Nasution Co

Tumbal-Tumbal Cadas Pangeran (5)

Ku Ensa Wiarna

Bagian ka-5/2655

Kawajiban rodi, keur rahayat mah, bangbaluh anyar. Dipaksa kerjabakti, teu diburuhan. Kawas kawajiban rodi saméméhna, nu ditibankeun ka rahayat nu teu mampuh mayar pajeg, gagantina ku séba tanaga, migawé pagawéan keur kapentingan pamaréntah, saperti sina lakon gawé nyieun bénténg hahalang panarajang musuh atawa sina digawé di perkebunan milikna Tuan Kawasa. 

Ari lakon gawé rodi nyieun jalan mah, najan bisa mayar pajeg gé angger kudu milu lakon gawe. Teu diburuhan, teu dibéré dahar. Mun sieun kalaparan nya kudu mawas bekel masing-masing.  

Jalan Raya Pos atawa ceuk Kumpeni mah Groote Postweg, bakal ngembat ti  Anyer (wewengkon Banten) nepi ka Panarukan ( Jawa Timur). Mun disorang ku nunggang kuda sina nyalsé, henteu dilumpatkeun, ti tungtung ka tungtung,  bakal meakuen waktu lalamphan kurang leuwih 200 jam.  

Jalan nu dijieun, sawaréh nepung-nepungkeun jalan nu geus aya. Ngan, lolobana nyieun jalan anyar, ngabedah leuweung, nugaran pasir, nyaeuran rawa, jeung sajabana.  Teu jarang kudu ngadungkaran batu jeung cadas.

Dipigawé ku rahayat kalayan pakakasna anu basajan, linggis, balincong, bedog, jeung sajabana,  bawana ti imah masing-masing. Da, najan aya pakakas nu disadiakeun, tetep nu  kerja paksa téh kudu mawa paparabotan sabogana-sabogana.

Rahayat nu ngalakonan rodi, cul pagawéan di imah.  Nu lemburna kagiliran rodi, tiiseun da kari awéwé, aki-aki nu geus rarémpo, jeung barudak nu can sawawa.

Béja-béja ti nu ngalakonan rodi, nebarkeun kahariwang ka balaréa. Kitu téh alatan rupa-rupa béja sungkawa nu katarima ku rahayat.  Da, teu jarang nu balik ukur ngaran kalayan teu puguh pajaratanana. Lian ti nu maot ku Kumpeni, loba  lantaran gering deuih. Malum, tanaga dikuras, dahar kurang, istirahat kurang. Katambah deuih,  sapeupeuting gé arang nu bisa saré tibra lantaran loba reungit nu ogé jadi mamala, ngabalukarkeun rupa-rupa kasakit.

Ki Uda bisa mulang deui ka lemburna. Méméh ninggalkeun tempat,  mandor, peupeujeuh sangkan nu marulang  teu nyarita-nyaritakeun kasangsaraan salila digawé nyieun éta jalan.

“Maranéh teu meunang ngucah-ngaceh nu kungsi kajadian di dieu! Mun ngalanggar aturan, bakal dianggap pangacow, dianggap ngabangkang gupernemen, dianggap ngabangkang Tuang Besar! Ngarti?” ceuk mandor.

“Ngartos, sun!”

Ki Uda mah, heueuh-heueuh bueuk. Inyana gé teu boga karep ngucah-ngacéh ka batur, tapi ari ka Ajengan Rauf mah, sagala rupana gé dicaritakeun. Inyana ngarasa perelu nyebarkeun béja kajadian jeung kaayaan nu sabenerna di tempat lakon gawe.  Uda  gilig, sasieureun-sabeunyeureun, hayang milu bajuang ngaleungitkeun bangbaluh masarakat, copélna  ngurangan kasangsaraan rahayat balukar rodi.

“Dina kaayaan katalangsara, harepan mah teu meunang pareum. Ceuk agama ge, ulah petot-petot ihtiar bari ngadoa ka Nu Mahakawasa,” ceuk Ajengan Rauf. 

Urang lembur nu rék kagiliran rodi, diiberan saminggu saméméhna.  Sanggeus narima béja, lembur jadi harengheng.  Sawaréh mah pupulih ka patugas ti désa kalawan nyieun rupa-rupa alesan.

Patugas nu datang,patinggi ti désa dibarengan ku Upas Junéd, nyatetkeun padumuk nu kagiliran ngalaksanakeun rodi. Nu geus dituliskeun teu meunang nolak. Najan gering ari bisa kénéh ngaléngkah mah, kudu indit.  Mémang, aya ogé nu ahirna teu waka kudu indit harita, bisa dipundurkeun ka bulan hareupna. Perkara éta mah, kumaha  patugas nu purah nyatet téa wé.

