Carpon Dédé Rostiana
Batur mah dibaju hideung keur kapapaitan téh. Manéhna mah dibaju beureum. Ilaharna mah pan maké singsarua hideung cirining milu béla sungkawa. Teu kahartina téh apanan manéhna nu keur ngarandapanana, ditinggalkeun ku pamajikan nu geus puluhan taun marengan. Boga dahuan téh teu marok jeung batur. Kalah wé ngaranna Gan Ujum.
Loba nu nyebut Gan Ujum, éta ngaran kadeudeuh jeung kareueus masarakat di lembur. Gan singkatan tina juragan sok sanajan sebutan éta kiwari mah geus arang dipaké. Pédah indung bapana baheulana pupuhu lembur jeung katelah turunan radén. Katambah ku kabeneran Gan Ujum terus- terusan kapercaya jadi anggota dewan. Matak sebutan Gan téh teu matak ningnang, kolot budak nyebutna Gan Ujum.
Tangtuna guyur salelembur istri Gan Ujum tilar dunya. Rabul nu ngalayad ti mamana. Saenggeus dipulasara, layon dibawa ka astana. Teu jauh ngan ukur 100 méter ti lembur. Bring, tatangga nu jajap loba pisan. Barudakna tingkocéak mangsa layon mimiti dikurebkeun. Nu cikal mah komo nepi ka kapiuhan. Rosa, ogé reumbay cimata ngan teu bisa cacarita wungkul, mimindengna hulang-huleng. Teu kawas lanceuk-lanceuna. Kaasup ‘disabilitas’ cenah Rosa mah.
Geus takdirna Euceu boga anak nu béda, hiji, nyaéta nu bungsu. Geus diubaran ka ditu-ka dieu, ku tanaga médis ogé ku cara kampung. Nyaah pisan Euceu ka Rosa téh, teu lebareun ku harta banda pikeun ngubaranana. Geus pasti méakkeun waktu jeung waragad nu teu saeutik. Ayeuna mangkat rumaja, Rosa aya kamajuan, geus bisa mandiri. Bisa mandi jeung dangdan ku sorangan. Umurna nincak opatwelas taun.
Panungtungan neuteup anteb Euceu, basa kemit. Paromanna nyidem kasedih. Panyakitna jantung jeung paru-paru. Padahal tara ngaroko, ngan salakina Gan Ujum nyandu pisan kana roko. Nyerebung kawas karéta api, teu di mana-teu di mana.
Cara ayeuna, teu lésot tina rokona. Kulat-kelét ka kuring nu keur nyekelan Rosa. Sakalian wé dibalédog ku imut. Panonna mencrong seukeut, lir nu beuki kaédanan. Batur mah ngadunga ngajurung nu rék mangkat, Gan Ujum mah otakna bangunna geus pinuh ku niat ngalakonan maksiat.
Katempo ngaléos ngajauhan kuburan. Cinutrung dina luhureun batu lémpar. Handapeun tangkal kamboja. Serebung-serebung haseup rokona mulek minuhan beungeutna. Karesepna roko bodas. Katohyan maling rérét waé ka kuring. Kuring mésem, cipanon mah geus saat. Manéhna beuki segut ngarokona. Roko bodas nu peuting diteundeun dina luhureun dipan manéhna.
Ajengan geus nutup dunga. Si Cikal nu disangkéh ku adi kuring ngulisik.
“Tétéh, gugah! Awurkeun kembang sareng kucurkeun cai ‘na botolna,” ceuk kuring leuleuy. Katempo geus teger nu cikal, kitu deui nu pangais bungsu. Maranéhanana narangtung tuluy nurut kana paréntah kuring. Sok sanajan bari inghak-inghakkan. Saha nu teu sedih ditinggal ku nu jadi indung.
Mani ngahelas ras kana nasib. Euceu pamuntangan saréréa gaganti indung-bapa ayeuna ninggalkeun kuring jeung adi ogé anak-anakna. Euceu hirupna wareg ku cocoba. Salaki nu begér waé jeung hampang leungeun. Pangrasa jadi pajabat, kumawasa ka sasaha. Seungit ka masarakat mah. Padahal alus luarna wungkul. Hirupna ukur pupulasan. Jerona mah cucuk jeung rungga, matak nalangsara kulawarga.
“Mihapé…. Rosa…,” Euceu nyaritana pegat-pegat. Leungeunna tipepereket. Cisocana murubut maseuhan pipina.
“Tong seueur émutan Ceu, damang heula wé,” cekéng téh, bari ngusapan sirahna. Tikoro asa nyelek. Bangun aya nu rék ditepikeun ku Euceu, tapi teu kawawaeun, ku nahan kanyeri. Kalah panonna buburilengan.
“Kulemkeun wé, Ceu!” pok téh.
Manéhna unggeuk tuluy peureum. Teu kudu dicaritakeun deui naon kapeurih jeung nu matak hirup Euceu nepi katalangsara. Dalah kuring ogé, adina, milu tunggara.
Mimiti mah bungah dikuliahkeun ku nu jadi lanceuk. Nepi ka jucungna. Hiji peuting kuring kudu bisa ngalayanan napsu bejad dahuan basa Euceu keur nganjang. Padahal kuring sok waspada nempo galagatna, tara daék ngéndong di imah Euceu. Angger wé kuring bongoh. Harita dibéré pancén jaga imah. Kabéh arindit. Sikasebelan, Gan Ujum mah balik deui. Alesanana aya nu tinggaleun. Boga konci imah séwang-séwangan. Ngulutrak, asup tengah peuting. Di imah nu ublug-ablag, sok sanajan kokocéakan, tatangga moal bisa ngadéngéeun.
Mun apal panungtungan Euceu harita, rék mangkir gawé ogé. Kabeneran kuring ‘ship’ peuting. Euceu ukur dibaturan ku adi nu lalaki. Mungguh umur saha nu nyaho. Euceu ba’da Isa dipundut ku Nu Kawasa.
“Euceu geus genah ayeuna mah. Mugia Alloh nempatkeun Euceu di sawarga,” kecap panungtung.
Nu ngajajapkeun ka kuburan mimiti tinglaléos naringgalkeun. Simpé. Ukur inghak Si Cikal jeung nu pangais bungsu. Rosa tutunjuk ka bapana. Nu ti tatadi nyarandé kana tangkal kamboja. Beungeutna geunteul, sirahna ngulahék. Kuring ngusapan tonggong Rosa.
“Moal aya nu ngaganggu deui ka Rosa ayeuna mah,” ngagerentes. Kuring tinggal ngurus Rosa, amanat indungna. Kandunganana bulan alaeun.
Tasikmalaya, Desember 2019
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2765.