Carpon Sanjani Rahimakumulloh
Kuniang hudang basa hapé disada. Padahal karék ngalenyap. Gap dicokot. Panon ukur muka sabeulah basa ningali saha anu nelepon. Nomerna teu apal. Mani horéam ngajawabna. Nu enggeus-enggeus gé ukur rék minjeumkeun duit. Atawa nu rék nipu yén kuring meunang hadiah. Lung hapé dialungkeun. Reup deui wé.
Heuleut sawatara lila hapé disada deui. Nyel keuheul. Lah, bet poho deuih teu dipareuman. Kapaksa diangkat. Ambéh teu nelepon deui.
“Séhat, Juragan?” sorana asa wawuh.
“Damang. Ieu saha?”
“Karmi. Béda anu sibuk mah mani hésé ditelepon téh.”
“Karmi?” kuring nginget-nginget. Leungeun gigisik kana panon. “Ooh, manéh geuning. Sugan téh saha. Hampura tadi keur saré.”
“Aduh, wayah kieu saré kénéh. Hayang panggih, yeuh. Bisa moal poé ayeuna? Jam tilu. Di kafé tempat urang sok patepang baheula. Bari nostalgiaan.”
Sanggeus ngimeutan yén euweuh acara, Kuring nyatujuan.
“Diantos wéh,” ceuk Karmi. Telpon ditutup.
Jam geus nunjuk ka angka dua. Sok bakat si éta mah pok torolong téh. Hadéna kafé téh teu pati jauh ti imah. Ngahuleng sakedapan sasat ngumpulkeun pangacian. Heuay merelek. Geuwat cengkat. Tuluy sibeungeut. Bari sakalian ninyuh kopi. Gentak kakaratak kana saku jékét. Manggih udud. Pelenyun. Suruput kopi.
Gap kana hapé, muka médsos. Notif dibukaan. Permintaan pertemanan aya puluhna. Tina sababaraha urang anu ménta, tétéla si Karmi gé salasahijina. Barang geus disatujuan jadi teman, laju muka profilna. Nempoan foto-fotona. Bréh si Karmi keur nyaba ka luar nagri: Hongkong, Singapur, Ustrali, jeung Cina. Kuring imut.
Aya atohna ningali babaturan kawas kitu téh, cirining teu susah hirupna. Tapi sakapeung sok ras ka diri sorangan. Jauh tanah ka langit ari bisa nyanyabaan ka luar nagri mah. Ti mana duitna. Beubeunangan gé teu tangtu. Poé ayeuna aya panghasilan, duka teuing isuk pagéto mah. Ninggang lamun aya proyék ceuyah sotéh. Ari keur suwung cara bulan-bulan ayeuna, beuteung kukurubukan gé ukur bisa nginum. Matak ngangres saenyana mah. Dalah kudu kumaha deui, nya kitu meureun gawé ukur di sanggar kasenian mah.
Lain euweuh deui pakasaban téh, da loba nu nawaran mah. Ngan kuringna wé embung. Tadina mah hayang nyalurkeun karesep. Loba nu hanjakaleun ka kuring, kaasup si Karmi. Nanaonan manéh téh? Na teu lebar kana ijasah? Cenah. Heueuh da haté téh ngancikna bet kana kasenian. Kabeneran aya wadahna. Keur mah sanggar téh warisan ti kolot anu geus lila pareum. Aya wé kereteg hayang ngahirupkeun deui. Jeung deuih ngarasa tumaninah wé. Milampahna teu weléh bungah. Dikitukeun mah Karmi teu némbal. Harita katara paromanna teu sugemaeun. Teu papanjangan deui. Jigana harita ngobrol pamungkas jeung si Karmi, da manéhna kaburu katarima gawé tuluy pindah kota. Teu kungsi tatanya deuih kota mana.
Deukeut jeung si Karmi téh pédah sa-organisasi basa kuliah. Béda divisi wungkul. Si Karmi mah ngokolakeun divisi kawijakan, sedengkeun kuring mah divisi kasenian. Bisa disebut aktivis manéhna mah. Lamun aya kawijakan nu teu adil pikeun mahasiswa, manéhna nu sok démo. Ari pancén kuring mun keur demo téh magelarkeun kasenian rupa-rupa kayaning téatrikal, kacapian, atawa drama singget. Teu saeutik nu lalar-liwat kairut nyakséni. Lagu jalma geus ngagimbung, giliran Karmi naék kana podium. Orasi. Nepi ka anu tadina nétral, jadi mihak. Enya, punjulna di dinya si éta mah. Bisa mangaruhan batur ku omongna.
Nyérélék waktu téh ari geus mukaan médsos mah. Geus téréh ka jam tilu. Geuwat ka cai. Rérés mandi milihan baju téh anu pangalusna. Parfum disemprotkeun. Buuk disisiran. Biasana mah tara inget-inget acan. Tuluy ngeunteung. Dipikir-pikir mah alabatan rék apél jeung awéwé. Ngadak-ngadak bingung milih sapatu gé. Sasarina mah bus-bus wé. Sanggeus ngarasa mantes, biur indit.
