Ku Ensa Wiarna
(Bagian ka-4) /2654
Uda inget kana caritaan Ema Sati, nu marajian pamajikanana. Eta indung beurang téh, ngadongéngkeun tempat-tempat nu teu meunang diganggu, di antarana leuweung larangan, sirah cai, jeung kabuyutan. Tapi, ari ku kumpeni mah, pantrangan-pantrangan téh teu dianggap, teu diajénan.
“Malah, nu kabuyutanana direbut deungeun mah, moal aya harega, bakal leuwih hina batan kulit lasun di jarian,” ceuk Ma Sati.
Kabuyutan téh, cenah, baheulana mah, aya nu kaasup mandala. Éta téh, tempat para resi atawa para guru nu ngajarkeun rupa-rupa pangaweruh ka balaréa, pangpangna mah ka para turunan raja.
Ngadéngé caritaan nini paraji kawas kitu, Uda ukur ngusap dada. Ngarenghap gé, karasa ku manehna mah, asa beurat.
Ras inget ka Dén Rahmat jeung batur-baturna. Sakapeung mah, aya teretet nyalahkeun arinyana. Ngan, dipikir deui, pasti wé keur nu kalungguhanana kawas kitu mah, bingung. Apan, Walanda téh dunungan dulur-dulurna para ménak nu ngemban pancén ngurus rahayat. Mun némbokeun kaludeung wani ngahalang-halang pihak kumpeni atawa pihak pamaréntah, bakal tamiang meulit ka bitis. Atuh, rék curak-carék ge bakal heurin ku letah!
Ki Uda ngamalum sobat-sobatna. Ceuk pikirna, milih miang ka Tanah Suci gé tangtu wé pilihan nu alus pisan. Lian ti ibadah téh, deuih, bisa tepung lawung jeung sasama umat nu bisa jadi nyundut sumanget dina waktuna jaga mun diparengkeun kudu terang-terangan ngalawan pihak-pihak nu perelu diusir.
Salila ieu, kalungguhan para ajengan kawas Mama Rauf, apan teu kurang-kurang pentingna. Anjeunna téh, teu weléh leukeun ngaping rahayat sangkan henteu pecat kayakinan. Daék ihtiar jeung ngdoa ka Nu Mahakawasa. Ku Cara kitu, najan hirup balangsak, bisa kénéh sabar sarta teu weléh nyidem harepan mangsa jaga leuwih hadé.
Kitu deui bengisna kumpeni nu parat nepi ka mandorna, ku Uda mah, disusud alatanana. Inyana gé meunang béja, ulon-ulonna mah Gubernur Jenderal Daéndels nu keur nyangking pangkat di katentaraanana, Maarschalk, katelahna ku urang lembur mah Mas Galak. Éta gubernur maksakeun pakarepanana. Jalan nu dijieunna kudu réngsé dina waktu anu geus ditangtukeun. Ngan, orokaya, lantaran nyieun éta jalan téh bangga kacida, komo deui saperti diwewengkon pasir cadas di Sumedang mah.
Basa kataksir jalan moal pianggeuseun dina waktuna, Mas Galak maréntahkeun para bupati ngeprak masarakatna leuwh loba deui. Atuh, nu asalna boga kawajiban rodi téh urang lembur nu dareukeut ka éta jalan, ahirna mah ti lembur-lembur séjén gé, dikeprak sina lakon gawé. Mangka ti lembur ka tempat lakon gawé gé, bisa sapoé jeput, da taya deui cara nepi ka lebah dinya, iwal ti kudu disorang ku leumpang.
“Tah, pakarepan gubernur kawas kitu téh, saur nu nyararios mah, teu disaluyuan ku Kangjeng Pangéran Sumedang mah,” ceuk santri urang Parakanmuncang.
Dongéng-dongéng santri, ku Ki Uda ditepikeun deui ka Ajengan Rauf.
“Aya alusna nu boga karep ngabélaan rahayat téh. Ngan, tangtu kudu leuwih ati-ati,” ceuk ajengan.
“Muhun. Rupina, upami ti pihak rahayat aya nu ngalawan, wani jadi tumbal, teras aya pihak nu mantuan rahayat, para pangagung di dayeuh gé, gaduh tanaga saupama ngadugikeun usul ka Mas Galak di Batawi,” ceuk Ki Uda.
Mama Rauf, unggut-unggutan.
Béja-béja nu kadéngé di tempat lakon gawé, ku Uda sok ditepikeun ka guru ngajina. Mémang, cenah, kudu aya tarékah ngungkulanana.
“Salila aing-aingan, sagala rupa rarancang gé samar kahontal,” ceuk Ajengan Rauf, basa hiji mangsa ngaobrol di tajugna.
