkeun kana beungeut mayit.

Ki Tasim mungkas lalakon. Jadi tumbal jalan, jadi parépéh patalimarga keur kamamuran  nagri Walanda.  Ki Uda ngahuleng. Ras kana carita-carita nu nepi ka manéhna.  Loba pisan korban alatan éta jalan téh. Pipikiranana ngulayaban nyusud jalan, Anyer, Bogor, Sukabumi, Cianjur, Bandung, Sumedang, parat ka Cirebon. 

“Emh,…!” Ki Uda ngarahuh.

Béja nu pating sulusup kana ceulina, nyangkaruk dina batinna.  Jalan nu  ngendat meulah jagat tatar Sunda, diémbrat  késang jeung getih rayat.  Haréwos bojong bukti lalakon,  ngabarigeu dina pajaratan tanpa tutunggul. Urut bugang pasoléngkrah, nu ngagantung jeung ngagulawing, jadi ngaran tempat anyar.  Pasir Gulawing, Waru Doyong,  Lebak Bugang,  jeung sajabana, jadi kembang carita rahayat  nu teu weléh ngadunungan.  

Peuting éta Uda nyileuk. Nu kasaksén tadi beurang , hésé disieukeunana. Rurupaan Ki Tasim napel dina kongkolak panonna. Kitu deui jeritana nu panungtung,  kadéngé waé, asa ngésétan mamaras rasana.

Rayat pantaran Ki Tasim teu bisa majar kumaha. Ukur wasa pasrah sadaya-daya. Kekecapan mangga, sumuhun dawuh, jeung ngiringan, tara jadi jampé balai. Da ahirna mah, dipaksa kedal ucap, ampun jeung tobat, dina napas panungtungan. 

Uda malik saréna, blak nangkarak. Panonna nembus lalangit saung hateup eurih. Hujan, miripis, kadéngé paralakna ninggang dangdaunan. Tapi, haté Uda teu matak tiis. Angger ngagedur asa direrab. 

Aya karep, rék narajang Kumpeni harita kénéh, tapi, mun dilakukeun, kalah wowotan. Malah,  nu bakal jadi korban téh lain ukur manéhna wungkul, nu teu pipilueun ge pasti kabarerang, moal boa harita kénéh nu rodi téh dijajarkeun diembrat  pélor soldadu. 

Ras inget ka sabaraha urang babaturan jeung  sobatna.  Mun araya di lembur,  meureun, aya nu bisa dikumahaan. Tapi, da ayeuna mah keur marunggah haji, nu can tangtu iraha-irahana marulang deui. 

Mingkin dieu, rahayat mingkin sangsara.  Leupas ti Vereenigde Oost-Indische Compagnie (VOC), pakumpulan sudagar urang Walanda,   nu ngawasa Tatar Sunda téh pamaréntahan Walanda.   Soldadu nu balawiri  di jalan-jalan, najan  katelahna angger kumpeni, saperti waktu keur jadi tentara VOC, ayeuna mah, tentara Karajaan Walanda,  tentara pamaréntah. Soldadu nu mancén gawe purah ngajaga di tempat rodi gé, angger katelahna mah kumpeni. Ngan, aya bedana, nu ayeuna mah, leuwih garalak! 

Kituna téh, da tentara nu ayeuna mah purah perang, lain ukur ngajaga kaamanan para sudagar Walanda. Nya, pangaruh ka anak buahna gé gedé kacida. Upas jeung mandor di tempat lakon gawé, nu jadi bawahan soldadu gé  mingkin garalak. 

Robahna pasipatan tentara, lantaran pangaruh kapamingpinan ti luhruna. Pamarentah Belanda kacida hayangna mertahankeun  nagri jajahan tina ancaman Inggris. Ku lantaran kitu,  arinyana gé metakeun rupa-rupa tarékah.  Balukarna,  rahayat mingpin ripuh lantaran loba kawajiban nu misti ditedunan.

Rodi gé kaasup kawijakan anyar pamaréntah. Rahayat kaum lalaki dipaksa lakon gawé, nandonkeun tanaga geusan kalacaran pamaréntahan.  Sakumna  rahayat jajahan di pulo Jawa nu padumukna nampeu ka jalan nu keur dijieun diwajibkeun ngalaksanakeun rodi. Sina nyieun jalan nu ngendat ti Anyer tungtung kulon pulo Jawa nepi ka Panarukan tungtung wétan ieu pulo. 

Uda mikir. Inyana néangan jalan geusan ngahampangkeun bangbaluh rahayat. Ceuk pikirna, mun téa mah rahayat kudu lakon gawé  pilihan wé barudak nonoman nu belekesenteng kénéh, ulah nu geus rarempo atawa nu gering atawa nu can sawawa. Tapi, pipikiranana kitu téh dibantah deui ku dirina. Inyana teu  yakin mun pakarepanana aya nu ngahaminan.  (Hanca)