Nyusud Kalangkang Katumbiri
Carpon Dadang Romansah
Rék nanya, nanya ka saha? Biheung aya nu nyahoeun kawantu Komplék Margahayu téh sakitu legana, kaduhung teu ménta nomer telepon Léni.
Geus leuwih ti sabulan migawé imah Bu Lilis téh. Moal lila deui gé anggeus. Pira ogé nyieun wangunan tipe 36. Daék sotéh duméh waé di komplék éta, susuganan bisa panggih jeung Yanti, cinta munggaran kuring nu dikawin ku babaturan kuliahna. Cenah ceuk Léni mah nganjrekna téh di Margahayu. Ngan cenah kaayaan rumah tanggana téh keur kacrut alatan salakina kaperego salingkuh.
Saban isuk sepor ngurilingan komplék, bari miharep susuganan bisa tepung. Teu burung kabiruyungan, basa keur ngopi di warung deukeut péngkolan, saliwat nempo manéhna numpak motor métik beureum. Nanyakeun ka bibi warung ngadon gideug.
“Teu terang urang blok mana-manana mah. Mung da unggal énjing ogé sok ngalangkung ka dieu!” ceuk Si Bibi bari mikeun duit pamulangan.
Isuk kénéh geus cicing di warung, bari tuluy nempoan ka jalan bisi kapoosan. Teu lila katempo manéhna lebah péngkolan, sanggeus ngaliwat geuwat dituturkeun nepi ka pasar Kiaracondong. Sanggeus markirkeun motorna manéhna muru ka elos sayuran. Kuring markirkeun motor gigireun motorna, geuwat ngajugjug ka toko beusi nu témbong geus muka. Meuli paku pikeun alesan sasayagian bisi manéhna curigaeun. Teu lila katempo manéhna bijil ti jero pasar. Basa rék nyetarter motorna kuring api-api ngabadug setangna.
“Duh, hapunten, Étéh…!” geuwat ménta dihampura.
Biwirna katémbong éngab tayohna mah rék nyarékan, ngan barang sidik kana beungeut, “A Yudha? Ieu téh A Yudha?” pokna bari colohok.
“Yanti…, geuning aya di dieu? Duh, punten rumaos malaweung,” cekéng, sakali deui ménta dihampura. Manéhna tibang imut bari tuluy neuteup. Sanggeus sasalaman manéhna tuluy tetelepék.
“Dupi A Yudha linggih téh di mana?”
“Yaaah, namina tukang kuli mah di mana wé nyangsangna, Yan. Ayeuna mah kaleresan nuju damel di Margahayu.”
“Baruk, di Margahayu? Pan abdi ogé di dinya. Ameng atuh ka rorompok!” pokna, luyu jeung nu dipiharep.
Lumayan lila ngobrol téh mun teu kaburu ditelepon ku Kang Amin mah tangtu bakal kateterusan. Kuring amitan sanggeus silitukeuran nomer WA.
***
Saminggu ti basa tepung, teuing geus sababaraha kali manéhna nga-WA, nananyakeun iraha rék nganjang ka imahna. Alesan mah can aya waktu nu rinéh alatan pagawéan keur dirurusuh.
Hiji poé palolohor, Kang Amin nu keur masang keramik di rohang tamu kadéngé keketrok kana panto, ngabéjaan yén di luar aya sémah.
“Sina asup waé, Mang!”
Teu lila Kang Amin geus ngurunyung deui, dituturkeun hiji wanoja. Yanti.
“Sakedap nya, pameng hanca!” cekéng api-api tonggoy nyanghareupan layar leptop.
“Paingan mani teu aya waktos, rupina sibuk pisan ari tos janten bos mah, nya!” cenah, muka wangkongan.
“Laaah nyibuk-nyibuk nyalira wé, Yan. Lumayan manan nganggur. Geuning ka dieu, kumaha upami Dika uningaeun?”
“Teu nanaon uningaeun mah, A! Atoh nu aya,” témbalna bari tungkul, nyumputkeun pamuluna nu bangun nyidem bangbaluh.
“Ku naon kitu, Yan?” api-api teu nyaho.
