Ku Ensa Wiarna
(Bagian-2)/2652
Lamunan Ki Uda ngulayaban ka mana-mana. Ras inget kana caritaan Dén Rahmat sabatur-batur sawarata bulan ka tukang basa tepung di Tegal Kuda, di lingkungan pasantrén Mama Ajengn Rauf.
“Itung-itungan Kumpeni, mun éta jalan geus nyambung, ti Batawi ka Surabaya bisa disorang salapan poéeun,” ceuk Dén Rahmat.
“Mapah éta téh, Den?”
“Mun numpak kuda.”
“Kudana sina lumpat?”
“Lain, biasa wé leumpang, nyalsé.”
“Mun sina lumpat kawas balap sabaraha dinteneun tah?”
“Nyao teuing!” ceuk Dén Rahmat.
Aya kana wélasna poé, Den Rahmat ninggalkeun pasantrén,milu ka lembur Ki Jahir, urang Karawang. Ti dinya, nyampeur Dén Sukma urang Cirajang, Cianjur. Tiluanana gé narunggang kuda.
Léngkah munggaran gubernur jenderal, nata jalan. Nyambungkeun Jalan ti wéwéngkon Banten ka Batawi, ka Buitenzorg (Bogor) , ka Puncak, ka Cianjur, ka Bandung, ka Sumedang, parat ka Cirebon. Ti dinya terus ka wetan, nepi ka Panarukan, tungtung wétan pulo Jawa.
Maratkeun jalan di pulo Jawa, aya nu ukur kari ngalegaan, da geus aya jalan saméméhna, aya nu kari nyambungkeun, da saméméhna mah kapegat ranca atawa rawa; aya ogé nu ngahagal nyieun, nu saterusna sina nyambung jeung jalan nu geus aya.
Pagawéan nyieun jalan, teu gampang, da kudu nyaeur rawa atawa nyaeur jungkrang, aya ogé tempat nu netek teuing, nu kudu dipapas sina rada mayat. Nu bangga mah mun kudu meuntasan walungan. Tah, éta mah kumaha walunganana. Mun walunganana henteu lega teuing, nyambungkeun jalan téh ku jambatan saperti di lebah walungan Cisokan, Cianjur téa. Ngan, upama walunganana lega pisan, bangga pisan mun kudu nyieun jambatan, keur peupeuntasan téh maké rakit atawa parahu nu ditarik ku tambang nu dirara tina kulit waru.
Dén Rahmat jeung baturna, teu lila di pasantrén Mama Ajengan Rauf téh, ukur tilu poé. Kituna téh, ukur bébéja, da cenah, arinyana mah, rék mariang ka Mekah, ngalaksanakeun munggah haji. Ngahaja bebeja heula ka ajengan menta piduana.
Poé isukna, murid ajengan ti wewengkon wétan gé, saperti ti Tanjungsari, Cipacing, jeung Parakanmuncang, daratang ka Panstrén. Arinyana téh, Dén Rangga, urang Parakanmuncang jeung Den Samba urang Cipacing. Nonoman nu limaan téh, pupulih ka ajengan jeung para santri, séja miang ka Tanah Suci.
Sukuran dipangnumpengkeun ku Ambu Siti, garwa ajengan. Ngahaja deui ngondang patinggi, minangka wawakil pamaréntah.
Bada Isa, para santri téh ngawarangkong deui. Nyaritakeun papangihan séwang-séwangan. Obolan téh, museur kana kaayaan rahayat nu mingkin balangsak. Kawajiban lakon gawé maksa para bupati ngeprak rahayatna. Atuh, pangawulaan (bupati) teu bisa majar kumaha.
“Rahayat urang mah ukur ripuhna; nu untung mah Walanda,” ceuk Ki Jahir.
“Mémang kitu! Rahayat tutugan suku gunung geulis beulah kaler nu kabawah ka Sumedang, lain ukur sangsara tapi deui loba nu balik ngaran?” ceuk Dén Rangga.
“Naha kumaha kitu?” ceuk Den Rahmat.
“Sok we pikir! Rahayat sina mapas jeung nugaran pasir cadas. Pakakasna ukur balincong jeung linggis, tangtu wé bangga kacida! Ku telengesna kumpeni, nganggap rahayat téh kuda umbal, teu meunang capé. Mun nu kaciri melencing, dirangketan ku pecut jeung iteuk hoé. Malah, geus aya sababara urang nu maot lantaran dibedil,” pokna.
