Carpon Unang Sumarna
Sangheuk nyaanna gé kudu indit ka imah Si Akoh. Lain nanaon, jalan ka imahna ukur jalan satapak nu nya netek nya leueur mun tas hujan. Malum masih taneuh beureum.
Nyaan da lamun teu karunya mah sangheuk teuing kudu néang. Anak-anak batur. Jaba kuring lain walikelasna. Makarep teuing rèk lulus rèk hanteu gè. Deuh. Ngan orokaya nu nitahna kepsek. Kapaksa teu bisa ngalawan. Ngadius muru imah Si Akoh.
Minangkana mah poè ieu poé munggaran ujian nasional keur SMP. Jadwal Basa Indonèsia. Tapi nepi ka bèl munggaran Si Akoh can jebul kénèh waè. Nanyakeun ka babaturanana teu arapaleun. Tapi peuting mah nempo aya di tajug cenah. Ngadon ngalobrol jeung nu lian sanggeus barjamaah isa téh. Moal kitu tuluy bagadang? Terus kabeurangan hudang. Tapi piraku kolotna teu ngahudangkeun mah da apaleun meureun poè ieu budakna ujian jang kalulusan. Ah dasar pejuh.
Anèh puguh gé rèk ujian tèh kalah pihak sakola nu risi téh. Inggis budak teu lulus. Ari barudakna mah teu paduli. Jigana mah lulus sukur teu kajeun. Teuing di sakola kota mah kètang. Da di lembur mah, uyuhan daraékeun sakola gè.
Antukna kuring salaku panitia ujian indit ogè nèang Si Akoh. Ngagawèkeun waè pejuh téh. Jaba ngèrakeun ka sakola, da nu ngawasna ti sakola batur, pengawas silang.
Motor ditunda di imah warga sisi jalan. Sangeuk teuing kudu dipakè na jalan rumpil. Bisa-bisa labuh. Teu sirikna ngarayap ngaliwatan jalan mudun. Sieun tiseureuleu. Kuring mah teu biasa leumpang di jalan kieu. Ma’lum urang dayeuh. Ngajar di dieu ngan saukur ngadon. Loba nu ngajak pindah ngajar ka kota, tapi kuringna embung.
Tuur rarasaan asa noroktok ku teu biasa mah. Beu, kacipta kè balikna. Nanjak. Nyenghap jiga kancra na cai cicing.
Antukna tepi ogè ka lebak. Pèk aya nu mapag, ibu-ibu. Wawuheun ka kuring mah. Padahal kuring sorangan teu wawuh ka manéhna.
“Euleuh Pa Guru badè angkat ka mana?” manèhna nanya.
Mèmèh ngajawab kuring ngareureuhkeun hègak.
“Badè ka bumina Akoh. Palih mana manawi Bu?” kuring nanya.
“Nu itu Pa, lebakeun kandang embè. Tadi mah da aya. Ari sepuhna mah da ti rebun kènèh gè tos ka sérang,” cenah wawaran.
“Oh muhun. Nuhun atuh Bu,” cekèng. Terus nurugtug deui ka landeuhkeun. Beu, Akoh, Akoh, na ari nyanèh nyiksa-nyiksa teuing ka dèwèk tèh.
Tepi ka nu di tuju kuring uluk salam. Jempling. Taya nu nèmbal. Kuring nambahan ku keketrok. Tetep taya nu nèmbal. Kuring noong tina kaca imah panggung. Kabeneran hardèngna muka. Taya tanda-tanda kahirupan. Bener ceuk Si Ibu tadi kolotna kabéh keur ka sarawah tayohna. Tapi pan ceuk Si Ibu tadi nempo Si Akoh aya di imah. Sarè kitu? Piraku teu kadèngèeun mah kuring uluk salam bari keketrok. Ah, meureun wawuheun kana sora kuring, sieuneun dicarèkan. Ngahèphèp di jero.
Kuring panasaran ngorèlèng ka tukang. Gura-gero ti tukang. Sarua euweuh nu nèmbal. Jandèla pangkéngna katara nutup. Kuring ngorèlèng deui ka hareup. Kawas bangsat waè dipikir-pikir mah maké ngurilingan, ngawas-ngawas imah batur. Deuh, ieu meureun salah sahijina seni jadi guru tèh. Beu.
Bakat ku capè jeung bingung antukna kuring meubeutkeun bujur kana golodog. Diuk bari ngahuhuleng. Gaplah lalampahan tèh kaya kieu mah.