“Ah, sanés carioskeuneun di dieu, A! Dupi engké wengi teu kagungan acara? Kumaha upami urang jalan-jalan? Asa sararumpeg di rorompok téh.”
“Jih, nya hayu atuh, ari moal matak kua-kieu mah.”
“Leres, yeuh! Badé nyampeur atanapi disampeur?” pokna tumanya, paromanana ngadadak cénghar katémbong tina liwey biwirna.
“Ba’da magrib Yudha nyampeur ka ditu, nanging antosan di luar!”
“Leres? Awas upami ngawadul deui!”
“Moal, suwér…!” cekéng bari ngacungkeun curuk jeung jajangkung.
Ba’da magrib ngajugjug ka imahna. Kasampak manéhna geus nungguan. Kalacat, tuluy nangkod. Seungit parfum minuhan irung, bangun nu ngahaja hayang ngahudang tineung lalakon mangsa ka tukang.
“Ka mana?” cekéng bari ngarandeg.
“Teu langkung,” pondok.
“Alun-alun?”
“Hoyong ka nu tebih.”
“Pangandaran?”
Manéhna males ku imut, tuluy unggeuk tanda nyaluyuan. Motor nyemprung ka wétankeun, sésélékét dina sesela patalimarga nu keur meujeuhna padedet. Sajajalan teu loba catur, manéhna nangkod pageuh naker. Sanggeus méakkeun waktu méh genep jam, teu burung nepi ka nu dituju. Jelegur ombak jeung tingsiriwikna lambak nu nyéblok kikisik bangun nu ngabagéakeun patepungna deui dua asih nu lawas pegat.
Yanti medar lalakonna, kaayaan kahirupanana tug nepi ka kaayaan rumahtanggana. Kabéh luyu jeung béja ti Léni. Réngsé manéhna nyaritakeun sagala rupa nu jadi bangbaluhna salila ieu, hancengan kuring pikeun ngaguar lalakon. Tangtu waé teu sajalantrahna, da Déwi mah éstuning wanoja taya cawadeunana. Geulisna satata jeung Yanti. Kaayaan kolotna teu kakurangan matak bisa ngamodalan kuring nepi ka bisa jadi pemborong proyék ogé. Malah Déwi mah aya punjulna deuih, manéhna mah leket ibadahna. Jaba aktif di majlis ta’lim.
“Bakal bagja kumaha rumah tangga teu didadasaran ku bogoh mah atuh, Yan? Sagala ogé sarwa kapaksa,” cekéng muka guaran ngeunaan kaayaan kuring harita, basa putus jeung manéhna.
“Yudha handeueul, saban dinten huleng jentul tur sering numpi di kamar. Dugi ka hiji waktos bapa ngahaja nepangan Pa Wiryana, kagungan maksad hoyong ngarérémokeun Yudha sareng Déwi nu kaleresan sanasib. Anjeunna énggal kénéh dikantun pupus ku picarogéeunana, padahal waktos ka dintenan walimahanana téh tos nyantek. Malih apan ondangan ogé tos disebarkeun.
Sanaos nikah kapaksa, lumayan saheulaanan mah tiasa ngabangbalérkeun kahanjelu.
Nanging ka dieunakeun Déwi kajongjonan teuing ngokolakeun kagiatanana, dugikeun ka bangun nu lali kana kawajiban ngawulaan carogé. Kantenan ayeuna mingkin sering dikantunkeun ka luar kota. Beuki bébas waé panginten. Malih kantos aya nu wawartos saurna téh Déwi sering disampeur ku tilas kabogohna nuju di SMA. Saha pamegetna nu teu ngahéab nguping kalakuan bojo sepertos kitu, Yan?”
“Baruk kitu nyah, A? Geuning mani nyeplés sareng nu karandapan ku abdi,” pokna bari colohok ngabandungan guaran kuring.
“Tos nasib Yudha mana kitu gé, Yan!” cekéng bari lalaunan nangkeup cangkéngna, manéhna cicing bangun nu pasrah.
“Rumaos abdi lepat. Upami harita…,” jep, teu kebat basa kuring ngantelkeun curuk kana biwirna.
