Carpon Dedeh Soeciati
KURING teu ngarti kana paripolah salaki kadieunakeun. Beuki loba kalakuanana anu matak heneg kana haté. Cara ayeuna, teu gugur teu angin ngadadak ngajak ka lemburna. Ti Bogor ka Sumedang téh geus puguh jauh. Lamun dijugjug maké beus mah aya kana genep jamna.
Basa anyaran rumah tangga mah, can ridu ku anak, lamun diajak naék beus téh tara talangké. Ayeuna mah horéamna nataku, mawa budak laleutik kénéh, umur opat taun jeung dalapan bulan. Lamun teu nurut, salaki sok ngambek.
“Kang, naha ngadadak? Aya pikersaeun naon badé ka Embu?” ceuk kuring panasaran.
“Pokona rék milu moal?” salaki rada nyereng.
Teu loba carita, bari haté metegeg ngajugjug ka stamplat beus. Kabeneran nepi ka lembur beurang kénéh. Kasampak mitoha istri, anu ngan kari sorangan, keur ngasur-ngasur seuneu di dapur.
“Euh, geuning Dadang jeung Titi,” pokna bangun reuwaseun.
“Muhun, Embu, ieu sareng barudak ogé,” ceuk salaki, tuluy ngasongkeun leungeun, sasalaman. Kuring ogé nuturkeun sasalaman, bari ngécagkeun budak tina aisan.
“Damang, Embu?” ceuk kuring.
“Alhamdulilah. Tah kitu atuh, kudu nurut ka salaki téh, ridu saeutik mah jamak,” ceuk mitoha bari léos deui ka dapur.
“Ina, tuh salam ka Embu,” ceuk kuring ka budak anu panggedéna. Budak téh kalah ka belenyeng lumpat ka tengah imah.
“Keun baé tong dipaksa, da kumaha atikan indungna budak mah,” ceuk mitoha bari kurawed haseum. Pikeun kuring mah teu jadi nyeri haté, remen pisan mitoha méré budi anu matak pikanyerieun kawas kitu.
Bada magrib asup ka kamar mépéndé anu leutik, ari anu gedé mah keur lalajo tèlèvisi. Salaki anteng guntreng jeung indungna, kawas budak leutik anu mangadu ka kolotna. Sagala rupa didongéngkeun.
Hudang téh nyubuh, langsung bèbèrès jeung ka dapur. Torojol salaki nyampeurkeun ka dapur.
“Ti, Akang nyelang heula ka Bogor, sabab ènjing aya rapat pukul salapan. Jadi wayahna Titi, maturan Embu heula di dieu,” ceuk salaki bari geus rapih rék balik deui ka Bogor.
“Haaar…, ari Akang. Atuh sareng baé, abdi ngiring deui, pan teu ngabantun acuk seueur jang salin,” témbal téh mèrè alesan. Kuring ngarahuh narik napas panjang, asa diteungteuingan ku salaki. Ku naon teu dibadamian heula saméméhna.
“Iraha Akang mapagkeun deui?” ceuk kuring deui.
“Titi di dieu heula wé sabulan waé mah, Akang loba uruseun.”
Teu lila mitoha mairan, teuing ti mana norojolna, nyaho-nyaho geus aya gigireun.
“Enya atuh Titi, ari jadi pamajikan kudu nurut diatur ku salaki téh.”
Kuring ngabetem, teu némbalan, cipanon mimiti ngembeng. Buru-buru lumpat ka kamar bari nyokot budak anu leutik.
“Sok atuh, ulah nguyung, wayahna maturan heula Ambu di dieu. Akang mulang heula nya,” ceuk salaki nyampeurkeun ka kamar. Kuring cicing teu némbalan. Batin mah ngarakacak.
Nyaho adat salaki téh kadieunakeun, sok sumput salindung. Anu kabandungan loba hal-hal patojaiah jeung akidah. Ngan nyabar-nyabar manèh, karunya ka barudak. Baheula mitoha awéwé kurang panuju kawin ka kuring, sabab rék dijodokeun ka batur salemburna. Tapi salaki maksa lantaran bapana mah nyaluyuan. Waktu bapana aya kènèh, indungna teu pati réwél teuing.
Teu karasa geus kana dua mingguna di Sumedang, maturan mitoha. Tambah poé tambah teu betah, sanajan salaki sok mèrè béja ku SMS. Tungtungna kuring pamit rèk mulang heula, tapi lain ka Bogor, rék ka imah indung di Subang. Waktu amitan, mitoha teu maliré. Kuring angger indit, ngadius ka Subang.
Nepi ka Subang téh kasampak suwung, ceuk tatangga mah indung kuring keur ka pasar. Imah dikonci. Kapaksa ngadagoan di téras, bari nyanghunjar, ngararasakeun kacapé. Lain capé awak wungkul, pangpangna mah capé haté. Aya naon atuh maksudna salaki téh, teu gugur teu angin, kuring kudu cicing di lemburna. Teu lila indung téh datang.
“Har, geuning aya Titi? Naha teu ngabéjaan ti samèmèhna?” ceuk indung kuring bangun reuwaseun.
“Muhun, Mah. Hapunten,” pok téh, tuluy nyolongkrong sasalaman. Batin mah ngajerit pinuh ku kanyeri, ngan teu wani balaka. Indung téh kaciri geus ngarasa curiga, lantaran datang teu bareng jeung salaki.
“Mah, nitip heula Dani nya, abdi rada mabok,” ceuk kuring nitipkeun Si Bungsu. Ari Si Cikal geus ngagolédag luhureun kasur, bangun capèeun pisan.