“Kutan! Kumaha atuh ketak Dalem Sumedang?”
“Enya, kumaha sikep Raden Aria Surianagara atanapi Pangeran Kusumadinata?” ceuk Ajengan Rauf.
“Tangtos kacida benduna anjeunna gé.”
Dérékdék Den Rangga ngadongéngkeun béja-béja nu lakon gawé di éta tempat. Rodi atawa kerja pakasa di dinya téh sasat sosoroh nyawa. Loba nu teu kuateun, nu ahirna garering. Tapi, teu meunang balik, terus dipaksakeun nu ahirna mah, loba nu wani ngalawan. Ngan, nya kitu, batan ditedunan kahayang mah, kalah disiksa, malah teu jarang nu dibedil harita kénéh.
“Kangjeng Pangéran, tebih-tebih ogé ti dayeuh Sumedang, sering jengkar ka tempat rahayatna lakon gawé. Nanjak ka luhur, nyaksian rahayat séba tanaga. Leres, nuju aya Kangjeng Pangeran Kusumadinata mah, soldadu gé taya nu wantuneun telenges,” pokna.
“Percantén ka anjeunna mah, da ku para gegedén kumpeni gé diajénan,” ceuk Mama Rauf.
“Mung, angger wé, tos Kangjeng Pangeran jengkar ti dinya mah, mandor, upas, jeung kumpeni gé samemena deui.”
“Mama percaya, Kangjeng Pangéran moal ngantep. Tangtos ngayakeun tarékah kanggo kamaslahatan rahayatna.”
“Muhun, da saurna anjeunna gé parantos ngintun serat ka Mas Galak di Jakarta,” ceuk Rangga deui.
Rahayat nu lakon gawé di wewengkon Bandung gé, teu kurang-kurang matak sangsarana. Apan, najan teu loba nu korban cara di pasir cadas nu perenahna antara Tanjugsari jeung Sumedang, korban mah patingjarungkel.
“Nya tangtos Dalem Bandung gé, Kangjeng Raden Adipati Wiranatakusumah, sami nalingakeun rahayatna. Apan, ajeunna gé ayeuna téh tos ngawitan sering ka wewengkon kaler nalingakeun rahayat nu lakon gawé. Saurna, ogé nataharkeun kanggo puseur dayeuh anyar. Ti Krapyak téh badé ngalih ka kaler, nyaketan jalan.”
“Ama gé ngadéngé perkara éta téh.”
Dina hiji waktu, sawatara bulan ka tukang, Mama Rauf nyaba ka bumi panghulu, di dinya tepung jeung demang. Harita juragan demang, nyaritakeun yén Mas Galak peupeujeuh sangkan dayeuh Bandung dipindakeuehn ngadeukeutan jalan anyar.
“Zorg, dat als ik terug kom hier een stad is gebouwd!” ceuk Mama Rauf malikan kekecapan kepala cutak.
“Naon éta téh hartosna?” ceuk Ki Uda nyigeung Dén Rahmat.
“Mun ceuk basa urang mah, ‘Upayakeun, mun kula datang deui ka dieu, di dieu geus diwangun kota’. Tah kitu!” walon Dén Rahmat.
Kerapyak téh sisi walungan Citarum, deukeut muara Cikapundung. Memang, Kangjeng Dalem gé geus ngarancang mindahkeun éta kota téh. Lantaran, kaémuteun ku anjeunna, lebah dayeun ayeuna téh kaasup padataran handap babari kaéléb cai Citarum. Ari pindahna ka belah kalér, ka kuloneun Cikapundung kénéh, ngan da kaasup wewengkon luhur.
Di sabudeureun pidayeuheun, aya sababaraha lembur, di antarana Cikapundung Kolot, Cikalintu, jeung Kampung Bogor. Mémang lebah kaler pidayeuheun téh leuweung kénéh, tapi padumukna gé geus puluhan kurén.
Heuleut sawatara poé, semah nu kungsi masantrén di Mama Rauf marulang ka lembur masing-masing. Nu saterusna, rék mariang ka Batawi, ka palabuhan Sundakalapa, ti dinya meuntas lautan muru Mekah narumpak kapali milikna pausahaan Walanda. (Hanca)