Carnyam Déni Riaddy
(Bagéan 2)
Jam tujuh saparapat acara dimimitian. Bubukana mangrupa rajah pamuka ti Ki Pantun.
“Pun muga ulah kageuleuhan kakeumeuhan cenah ieuh. Muga tampa muga tampi, muga asak hampurana, mugi widi panampina cenah ieuh. Ti kidulna dulur-dulur, ti kalérna dulur kénéh. Ti kulon wétan boh kitu deui, cenah hayang waluyana, hayang lancar salametna. Tah sébana, tah bawana, muga bungah nu nampana cenah ieuh. Kami nitip ieu bumi muga diraksa diriksa, pasirna ulah ditugar lebakna ulah diruksak. Nu pondok ulah dipotong, nu panjang ulah disambung, sina kitu saayana cenah ieuh.”
Disambung ku biantara minangka pangbagéa ka nu Séba ti Bu Bupati, Ibu Iti.
Masarakat Baduy diwakilan ku Jaro Tanggungan 12, Ayah Mursyid, jeung Jaro Pamaréntahan. Laju diteruskeun kana acara sérén-sumérén hasil tatanén bari laporan kaayaan masarakat Baduy kiwari jeung pangharepan ka hareupna.
Tabuh salapan acara lekasan. Kuring gé tatan-tatan. Ngasupkeun kaméra nu make télé kana tas, nu hiji deui mah masih dikélék.
Réngsé acara Séba, warga Baduy nu séba disuguhan acara lalajo pilem. Pilemna Janur Kuning jeung pilem jaman baheula, béntangna Barry Prima. Panitia ngahaja ngayakeun acara hiburan ku muter pilem nepi ka subuh. Da mémang raresepeun katempona saliwat gé. Kitu ceuk katerangan panitia basa kuring iseng nanya, naha geuning aya acara lalajo pilem sagala?
Hareupeun panggung Séba geus teu pati pinuh cara tadi. Para Jaro jeung Puun keur ngariung bari ngalobrol. Méméh aub dina riungan, kuring motoan heula. Nu katempona rada nyalsé téh Ayah Mursyid. Kuring gé gék diuk hareupeun Ayah Mursyid, laju ngasongkeun leungeun ngadon sasalaman.
“Ayah, ieu Kang Asép, wartawan ti Jakarta,” Lis miheulaan kuring nu rék ngawanohkeun ka Ayah Mursyid.
Ayah Mursyid imut bari terus ngasongkeun leungeun. Dituturkeun ku para Jaro nu tadina keur ngalobrol jeung pada baturna téh. Sigana mujarab basa Lis nyebutkeun kecap wartawan.
“Kang, sakantenan nepangkeun ieu pun lanceuk sareng barudak.”
“Dadang,” cenah basa sasalaman jeung kuring.
“Kang Dadang mah da tos tepang nya sareng Jaro sadayana gé,” Lis nyambungan bari melong ka para Jaro terus ka kuring.
Nu tadina wawancara serius téh, ari dirempug ku lobaan mah da teu anéh mun ka dituna jadi ngobrol sabulang-béntor. Obrolan beuki pogot kapeutingnakeun. Teu karasa, wanci geus rék asup tengah peuting. Tapi da kuring gé engeuh kana waktu. Nu séba ti Baduy Jero mah ka dieuna gé pan leumpang. Karunya diajak ngobrol mah moal aya tamatna. Bisi rék terus istirahat, angkanan téh. Kuring gé amitan heula, bari jangji isukan tepung deui di Séba ka Bapa Gedé di Pendopo Gubernur Banten, Sérang.
Sabada amitan ka para pinisepuh Baduy, kuring kalaur tina riungan di Pendopo Multatuli. Katempona mah loba ogé nu geus patinggolépak. Sararé kitu baé dina ubin.
Sigana Lis jeung kulawargana ogé miluan amitan. Ngahaja ku kuring didagoan bari leumpang antaré. Nincak téras Pendopo leumpang ngaréndéng. Dadang, salakina, jeung barudakna nuturkeun tukangeunana. Kabayang bangkenuna.
“Kang, abdi mah badé teras wangsul ka Bandung,” cenah.
“Oh manawi téh badé sakantenan ngiring Séba ka Gubernur, énjing? Naha kunaon geuning?” cekéng téh rada hanjelu ogé.
“Muhun pan barudak, dinten Senén kedah lebet sakola. Janten aya waktos kanggo istirahat. Da intina mah sami waé acara mah mung bénten nu ditujuna. Ongkoh abdi sareng barudak mah pan miosna gé ti dinten Rebo.”