“Enya, Ti, sok reureuh heula. Ké lamun geus reureuh kakara urang dahar,” ceuk indung kuring.
Di kamar téh lain saré, kalah guling gasahan. Haté teu daék leler, norowéco mikiran salaki. Naon maksudna? Kumaha némbalanana lamun indung nyeleksek nanyakeun kaayaan nu saenyana, pangna nepi ka bisa balik sorangan, bari ridu ku budak.
HP disada, aya telepon ti salaki. Antara rék dijawab atawa moal. Bingung. Ambek nyedek, keuheul tapi teu kedal. Tungtungna diantep teu diangkat. Teu karasa ngalenyap, bakat ku cape; geus sababaraha peuting tara tibra mikiran rék kumaha saterusna rumah tangga.
“Ti, dahar heula bisi gèring,” ceuk indung ngahudangkeun.
Kuniang hudang. Kasampak Si Bungsu tibra di tengah imah. Lamun teu kabita ku rujak hiris, kabeuki kuring, nataku horéamna rék dahar téh. Kuring ngalimba nempo kanyaah indung anu teu weléh hariwangeun ka anakna. Anu teu weléh nyampakkeun kabeuki kuring. Enya ogé kolot téh kari sabeulah, tapi tara daék ngahésékeun anakna.
Saréngséna dahar, indung nyampeurkeun.
“Ari hidep teu keur pundung ti Dadang?” ceuk indung basa geus paadu hareupan.
“Heunteu, Mah,” témbal téh singget.
“Naha atuh hidep tara-tara mulang sorangan?” indung rada nganaha-naha.
“Mah, Titi téh wangsul ti Sumedang, kénging dua mingguna di ditu.”
“Oh kitu, Mamah teu nelepon téh, dipikir Titi aya di Bogor.”
Teu lila kadéngé aya telepon kana HP indung kuring.
“Ti, ieu aya telepon ti Dadang, cenah kana HP Titi teu nyambung waé.”
Kapaksa telepon ditampa. Salila salaki ngabamblam, kuring teu lémék teu nyarék. Kacida salaki téh, ku teu sangka. Pet HP ku kuring dipareuman. Kuring ngahuleng sajongjongan. Mikiran kalakuan salaki.
“Ti, kumaha béjana Dadang?” indung kuring nyeleksek, hayang nyaho kana eusi obrolan.
“Mah, Kang Dadang miwarang wangsul heula,” pok téh bari bingung kudu kumaha ngajelaskeunana.
“Aya naon atuh Ti? Balaka baé, sugan Mamah bisa méré bongbolongan sasieureun sabeunyeureun.”
Kuring sorangan bingung kudu ti mana mimitina ngajelaskeunana.
“Mah, engké baé tos nyalsé, Titi ngadongéng ka Mamah. Ayeuna mah dungakeun, énjing Titi badé wangsul heula ka Bogor,” ceuk kuring ngalelemu haténa.
Pasusubuh geus saged rék mulang heula nemonan panitah salaki. Budak nu bungsu anu dibawa balik, Si Cikal mah saré kénéh mani tibra.
“Mah nitip Ina nya, da Titi moal lami,” ceuk kuring bari rada ngalimba.
“Nya sok, da budakna soléh, sanajan jarang panggih ogé apet ka Mamah,” ceuk indung negeskeun. Pasemonna katémbong pinuh ku kahariwang.
Nepi ka stamplat beus Bogor, dipapagkeun ku salaki maké motor. Terus ngadius kahiji tempat nu pikeun kuring mah karasa anyar kasaba. Sajongjongan kuring hareugeueun. Sanepina ka nu dituju, salaki kakara waléh nyaritakeun yén imah geus dijual ka babaturanana. Haté asa kabéntar gelap. Ngagebeg. Reuwas lain dikieuna. Beuki bingung ku kalakuan salaki.
Duit hasil ngajual imah téh cenah pikeun mayar hutang mitoha. Harita basa tatamba bapana nginjeum duit ka réntenir. Gujrud imah mitoha bakal disita. Salaki ngarasa tanggung jawab, anak hiji-hijina tur lalaki. Kapaksa pikeun nutupan hutang kolotna, ngajual imah. Pajarkeun teu badami téh bisi kuring teu panuju, jadi diungsikeun heula. Sésa duit ngajual imah teu cukup pikeun meuli imah deui. Saheulaanan mah ngontrak. Nya tempat nu anyar kasaba ieu pangontrakan téh.
“Wayahna, Ti, Akang nékad kieu téh pikeun nyalametkeun ngaran Bapa jeung Ema di lembur,” pokna ngajelaskeun.
“Sing rido, mudah-mudahan aya milik urang meuli deui anu leuwih alus,” ceuk salaki ngalelemu kuring nu teu nyora waé. Dalah dikumaha geus kieu kajadianana. Kuring mah tumampa kana kadar. Sanajan imah anyar nu dicicingan ayeuna imah kontrakan, pikeun kuring mah teu matak jadi pasualan. Nu penting bisa nulung ka kolot jeung rumah tangga runtut raut.
“Muhun, Kang,” pok téh bari nyusutan cipanon. Kang Dadang ngagabrug, nangkeup satakerna. Teu wasa nyarita, nu aya ngusapan sirah kuring bari milu rambisak.
“Titi bojo Akang anu soléh, nuhun tina kasatiaan tur kanyaahna ka Indung Bapa Akang,” hawar-hawar Kang Dadang ngaharéwos. Tuluy nyium tarang kuring.
Bogor, September 2019
Katerangan:
Carpon IMAH ANYAR karya Dedeh Soeciati kantos medal di Manglé nomer 2767.