Harita téh, sababarah poé deui ka waktuna, urang lembur kudu lakon gawé, di tutugan suku Gunung Manglayang.
“Geura wé sual kopi, rahayat nu boga tanahna, rahayat nu melakna, ari hasilna ku batur, ku deungeun-deungeun,” pokna.
Nu ngumpulkeun kopi ti urang lembur mah, lain Kumpeni, tapi para mandor atawa para pagawé tangkulak. Kopi ti rahayat dijual ka bandar atawa tangkulak kalayan harega kumaha nu boga duit. Ti bandar dijual ka kumpeni, nu saterusna mah dibawa ka Batawi, ti dinya diakutan kana kapal ka nagri Walanda.
“Upami aya nu bébéla mah, panginten rahayat téh moal balangsak teuing,” pokna.
“Hadé mun Hidep boga pikir hayang ngabélaan masarakat, ngan kudu néangan cara, kudu lantip,” ceuk ajengan.
Pikiran Uda ngulayaban ka jauhna. Ngalanglang Lembur Ki Jahir, di Karawang, Dén Rangga di parakanmuncag, jeung Dén Rahmat sobatna keur budak nu dumuk di wewengkon kalereun walungan Citarum dayeuh Bandung. Inyana tibelat ka babaturanana jaman keur ngaji di Ajengan Rauf.
Ti antara santri nu galedé, Uda mah, kaasup pangkolotna, kaasup santri jirangan munggaran. Harita gé, tujuh taun ka tukang, umur inyana téh, 17 taun. Sobat-sobatna mah, harita téh rata-rata opat welas taunan, komo Laras mah kakara 12 taun harita téh. Nu geus rimbitan, kakara manéhna sorangan, nu séjén mah, lalagasan kénéh.
Heuleut lima poé ti saéntas Ki Tasim maot, para pagawé téh diabringkeun ka lokasi séjén, ka beulah wétan. Sina mantuan nu ngahanca nugaran pasir di wewengkon Ujung Berung lebakeun suku Gunung Manglayang. Rebun-rebun kénéh diabringkeunana téh, wanci haneu moyan cunduk ka tempat nu dituju.
Di tempat anyar lakon gawéna, Uda ngadéngé deui manuk patémbalan. Kitu téh, keur inyana mah nungtun kapanasaran. Uda yakin, éta téh sora jelema, nu niru-niru sora manuk. Inget kana dua kali kajadian, tilu bulan ka tukang, basa mandor jeung upas aya nu nympit, apan méméh kajadian téh aya sora manuk patembalan. Hartina, sora kitu téh cicirén, nu keur digarawé nyieun jalan aya nu nalingakeun.
Keur ngayakinkeun sangkaanana, Uda nénggorkeun batu sagedé indung leungeun ka lebah datangna sora. Ngorosak kana dangdaunan, tapi sora manuk henteu jempé, da mun enya manuk mah, ku pamalédog gé sieuneun, bakal ngageleber ingkah ti tempatna.
Ki Uda keur meujeuhna belekesenteng. Boga karep, saha waé nu perelu disuluran, manéhna bakal daék jadi gagantina. Giliran lakon gawé rodi harita gé, nu ngaduakalian. Nu mimiti, tilu bulan ka tukang, ngalaksanakeun pancénna sorangan. Ari nu ayeuna mah, nyuluran mitohana, nu gering parna.
Dua kali milu rodi, inyana nyaksian sababaraha kajadian nu matak baluas. Tapi, karepna hayang ngalawan kabengisan Walanda, kahudang ku kaludeung pihak séjén nu némbongkeun kanyaahna ka rahayat. Tiwasna nu keur lakon téh, antukna mah aya nu mangmaleskeun. Kajadian lima poé ka tukang, nu tumiba ka Ki Tasim, ukur memenitan, mandor jeung upas gé narima mamalana, masing-masing diseureud engang. Memang, nu ditarajang seungseureudan téh teu parna, tapi matak ngagedéan haté manéhna, lantaran aya pihak nu ngabelaan rahayat, najan susulumputan.
Ti tempat séjén, aya deui béja, upas jeung Kumpeni, maot. Alatanana, aya nu ngajamparing keuna kana beuheungna. Najan dibawa ka imah diker urang Walanada, teu katulungan, lantaran racun tina éta panah kaburu nyaliara kana jajantung.
Sora manuk kadéngé deui. Ki Uda mah, mani déngdék-déngdék wé ngadédéngékeun éta sora. Inyana yakin, éta sora, lain sada manuk, tapi sora jalma. Uda gé purah moro, mun ngabéjaan batur atawa némbalan babaturanana, sok niru-niru sora manuk. Ku cara kitu, sato nu diborona moal kagareuwahkeun.