Ku lobana nu tiwas di tempat rodi, lembur-lembur gé jadi harénghéng.  Saperti waktu urang Rancahaur, lembur kalereun Citarum, kagiliran rodi, harita kénéh ngararuyung. Lain nu rék indit wungkul kituna téh, tapi masing-masing kulawargana deuih.   

 

Piisukaneun nu rék lakon gawe diiangkeun, poé Jumaah, masjid téh ngadak-ngadak pinuh. Nu teu biasa solat jumaah gé, ngadadak jarumaahan. Ti wanci pecat sawed gé geus araya di masigit.  Ngadaroa ka Nu Mahakawasa sangkan dipaparin kasalemetan. Kitu deui bada jumaah, Mama Husén, ngadoakeun sangkan nu kagiliran rodi ditangtayungan ku Gusti Nu Mahasuci.

“Sing yakin, urang mah teu daya teu upaya. Sagala rupa nu tumiba ka urang, éstuning titis-tulis ti Manten-Na,” pokna.

Tina salikur umpi urang lembur, nu miang rodi téh tujuhan, asalna mah dalapan urang. Ngan, saurang Ki Arda nu teu jadi milu harita téh. Manéhna mah, cenah,  teu tulus rodi harita, kabagéanana robah jadi bulan hareup. 

Isukna, wanci tengah poe, nu tujuhan téh ngabring, marundak karung eusi bebekelan. Aya ogé nu ngajingjingkantrol jeung pacul. Diiringkeun mandor muru  ka jalan ngolécér di lebah Babakankopi.  Ti dinya,  abringan mingkin loba, da katambahan ku warga kampung séjén nu kaliliwatan. Sanggeus anjog ka jalan gedé, pangawal dijejeran ku Kumpeni duaan tarumpak kuda kalawan  samagreng pakarangna. Lian ti nyoréndangkeun bedil, ogé nyorén gobang nu ngagaplék dina cagkéngna. Laju muru ka kaler mapay jalan saasup padati, da éta jalan téh biasa dipake ngakutan kopi nu engkena dikumpulkeun di loji, tempat panampungan.

Di salah sahiji lembur nu kaliliwatan,  lalaki limaan nu kapapancenan rodi  geus ngadaragoan di tungtung lembur, ngiuhan handapeun dahan kihujan nu daunna sumedeng ngemploh.  Maranéhna dijejeran ku mandor saurang.   

Ti Rancahaur,  ka tempat rodi, méh satengah poé. Atuda jalanna gé sakapeung nyorang jalan satapak, sakapeung kudu  norobos tegal eurih nu paselang jeung jukut riut.

Nu miang, dijajapkeun ku teuteup anak jeung pajikanan ti buruan imahna. Teu ludeungeun ka jalan, da sarieuneun ku upas komo deui ku Kumpeni.   Atuh, nu miang téh rét-deui rét deui ka tukang. Melang ka nu ditinggalkeun. Najan, lain rék miang ka pangperangan, tetep loba nu ngarasa samar bisa deui ngariung jeung kulawargana. Kitu téa mah, loba béja,  nu ngalakonan gawé kawas kitu,  teu jarang nu balik ngaran. 

Basa tatanggana ngabring arindit rodi dikawal ku  mandor,  Arda ngarenghap narik napas. Sakedapan mah asa leupas tina bangbaluh. Ngan, inyana gé sadar, awal-ahir mah, moal bisa nolak kana kawajibanana.

Isukna, Arda teu ka mana-mana. Ukur ngagérék-gérék kopi nu kakara diala mangkukna. Pamajikanan, Nyi Usnah,  nu keur bureuyeung bulan alaeun, ngasur-ngasur suluh bari nyicikeun cai kana kendi keur salakina.

Budakna, Jang Unan, nu umurna salapan  taun,  cacamuilan ngahuapkeun sangu  haneut nu cikéneh dihihidan  ku indungan. Daharna téh teu jeung deungeunna, ukur dipurulukan uyah. Tapi, teu burung ponyo, da ti kamari soré kakara manggih deui dahar harita.

Tina golodog, budak téh pindah ka tepas, geus kitu pindah deui ka buruan, nangujar bari ngeukeuweuk  pipiti wadah sangu.

“Tong dahar pipindahan pamali!” ceuk indungna.

“Matak naon, Ma?”

“Matak loba dunungan, siah!”  

“Noan matak loba dunungan téh, Ma?” pokna nanya deui.

“Nyao,ah!”

Kekecapan pamali, hiji-hijina papatah indungna nu biasa dipaké keur ngawarah anakna. Manéhna narima papatah kitu ti indungna, ari induna mah ti indungna deui, ti ninina Usnah. Ngan, da ukur bisa ngunikeun manéhna gé, teu apal naon pihartieunana éta papatah téh. Nu karasa ku inyana mah, papatah ti kolotna téh kudu ditepikeun deui ka turunanana.

“Sampurasun, Da!”

“Rampés!”ceuk Arda. 

(Hanca)