Mun seug ngagugu kahayang mah, masih kénéh hayang terus nuluykeun ngobrol téh. Tapi da teu bisa majar kumaha, kuring mah teu boga hak ngahalangan. Jadi ukur dijawab ku unggeuk wé. Dirérét Kang Dadangna, paromanna kuraweud haseum. Halah ngambek siah…
“Muhun atuh mangga, mangka perjalanan masih tebih nya ka Bandung mah,” ceuk kuring.
Boga kasempetan téh basa sasalaman, kuring masih sempet ngaharéwos.
“Lis, sumpahna gé ayeuna mah pangling. Asa beuki geulis waé.”
“Si Akang mah. Dua kali tah nyebat kitu…” cenah bari rada kéom.
“Ngan aya hanjakalna…” ceuk kuring teu ditamatkeun.
“Naon tah?”
“Ku teu nyangki wé, Lis. Geuning keresa ka nu galak sareng emosian kitu?”
Teu dijawab ieuh pananya kuringna gé.
Lis. Lis. Urang téh panggih gé karék sabaraha kali. Lis ogé geus ngawanohkeun Kang Dadang, nu jadi salaki Lis, ka kuring basa di Gedong Multatuli. Teuing kunaon. Haté teu bisa dibébénjokeun. Malahan mah karasana asa beuki maskét.
Di luar, Hujan teu pati gedé, cukup keur maseuhan jalan komplék. Ukur dibaturan ku cikopi jeung roti tawar nu diolésan cokelat jeung purulukan kiju beunang marud. Kagagas deui waktu harita, dina suasana nu teu pati béda, girimis. Enya, basa munggaran panggih jeung Lis méh sataun kalarung di buruan gedong DPR.
Harita téh poé Kemis, Januari 2015. Wanci ngagayuh ka beurang. Langit Jakarta ceudeum, dituturkeun ku girimis leutik nu teu burung maseuhan jalan. Mun téa mah lain tugas, asa mending kénéh ngopi di tempat gawé. Nya kangaranan tugas téa atuh teu bisa nolak.
Motor nyebrung meulah Jalan Sudirman, ti Blok M arah ka Semanggi. Di Jambatan Semanggi méngkol ngénca, asup ka Jalan Gatot Subroto. Teu kungsi lima menit geus anjog ka hareupeun gedong DPR. Poé ieu mah kabagéan tugas téh ngaliput nu keur démo. Keur unjuk rasa.
Saenyana, para mahasiswa jurusan Bahasa Daerah wakil paguron luhur sa-Indonesia karumpul di buruan gedong DPR, ceuk béja mah rék ngademo Menteri Pendidikan sakalian ngadukeun nasib basa daérah ka wawakil rayat nu ngageugeuh di éta gedong. Spanduk atawa pamplét nu dibawa ku nu darémo ogé teu jauh ti kitu. Cenah dina Undang-undang Pendidikan nu anyar, Bahasa Daérah bakal leungit tina pangajaran sakola.
Sabada markirkeun motor, laju asup kana riungan wawakil ti paguron nu aya di tatar Sunda. Buktina mah geuning lain mahasiswa wungkul nu démo téh, loba nonoman sunda, sastrawan jeung budayawan nu milu aub. Mana kitu gé, ieu Undang-undang téh bakal loba pangaruhna kana ngamumulé jeung kamekaran basa indung. Enya kituna mah, Menteri jeung anggota DPR nu nyaluyuanana téh kawas lain urang lembur waé.
Aya dina riungan nu demo téh, keur kuring sorangan mah asa réunian. Enya tepung sono. Horéng peserta démo nu ti tatar Sunda mah, loba babaturan keur jaman sakola jeung sobat-sobat jaman keur resep ulin di Caraka Sundanologi. Loba nu geus wanoh. Gukgok. Matakna asa dibagéakeun pisan. Dina lebah kieuna mah kudu nganuhunkeun ka dunungan nu méré tugas téh.
Keur anteng ngobrol nyacapkeun kasono, di puseur kagiatan aya nu biantara. Eusi biantarana mah nya teu jauh ti paménta sangkan éta pasal tina Undang-undang anyar nu rék ngaleungitkeun basa daérah téh dipiceun. Réngsé biantara, disambung ku ngagalantangkeun maca puisi.
Cacak pangawakan awéwé, éta nu ngagalantangkeun puisi téh, édas wé ku gedé wawanén jeung gedé wewesén. Tapi da enya, lebah maca puisi bieu mah asa euweuh cawadeunana. Alus. Nu katéwak téh, puisina nyaritakeun kahariwang anak bangsa bakal leungiteun budaya jeung budi pekertina, sabab basa indung sorangan gé wani diperdaya. (lajengkeuneun)