Ku Roy Rukmana
Divana Putri Angela, siswi kelas IX salah sahiji SMP Negri di Kota Bandung. Dasar budak jaman now, embung katinggaleun jaman. Murid anu humoris ieu rajin nga-vlog, bagikeuneun di yutub.
Ngarah ténar ngahaja maké sandi asma Diva Demés, luyu jeung irungna anu rada depek. Dedeganana gamuleng, pipina tembem, buukna dibop diponi. Ari kulitna hideung santen, nyari-nyari manis. Ka sasaha babari akrab, tara milih-milih babaturan jeung teu bauan.
Geus tilu poé Diva aya di lembur akina. Ngahaja ngadon liburan di kampung. Hayang nyeuseup hawa seger, kitu alesanna mah. Meureun bari néangan ideu jeung obyék keur nga-vlog. Siga kamari meunang mangsa, ngawawancara ema-ema anu keur di sawah.
Wanci haneut moyan ngahaja jalan-jalan ngaliwatan pasawahan. Najan meulah pasawahan jalanna geus dibeton, lébarna kira-kira asup hijieun mobil Angdés, angkutan padésaan. Di juru sawah deukeut jembatan, katempo aya ibu-ibu tiluan, keur nalian pibiniheun.
Kusiwel, manéhna ngaluarkeun hapé jeung tongsisna, tina kantong leutik anu disoléndangna. Rap, diterapkeun. Uprak-oprék, cutrak-cetrék dicobaan heula.
“Yés, okéh!” gerendengna.
“Halo, halo…, guys … Wilujeng wayah kieu. Tepang deui sareng Diva Demés dina kontén HSDD, alias Hépi-hépi Sareng Diva Demés. Ku naon bet Diva Demés, sanés Diva Bangir? Margi irung sim kuring mancung. Mung mancungna sanés ka payun, tapi ka, ka…, ka gigir. Aheuy. Ulah hilap komén, like sareng subscribe heula canél ieu, nya!” pokna. Uman-imen, gumeulis. Beungeutna teu leupas tina kaméra hapé, tongsisna dicekel pageuh ku leungeun kéncana.
“Dinten ieu Inceus, haduh gaya Inceus, nya? Muhun, kaleresan Nénéng nuju aya di lembur. Cindekna di Dusun Bojong, Sumedang Utara. Dina raraga pupujieun. Aéh… sanés kétah. Dina raraga liburan sakola. Muhun, liburan tos dibagi rapot. Asik, nya, guys? Asik, dong!” ngomongna capétang pisan, siga présenter infotainment.
Lalaunan ngaléngkah, ngadeukeutan ibu-ibu anu keur barang gawé. Mimiti beraksi.
“Haturan wilujeng énjing, Bu-ibu … Kumaha daramang?” rada ngagorowok tina galengan.
“Pangésto…, Néng!” walon si ibu anu didudukuy cetok. Kucuprak-kucuprak ka sisi. Terus yusutkeun dua dampal leungeunna kana bujurna. Laju ngasongkeun leungeun katuhu.
“Sareng ibu saha ieu téh? Nami, nami maksad téh,” tanya Diva, bari nampanan anu ngajak sasalaman.
“Sareng Ma Éri, Néng.”
“Oh… Ma Éri…. Cobi dadah heula kana kaméra, supados méjéng dina yutub. Ha-hah …”
“Halow …” nu dititah nurut, séy hélow, bari leungeunna ranggah kana kaméra hapé.
“Ema sareng anu duaan téh nuju daramel naon?”
“Nuju babut, Geulis…” sorana has, lentong urang lembur.
“Babut…? Cik, cik dupi babut téh naon sareng kumaha tah?”
“Ari babut téh nyaéta; ngala binih paré, ditalian sakeupeul-sakeupeul. Teras diteukteukan pucukna, ngarah rata, sarua panjangna.”
“Muhun, muhun. Saatos kitu kumaha tah?”
“Terasna mah tandur.”
“Tandur? Apakah gerangan tandur téh, Ma?”
“Euleuh ari budak kiwari mani teu terang tandur-tandur acan. Heuheu… Tandur téh melak pare, nanjebkeun binih paré ka sawah anu geus meunang naplak. Pasti teu apal naplak gé, nya?”
“Muhun, muhun. Jadi isin, yeuh. Hi-hih …”
“Naplak mah ngaguratan atawa ngagarisan sawah anu meunang ngararata, sabada dipacul sareng diwuluku. Kapungkur mah ngawuluku téh ku sapi atawa ku munding, ayeuna mah ku taréktor, Cunéng,” Ma Éri ngajéntrékeun.
“Hatur nuhun. Téngkyu pisan kana guaranana, Ma. Punten tos ngawagel waktosna.”
“Sami-sami, Cantik…”
“Kitu tah, guys. Dinten ieu urang kénging élmu ti Ma Éri. Naon anu disebat babut, tandur, naplak, sareng ngawuluku. Muga aya mangpaatna. Antos waé kontén HSDD anu badé dongkap. Bye, bye …” Trék, Diva mareuman hapéna.
Sanggeus pamit, langsung mulang ka bumi akina. *** Sukaluyu, 31 Januari 2020
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2771.