“Kumaha aya Pa?” teu kanyahoan Si Ibu nu tadi geus aya di hareupeun.
“Puguh pupuntennan gè teu aya nu ngawaler. Boa teu araya?” cekéng.
“Ah piraku Pa. Da tadi gè yakin Si Akoh mah aya,” omong Si Ibu bari terus noong tina kaca bari gogorowokan nyalukan. Tapi keukeuh taya nu nèmbal.
“Da upami sanès nuju ujian kelulusan mah ku abdi moal disusul. Hawatos bisi teu lulus,” omong tèh.
“Baruk nuju ujian Pa? Na ari budak téh bet aya-aya waè. Ké atuh cuang susul sepuhna ka sérang. Da caket ieuh,” omongna ngalèos gura-giru teu nungguan jawaban kuring.
Teu mangkuk satengah jam, kurunyung datang hiji awèwè sapantaran Ibu-ibu tadi.
“Aèh, hapuntenna waè Pa Guru. Da atuh budak tèh teu wawartos nuju ujian. Aya èta téh nuju bobo di kamerna. Da tadi téh uihna subuh, ngèndong di tajug,” omong Si Ibu nu tètèla indungna Si Akoh.
Beu kolotna sorangan teu nyahoeun anakna keur ujian cenah. Kitu tah balukarna mun diogan ku sakola pikeun rapat orang tua sok mangkir tèh, èléh ku karep ka sawah atawa ka kebon. Jeung deui ieu pejuhna majar balik subuh ngèndong di tajug. Hartina kamungkinan gedé teu ngapalkeun. Padahal ku sakola geus diwanti-wanti salila keur ujian mah ngapalkeun cicing di imah. Da cicing di luar mah sok loba gogodana. Bener-bener ku warga di lembur ieu mah sakola tèh dianggap kabutuh nomer sabaraha.
Ieu deuih kolotna lir nu teu ngariksa teu ngajujurung. Gusti, ieu meureun romantikana jadi guru di lembur.
Indungna Si Akoh naèk kana golodog. Terus muka konci. Korèlèng ka pangkéng. Kadéngèna mah ngahudangkeun Si Akoh. Beu, jadi tadi kuring keketrok pupuntenan téh api-api teu kadèngé. Dasar Surakoooohhh!!!
Teu lila katara Si Akoh kaluar bari ngagigiwing saragem biru bodas. Ka kuring mah teu ngalieuk-lieuk acan. Teuing èraeun teuing sieuneun. Bangunna mah rék ka cai heula. Tapi teu kungsi sapuluh menit manèhna kaluar ti dapur saged makè saragem jeung nyorèn kantong. Enya, boa teu mandi-mandi acan.
Si Akoh terus ngingkig ka tonggoh. Ku kuring digeroan gè diajak bareng rèk diboncèng kana motor ih da nongtoyod teu nolih. Kuring ukur wasa ngurut dada bari gogodeg. Na aya pejuh kitu-kitu teuing. Sanggeus nampa pangsasadu ti indungna kuring amitan.
Bari ngahègak lumpat di nu nanjak, kuring gogorowokan nyalukan Si Akoh. Tapi taya kelemeng. Bari kèsang ngagarajag sabulu-bulu jeung ambekan nu mèh pegat kuring anjog ogè ka tempat neundeun motor. Tapi budak mah teu kaciri kalangkang-kalangkangna acan. Gancang kacida leumpangna. Beu moal kitu kabur mah. Cilaka mun kabur tèh. Aya bahan dicarèkan deui ku kepsek.
Sapanjang jalan ka sakola kuring luak-lieuk nitènan bisi budak nyangsang di warung. Tapi taya. Nepi ka anjogna kuring ka sakola. Dada longsong nempo budak keur anteng hareupeun kertas jeung babaturanana migawè soal ujian. Cenah tadi tèh inditna motong norobos jalan kebon. Paingan atuh teu kasusul ku motor.
Alhamdulilah, pas diumumkeun lulus najan nilèyna teu gedè. Kabèjakeun manèhna indit masantrèn ka Tasik pakidulan.
***
Beurang ieu anteng sorangan di rohangan kuring, di juru pabukon sakola bari mariksaan tugas siswa. Kabeneran aya dua jam kosong maju ka lohor.
“Assalamualaikum!” kadèngè nu uluk salam. Ku kuring ditèmbalan.