Bulan nu tadi mabra, ayeuna geus nyumput disimbut méga hideung. Cahaya kilat témbong tingburinyay. Teu lila karasa cihujan mimiti ngepris, tuluy ngabadagan.
***
Panonpoé témbong béngras, nyulusup tina sesela hordéng kamar hotél nu nyingkab diulinkeun angin. Yanti saréna tibra naker, biwirna nu pikauruyeun dipapaés imut kareueut, ngagambarkeun kaayaan haténa nu keur pinanggih bagja. Teu digareuwahkeun, gancang ngaléos, ngadon moyan dina térlas. Bray, muka layar hénpon nu ti peuting kénéh tuluy-tuluyan ngageter. Bréh, katempo aya limalas kali telepon teu kaangkat. Ti Déwi. Tuluy muka méséngger, runtuyan pesen dibacaan imeut naker: Ku naon teu diangkat waé teleponna, A? Abdi bingung, Si Cunéng dirawat di rumahsakit katarajang DBD. Kitu unina WA nu kahiji. Disusul ku pesen-pesen satuluyna.
Awak ngadadak ramohpoy saréngséna macaan méséngger ti pamajikan. Ngalangkang dedegan Si Cunéng, centilna, sorana jeung réngkak paripolahna nu pikalucuen nu kiwari moal katempo deui.
“Yan, Yanti…! Hapunten Yudha kedah ka lembur ayeuna. Si Cunéng…,” teu kebat, leungeun némbongkeun WA ti pamajikan.
“Mangga waé, A. Nanging kumaha abdi wangsul ka Bandung?”
“Urang sareng dugi ka Banjar, ti dinya Yanti numpak beus!” Manéhna témbong unggeuk.
Motor nyemprung ninggalkeun basisir, nyorang aspal nu baseuh tapak cileuncang. Di hiji tikungan lebah kebon jati, gibeg! Reup kaayaan ngadadak poék, hawar-hawar sora nu humarurung. Écés sora Yanti. Mingkin lila mingkin ngajauhan. Les.
Basa lilir tuluy sumengir, nahan kanyeri nu teu puguh rasakeuneunana.
“Akang tos émut? Alhamdulillah ditangtayungan kénéh,” sora wanoja ditompokeun. Nyah beunta, bréh Déwi diuk gigireun. Di hiji kamar nu sepré katut kulambuna sarwa bodas.
“Hapunten akang, Wi….” sora kaluar najan pegat-pegat. Panon neuteup wanoja wanoja nu kungsi digogoréng demi ngala haté Yanti, nu ayeuna kari ngaranna.
“Gusti Alloh lautan hampura. Isin upami abdi teu ngahapunten kalepatan Akang. Sing énggal damang waé, Kang!” témbalna.
Poé katilu di rumahsakit, teu nyaho datangna di lawang panto geus nyampak tilu lalaki. Tétéla Dika salaki Yanti, dibaturan dua urang pulisi. Deg! Jajantung asa coplok. Leungeun lilinieun. Nyawang kajadian nu bakal karandapan satuluyna, nu moal hanteu bakal unggah baléwatangan tina dua kasus nu lain lalawora, salingkuh jeung talobéh nalika mawa kandaraan.
“Teu kedah salempang, A! Sagala pasualan tos diréngsékeun secara kakulawargaan. Sanaos pihak Dika ngajengkeun tanjakan. Nanging demi ngabébaskeun A Yudha tina jiret hukum, sarat ti anjeunna ku abdi tos disanggeman,” haréwos Déwi bangun nu surti kana kasieun kuring.
“Alhamdulillah. Duh nuhun, Wi….” cekéng bari nyekel pigeulangna.
“Dika nyuhunkeun sabaraha kanggo nutup ieu kasus, Wi?”
“Henteu, A! Anjeunna teu nyuhunkeun sapésér-pésér acan. Nanging…, nanging abdi kedah keresa dijantenkeun gegentos almarhumah Yanti.”
Leng…
Sukamulih, tungtung Desember.
katerangan:
Carpon nu Judulna Nyusud Kalangkang Katumbiri karya Dadang Romansah kantos medal di Manglé nomer 2766.