Nasution Co

Uih sakola, Yuni tos disampeur ameng ku réréncanganana. 

“Yuni, hayu cuang ameng sesepedahan,” Tika sareng Rara nyarios bari naék sapédah.

“Hayu atuh….” Yuni  gura-giru ka payun bari nyandak sapédah.

Sanggeus wawartos ka mamahna, bring wé tiluan arameng naék sapedah ngurilingan lapangan. Dugi ka wanci tos adan lohor, Yuni sareng rerencangana aruih ka bumina.

Yuni  émut kana papatah ti mamahna. Teu kénging seueur teuing ameng, kedah ngutamakeun ngapalkeun pelajaran di sakola. Margina sasasih  deui badé diayakeun ulangan.

Yuni  masih kaémutan waé basa taun kamari nileyna arawon. Yuni  ngaraos isin, harita mah Yuni sok tara ngapalkeun  palajaran di sakola. 

Yuni  ka kamar teras mukaan buku-buku pelajaran dibaca dugika gemet pisan.

Salian diajar sorangan, ayeuna mah Yuni ogé sok sering ka  bumi Mita, rerencanganana. Mita teh putrana Bu Anita, salahsahiji guru di kelas Yuni.

Pasosonten Yuni angkat ka bumi Mita. Bumina teu patos tebih mung meuntas jalan ageung. Direncangan ku Tika bari nyandak tas lebetna buku-buku sareng alat serat sanésna.

Bareng tos dugi, Bu Anita ngabagéakeun Yuni sareng rerencanganana.

Teu lami Bu Anita tos angkaribung nyandak buku. Teras miwarang  dibacaan. Dinten ieu diajar IPA (Ilmu Pengetahuan Alam). Mita, Yuni sareng Tika soson-soson pisan diajarna. Upami aya waktos nu kosong, sok dianggo diajar. Unggal dinten mata pelajarana  gentos. Bu Anita mah sok tulatén ngawulangna teh. Jabi soméah hadé tata hadé basa. Bageur tur sabar dina ngadidik murid-muridna.

Yuni ogé resep pisan ka Bu Anita téh. Sok gampil kahartos upami ngajelaskeun pelajaran.

Teu karaos tos cunduk waktu kana ulangan ahir semester. Horéng soal-soal ulangan téh araya sadaya tina pelajaran nu tos diajarkeun. Yuni  sumanget pisan ngerjakeun soal-soal. Kitu deui murid-murid sanésna.

Ulangan tos beres kantun ngantosan hasilna. Rada lami waktosna saminggon. Salami eta sapalih murid-murid aya nu ulanganna kedah diher deui. Tapi Yuni mah kaleresan teu aya nu kedah diher.

Dinten Sabtu, hasil ulangan dibagikeun. Bu guru tos nyandak hasil ulanganna. Murid-murid caralik dibarung haté pinuh kapanasaran. Teras bu guru cumarios bari nitenan muridna ka sakuliah kelas.

Bu guru ngawitan nyebatan nu loyog nyepeng juara.

“Ka sadaya murid ibu nu dipikadeudeuh, ibu tos nganiley sadayana hasil ulangan hidep. Ayeuna nu nyepeng juara ka hiji nyaeta….Mita Hapsari……juara ka dua saha nu kabiruyungan?” bu guru saheulaanan nahan nafas bari socana teu lesot ningal ka hiji murid.

“Saha cobi…..hoyong tarerang…?” bu guru naros sakali deui.

“Muuhuun atuh bu. Enggal wartoskeun….” Waler murid-muridna teu sabar.

“juara ka dua dicangking ku…..Yuni Setiani……dihaturanan ka payun,”bu guru bingaheun pisan.

Deg…..!Marni satengah teu percanten ngadanguna. Bingah campur sagala rupi. Teu nyangki bakal kenging juara ka dua. Mita sareng Yuni ngalengkah ka payun pikeun nampi hadiah.

“Wilujeng nya Mita, Yuni….”bu guru sareng sadaya rerencanganana sasalaman ngawilujengkeun ka Mita sareng Marni. Sadayana ngiring reueus. 

Dugi ka bumi, Yuni meni pohara gumbirana bari teu weleh ngucap syukur. Kitu deui mamahna ngaraos bagja, geuning  hasilna teu nguciwakeun upami urang getol diajar mah. 

Kintunan: 

Teny May Rodiah

Perum Pakusarakan Lama 

Jl. Larasantang  Desa Tanimulya 

Kec. Ngamprah Kab. Bandung Barat

Katerangan:

Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2768.