Teu lila asup hiji pamuda makè koko bodas. Kopèah hideung makè sarung beureum ati. Taksiran umurna salawè taunnan. Katara beungeutna ngempur cahayaan, gambaran nu sering kacèbor ku cai wudhu. Éta pamuda nu rarasaan anyar pinanggih nyolongkrong munjungan. Ku kuring ditampanan bari males sari hèran kaanjangan sèmah teu wawuh. Santri. Mani rengkuh ka kuring. Reuwasna tèh basa leungeun kuring nampa pangajak sasalaman, bet anggur ngarawu leungeun kuring terus dicium mani anteb.
“Damang Pa?” cenah bari imut anteb.
Duh àya ku kasèp ieu budak. Kempot pipi mapaésan beungeutna nu cahayaan. Ahèng budak tèh jiga nu geus loma ka kuring.
“Èmut kènèh ka abdi teu Pa?” cenah bari nyerèngéh.
Kuring kerung.
“Abdi mah saumur hirup moal hilap ka Bapa. Upami teu aya Bapa mah duka tos janten naon abdi ayeuna,” omongna.
“Kè saha tèa ieu téh? Asa teu kenal,” cekéng.
Mèméh ngajawab budak téh imut. “Abdi Akoh Pa. Murid Bapa tukang bolos kapungkur. Haturnuhun pisan, upami kapungkur Bapa teu ngersakeun nyusul abdi basa badè ujian, duka kumaha jadina hirup abdi. Abdi mung tiasa ngadungakeun mugia Bapa sing sèhat. Ageung milikna. Panjang yuswana. Tur dijantenkeun barisan Rasulluloh di sawarga di ahèrat jaga,” omong budak. Katara aya nu ngeyembeng na juru-juru matana.
Akoh? Akoh murid kuring tukang bolos nu méh teu lulus. Ah bener-bener kalinglap. Jauh pisan jeung Akoh sapuluh taun ka tukang.
“Masya Alloh ieu tèh Akoh?” cekéng.
“Sumuhun Bapa, hapunten abdi tukang ngarèrèpot waè Bapa kapungkur!” omongna.
Budak téh ku kuring dirangkul. Manèhna ngagukguk. Geus èmpéh mah dititah diuk di rohangan kuring. Derekdek wé medar lalakonna. Cenah sanggeus tamat SMP tèh masantrén di Tasik pakidulan sakalian bari milu pakèt C. Pas lulus tuluy ngawuruk di pasantrèn. Malah taun kamari cenah bèrés wisuda di paguron luhur islam swasta. Terus ngajar di sakola. Kabeneran pasantrèn muka SMP.
Nu lucu mah manèhna nyaritakeun kumaha capèna ngurus budak bangor jeung kebluk. Mending ngurus budak bodo tinimbang budak badeur mah cenah. Mun pareng ngajar budak bangor sok èmut ka Bapa cenah. Kieu meureun rasana Bapa gè kapungkur basa ngatik abdi nu bangor nuju sakola. Heuy deuh. Kuring mah ukur wasa unggeuk-unggeukan bari sakapeung mèrè motivasi.
Nu pamungkas nu matak leuwih bungah manèhna ménta dunga tu kuring. Tétèla manèhna tèh bulan haji nu baris datang seja ngadahup ka adi kelasna basa baheula ngobong tur kiwari sarua ngajar di pasantrén éta.
“Nimat Gusti mana deui nu ku hidep bisa dipungkir? Bapa mah ukur wasa ngajajap ku dua sing sakinah mawwadah warohmah,” cekèng bari ngusapan tonggongna.
Kuring teu wasa nahan cipanon basa manéhna mikeun bungkusan dina kérésèk hideung nu ngagantung dina setang mètikna. Manéhna amitan, dijajap ku kuring ka buruan. Cenah mung tiasa masihan ieu Akoh mah, teu tiasa masih nu langkung. Kuring narima bari ngalimba.
Baju Koko, sajadah, kopèah, tasbè, jeung sarung pamérè ti Akoh dikeukeuweuk na dada.
Pék anaking didungakeun pisan ku Bapa sangkan hidep timu jeung kabagjaan di jalan Mantenna. Amin yaa robbal’aalamiin.
Bari tanggah teu karasa cipanon bijil. Ras inget kana omongan jalma pinter cenah mun ngajar tèh kudu iklas jeung sabar lantaran bisa waè aya salah saurang murid nu bakal nungtun urang ka sawarga jaga.
“Mugia!” gerendeng téh.
Cafè Galuh, 131219
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2765.