Anjog nepi kafé si Karmi can aya. Rét kana jam: jam tilu leuwih lima. Kuring néangan méja kosong. Meunang-meunang di juru deukeut rak buku. Di dieu pisan baheula jeung si Karmi ngararancang rupa-rupa kagiatan. Sabot nungguan Kuring mesen hayam bakar jeung és jeruk, katut ududna. Ceuk angkanan mah bakal kabeuli. Kari-kari ieu kafé téh dahareunana teu pati mahal. Cocog pikeun kuring anu ipis eusi dompét. Muka deui hapé. Maksudna rék nga-what’s up si Karmi. Jol aya lalaki bayuhyuh maké kaméja bodas nyampeurkeun dibarengan ku awéwé. Gék maranéhna diuk. Disidik-sidik kalayan gemet horéng si Karmi.
“Geus lila euy? Hampura urang elat, ngurus heula klién,” pokna bari ngajak sasalaman. Kitu ogé babaturanana. “Tika,” cenah bari imut.
“Icang,” cekéng bari males imutna.
Karmi jeung Tika ngilikan menu nu aya dina méja. Laju mesen. Pangling ningali si Karmi téh. Buukna pondok ayeuna mah. Beungeutna beresih sanajan rabok ku janggot gé. Buuk beulah sisi. Ngagurilap. Teu kawas basa pamungkas tepung; jabrig, cungkring. Katurug-turug tara mandi.
“Geus pesen?” Karmi nanya sabot kuring keur nengetan manéhna.
“Éh, eu..enggeus.”
Karmi muka hapé. Rada lila. Laju némbongkeun foto, gambar mobil. Kuring rada kerung.
“Alus teu ceuk énté?”
“Eu..eu..Alus.”
“Lamun proyék ti klién nu ayeuna hasil. Ieu mobil téh minangka bonus keur uing.”
Kuring unggeuk. Karék ngarti pangna némbongkeun éta foto.
“Riweuh ngurus klién nu ayeuna mah. Loba paméntana. Hayang garedé bati, bari nyekék. Matak capé haté saenyana mah,” Karmi ngarahuh.
“Gawé di mana kitu, Mi?”
“Di perusahaan mobil. Bagian Chief Executive Marketing,” témbal Karmi. Angkanan mah luyu jeung kabisana mun manéha diperenahkeun di éta posisi.
“Ari Chief Executive Marketing téh penting pisan pikeun perusahaan mah. Ujung tombakna. Mun euweuh marketing, moal kajual tah produk perusahaan téh. Nu matak kudu aktif. Ulah cicingeun. Ulah éraan. Kumaha wé carana sangkan targét kahontal.”
Tika unggut-unggutan. Saregep ngabandungan.
“Lumayan, Lur. Kamari proyék pengadaan mobil dinas jebol. Bonus téh ti ditu-ti dieu.”
Kuring unggeuk. Kitu ogé Tika.
“Tuh, mobil urang..” bari nunjuk ka tempat parker, “tina bonus éta téh. Manéh apal mobil urang hargana sabaraha?”
Kuring gideug.
“Opat, Cang. Opat ratus juta,” ceuk Karmi bari metakeun ku ramo. “Jero waktu dua taun urang bisa aya dina posisi ayeuna téh. Gancang pan? Saha heula atuh. Uing! Karmi Suharja. Chief Marketing terbaik…” ceuk Karmi bari nepak dada. Kuring ngabelenyéh.
“Loba nu sirik ka urang, Cang. Batur mah hayang naék jabatan téh minimal sapuluh taun. Matak loba nu nyangka nu lain-lain ka uing téh. Tah si José, cenah Uing téh maké dukun. Ari ceuk si Hotman, Uing mah pinter lélétakna ka dunungan. Padahal éta mah émang skill urang…” cenah bari pepeta. Tika ngabandungan kalayan daria. Sedengkeun kuring mah ngadéngékeun wé. Némbalan gé ukur sahinasna. Minangkana mah ngahargaan nu keur nyarita. Bari jeung rada kapikiran maksud si Karmi ngomongkeun pakasaban jeung banda anu dipiboga.
“Apal meureun manéh gé, Cang, basa jadi mahasiswa baheula. Didatangan ku urang mah, sanajan gegedén, bérés masalah téh…” Karmi melong ka Tika. Ngomongna rada leuleuy. “Hidup mah jangan gitu-gitu ajah! Harus ada perubahan. Itu juga kalau mau sukses. Jangan jadi orang yang ngga puguh juntrungan, tempat kerja harus yang mapan. Bukan malah di sanggar kesenian…” ceuk Karmi. Jenghok téh. Los-los ngaléok ka dinya omongan téh. Naon coba maksudna?
“Harus berani keluar dari zona nyaman hidup mah. Jangan idéalis, lah. Sekarang mah harus réalistis. Percuma idéalis tapi makan susah. Mobil ga punya. Gimana bahagianya coba?” pokna deui bari panonna meléng ka kuring. “Aku suka anéh ama orang kaya gituh. Hidupnya menyedihkan banget! Gimana perasaan orang tuanya, ya. Hmm..”
