Nasution Co

Ku Nina Rahayu Nadéa

Loncéng geréja tangara kebaktian dimimitian kadéngé. Kuring néang tempat anu sepi. Gék diuk na bangku  handapeun tangkal buah. Mukaan buku pakét Bahasa Indonesia anu tadi dititipkeun ku Améy.  Teuing sabaraha lila kuring nunggu Améy da tonggoy maca. 

“Agan….” 

“Ih, naha bérés deui?” kuring neuteup hareupeun teu ngiceup.

“Agan, ngadon ningali Méy. Méy jadi géé,” Améy seuri.

“Tong seuri, Méy. Pas beunta ké Agan ngaleungit.” Kuring ngaheureuyan manéhna.

“Geuleuh Agan mah. Hayu atuh ka mana ayeuna?”

“Urang jalan-jalan nya. Améy bade ka mana?”

Manéhna ngahuleng.

“Jajan heula batagor Isan nya. Tah ti dinya urang ka Gramédia. Méy aya tugas ngaresénsi. Ngan kedah mésér heula bukuna.”

“Hayu… Agan siap mengantar Néng Améy yang pétét ka mana waé.”

“Ah, Agan mah.” Améy nyiwit cangkéng bari clé ka nu motor.

“Wadaaw nyeri atuh, Méy.” Kuring ngocéak.

Ti geréja bélok ngénca, sajajalan ngobrol ngalér ngidul. Teu hayang ngebut sanajan jalan kosong gé da anteng ku obrolan. Pas manggih jalan macét, teu méré aral, da di tukang aya Améy, resep we nu aya, motor seselendep dina sela  mobil néang pijalaneun. Datang  ka tukang batagor Langsung pesen dua porsi.

“Ka Gramedia téh, dé mésér naon tadi téh?” kuring muka obrolan.

“Buku naon wé bébas. Nu penting ngeunaan novel rumaja. Ké diresénsi teras dikumpulkeun.” Améy nerangkeun.

Kuring merhatikeun Améy nu keur ngabahas carana ngaresensi. Gemet. Resep ka Améy téh, lian ti handap asor, ngobrol ogé sok ku bahasa Sunda anu lemes. Éta nu nyababkeun kuring resep ka manéhna.

“Améy émang bisa gitu bikin resensi?”

“Ih, meni memelayuan. Sebeel. Tiasa atuh, pan tos diajarkeun. Aya contona gé dina buku Pakét Bahasa Indonesia, kantun dipelajari wé.”

“Hihi. Kabogoh Angga téa pinter.” Kuring ngajembél pipina. Hayu ah, ngopi heula batagor, Angga mah lapar.” Kuring nyodorkeun batagor ka manéhna.

“Tadi tos panggih jeung Améy?” Ema nanya   basa nepi ka imah.

“Saur saha, Ma?” kuring malik nanya. Kalacat ka tengah imah. Neundeun helm luhureun lomari. Rada reuwas ku pananya Ema, ngan api-api kalem.

“Ah teu kudu apal ti saha-sahana. Ema mah moal ngulah-ngulah ka Angga panggih jeung Améy.  Angga leuwih apal hadé goréngna.”  Ema ngoloyong ka dapur. 

Kuring ngagoloyoh kana kasur, ngadon ngahérang. Kabungah karék panggih jeung Améy baganti ku hariwang, hariwang Abah apal yén kuring panggih jeung Améy. Kumaha lamun Ema nyaritakeun yén kuring bareng  jeung Améy. Abah geus omat-omatan sangkan kuring mutuskeun hubungan. Tapi da kuring nyaah pisan ka Améy, matakna sok ngelemet wé papanggihan ogé. 

“Ema, apal ti saha Angga pendak jeung Améy?” Ngawanikeun nanya waktu di dapur.  

“Ti Abah.” 

“Ti Abah?” kuring reuwas. “Kumaha atuh, Ma?”

“Teu kukumaha. Anggur solat heula jig,  bisi leuir. Tuh, sarungna anyar nyeuseuh.” 

Réngsé solat Magrib rék ngaleos.  Ngan Abah asup ka kamar. 

“Urang ngaderes heula.” Abah mikeun Qur’an ka kuring.

Duaan ngaderes. Kuring ngan sakeudeung ngaji. Asa tagtégtog. Ka dituna ngadengékeun Abah. Sora gumeter kadang halon kandang tarik semu ngajerit, nyeuitan ati kuring.   Gambaran Ema jeung Abah piligenti némbongan. Cipanon teu kaampeuh bedah. 

“Mey hampura nya.” Gerentes haté. Ngasupkeun amplop kana buku Améy. Amplop nu di luarna ditulisan Keur Améy.***

Katerangan:

Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2773.