Ku Adé Wa Ojo
Awal taun 2000-an hapé téh masih kaasup barang méwah. Di lembur kuring nu bogaeun bisa diitung ku ramo. Ukur jalma beunta nu kabiruyungan téh. Nu matak mun aya nu nyenyepeng hapé, leumpangna sok médéngkréng. Hapéna dikeukeuweuk tara disakuan; ramo ngarampidak diramakahkeun. Maksudna méh katémbong ku balaréa. Ana sakalieun aya nu nelepon, némbalana ngahaja didengérkeun. Nyebut “halow” meni ngageleger mandé guludug. Atuh geunjleung salelembur….
Jalmi ipis modél kuring ukur bati kumétap. Napsu rosa tanaga suda. Lalajo jalma jéngjlé nyo’o hapé lir embé kumincir, mun kongang hayang nyurilam. Minimal téké ateul dua gepré mah. Tuman!
Ari deuk kikituan, inggis ngalanggar Undang-Undang HAM. Hayoh kéh kacanir bangban unggah balé watangan. Asa teu bergéngsi mun kudu urusan jeung pulisi gara-gara néké. Jeung barina ogé, ari maké hapé mah bébas. Taya palaturan nu nyengker cara-carana ngagunakeun hapé. Éta cenah dék bari gogoléran pék, deuk dibarung lulumpatan prak, rék sakalian jujungkiran jig. Sakadutna-sakadutna, karep kuma dinya.
Kira taun 2003-an kakara ngasaan boga hapé téh. Lain meunang meuli, da puguh can kabedag. Diparengkeun ku Ki Sobat kaajakan nulis buku pelajaran SD/MI. Minangka pamanjer honorna dipasrahan ha-pé.
“Tah, paké méh aya nanaon ané babari komunikasi,” cék Ki Sobat bari ngasongkeun hapé anyar nu masih didusan kénéh, “Sakalaian jeung nomerna. Yeuh geura pasangkeun!”
“Kuma euy carana?”
“Leuh, dasar dusun meledug! Kieu tuh…,” Ki Sobat ngenyang nomer. Béréwék bungkusna disoéhkeun. “Chips” na langsung dibebeskeun ka jero ha-pé.
“Sok tés kadinyah!”
“Cobaan kumaha?”
“Enyaan kuper ilaingah….”
“Nyasatuh bogana gé kakara ayeuna….”
Hih, enya wé pangaruh tina hapé mah perbawana téh jéngjlé. Bet asa balik deui ka mangsa rumaja; pupujieun bin gumasép. Paingan batur baheula tingpédéngkréng. Da kuring gé leumpang téh ujug-ujug nyérékébéngbéng; persis hayam anakan dék ngabintih.
Hapé teu weléh dilagar, dikeukeuweuk na dampal leungeun. Padahal wadahna geus diajangan, ngajeplok palebah beubeur jiga korang. Asa teu sohéh tuda mun sina nyanyang téh. Inggis teu katangén ku batur. Heuheuy deuh…!
Palebah dina riungan, hapé beuki ngahajakeun diébréh-ébréh. Sakalieun aya nu muji, irung mudigdig rubak. Rubah-rebéh kawas balon ditiup. Seug komo mun aya nu ngabél, geuwat ditémbalan bari nyarita saéngabna mandéan tukang obat jarawat. Ngomong gogorowokan nyeta-nyeta jurkam mangsa usum kampanyeu. Atuh mun euweuh nu ngabél, sok ngahajakeun ngoling batur. Saha wé sakainget. Nu penting nomerna aya dina daftar kontak. Ngomong sabulang-béntor, teu puguh hulu-buntutna. Da sasat ukur hayang katanggar wungkul.
Sakali mangsa indit ka Puskesmas; tatamba si Bungsu nu kaserang arateul. Di ruang tunggu, kasampak geus napuk pasén jeung nu nganteurna ngadago giliran. Untung wé korsi kosong nyésa kénéh duaaneun. Gék diuk. Leungeun katuhu nu ngaranggeum hapé disolodorkeun ka hareup. Méh pada nénjo….
Sabot nyirnakeun awak, kring ha-pé ngurulung. Telepon ti Ki Sobat. Gasik diangkat. Teu tatapasini, kuring nyarita sabeledugna.
“Halo! Yah…yah… kuma cageur? Éta buku iraha dicitakna? Mun bérés ngoling nya méh ané apal. Kadé eum honorna tong poho. Ulah aya putang-potong ah! Ku antum wé pajakna mah….!”
Kuring norowéco bari lajag-léjég, lir Radén Arya Bima kahulag Suyudana. Ruang tunggu teu sirikna eundeur; kaider ka saban madhab. Tapi, Ki Sobat jempé teu ngawaro. Panasaran, ha-pé diilikan. Manahoréng ukur ngamiskol wungkul! Paingan….
Kuring latam-létém jiga domba adu éléh abar. Nu ngariung ceuleumeut nareuteup. Téngsin déch akika.
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2771.