Teg kana haté omongan téh. Halis téh kerung. Huntu kekerot. Barang rék némbalan palayan kaburu datang nganteurkeun pesenan.
“Silahkan ayam bakar, roko, dan és jeruknya,” ceuk pelayan ngasongkeun piring. “Yang bapak mohon tunggu ya,” pokna deui ka si Karmi.
Piambekeun téh rada leler. Geuwat roko téh dipurak. Nyokot sabatang. Sugan ari ngelepus heula mah bisa ngabeberah. Karmi kitu deuih. Nyokot tina bungkus nu kuring. Laju manéhna nyeuneut. Pelenyun bangun nu ni’mat. Mireungeuh kitu, kuring teu jadi ngududna. Ti danget ayeuna mah moal pati didéngé si Karmi téh.
“Ayeuna mah, alhamdulillah. Urang geus boga imah. Di perumahan élit deuih. Perumahan Louis Regency. Nyaho harga imah pangmurahna sabaraha? Samilyar,” ceuk Karmi bari curukna ngacung. Kenyot deui. Pelenyun deui. Kuring ngarénghap jero naker. Gumecrék. Jero haté mah sing sumpahna keuheul.
“Meunang anu tengah-tengah wé imah téh, Cang. Dua milyaran. Tingkat dua. Bisa lah asup mobil tilu. Ulin atuh ka imah urang. Ke urang bilyar. Mun bosén, manéh bisa nyetél tipi. Channel luar nagri wungkul. Hayang dahar kari ngomong, ké dipangnyieunkeun ku si Mardi, koki uing.”
Kuring teu némbal. Cih. Teu sudi teuing kudu nganjangna gé. Jiga nu enya ngajak ka imahna, nu sidik mah hayang némbongkeun rajakaya wéh. Hayang ngécéskeun yén hirupna leuwih luhur batan aing. Da kitu maksud tujuan ngajak panggih gé jigana. Ukur pamér. Lah, nyaho pikieueun mah kaduhung daék nepungan. Hayang geura mulang nuluykeun impian.
Hapé Karmi disada. Geuwat diangkat. Jigana penting. Da kudu indit heula. Sedengkeun Tika ngaluarkeun make up tina tasna. Tuluy dangdan. Wedakna kandel. Nutupan pipina anu corog. Biwir euceuy. Panonna maké lénsa kontak bulao. Ditengetan mah jigana méh saban menit dipupurna gé. Sabot kitu beuteung kukurubukan. Tuda karék dieusian kopi wungkul. Hayam bakar nu nyampak didahar. Teu lila Karmi balik deui. Gék manéhna diuk. Nyel kesel. Teu hayang melong-melong acan anu datang.
“Ieu mah hampura pisan, Cang. Urang bieu ditelepon ku klien. Kudu indit deui. Hampura pisan lain kurang sono,” pokna. Kuring teu némbalan. Anteng nyapék daging hayam.
“Heueuh kitu wé, nya. Sugan hiji waktu bisa panggih deui. Loba kénéh caritakeuneun sabenerna mah.”
Kuring ngagayem kénéh daging hayam. Karmi jeung Tika cengkat.
“Doakeun urang, nya, sugan jebol proyék nu ayeuna,” song leungeunna ngajak sasalaman. Maranéhna amit. Laju muru ka tempat parkir. Sup kana mobil. Biur wé arindit.
Regot és jeruk. Seger. Eureuleu teurab. Tuluy nyeundeut roko. Pelenyun. Aya ku atoh maranéhna indit téh. Ahéng saenyana mah. Kuduna ngarasa sedih da bakal hésé tepung deui. Ieu mah teu sing! Samalah mun bisa tong ngajak deui panggih. Dina enyana hiji waktu ngajak, moal ditedunan. Sugan kabeneran aya acara, atawa mun euweuh gé rék néangan alesan.
Dahar geus béak. És jeruk ledis. Gentak muru kasir. Rék babayar.
“Semuanya seratus dua puluh lima ribu, A.” ceuk pelayan bari ngasongkeun bill.
Gebeg téh. Na asa mahal-mahal teuing! Teu luyu jeung itungan kuring. Dilikan bill-na. bisi aya nu salah.
“Itungannya dengan yang temen bapa berdua tadi,” ceuk kasir.
Udud jadi pahang. Sirah ngajedud. Huntu kekerot. Leungeun teu petot ngusapan sirah.
“Ini sisa yang dua tadi mau dibungkus, A?”
Kuring teu miroséa. Geuwat mayar. Biur mulang. Sajajalan teu weléh mikiran kumaha hirup keur isukan.*** Parigi Lamé, Désémber 2019
Nu nulis, ngawulang di salasahiji SMK nu aya di Kota Bandung, nganjrek di Ciwaruga
katerangan:
Carpon Di Kafé, Urang Sok Patepung karya Sanjani Rahimakumulloh kantos medal di Manglé nomer 2766.