Carnyam Déni Riaddy
(Bagéan 7)
“Hallo! Hoe gaat het? Halo! Kumaha damang?” ceuk Bén.
“Halo. Alhamdulillah. Séhat, sakumaha katingalina, Bén!”
“Bevalt het u hier? Kumaha, resep di Leiden téh?” ceuk Bén deui ka Lis.
“ja ik hou ervan hier te wonen. Kantenan atuh, Bén. Resep kacida,” dijawab ku Lis.
“Bén, Lis nyandak Doktorna gé pan di Universitas Leiden,” kuring miluan nyambungan.
“Mudik atuh, Lis mah, nya?” ceuk Bén.
Sanggeus Lis jeung Bén rada lila ngobrolna, kuring pok ka Lis, “Bén nu ngondang akang lunta jauh ti lembur. Akang dipasihan kasempetan ku Bén kanggo nyaliksik puisi nu dimuralkeun dina témbok di kota Leiden.”
Lis ukur unggut-unggutan.
Bungah amarwatasuta. Bungah kagiri-giri. Ku teu disangka ti anggalna, di Leiden bakal panggih jeung Lis. Ka Bén ogé didongéngkeun kuring panggih jeung Lis téh sababaraha kali dina acara budaya. Di antarana di Baduy waktu Séba jeung di Ciptagelar.
Hanjakal teu bisa lila ngobrol jeung Lis, éstu pan kudu ngahanca pagawéan séwang-séwang. Barudak mahasiswa Lis ogé geus narungguan pedaran Lis ngeunaan sajak ‘Aku’ nu ngajeblag di hareupeun maranéhna. Kuring ogé sarua, masih kénéh loba hancaeun.
“Lis, kulem di mana?” cekéng saméméh Lis ngahiji deui jeung rombonganana.
“Di Nieuwe Rijn 18 B, mayunan kanal, Kang,” témbalna.
“Minggon nu badé dongkap libur, kan? Ké dijemput ku akang nya. Urang naék parahu, Akang mah hoyong dianteur ku Lis, mapay kanal!”
Lis unggeuk bari seuri. “Akang di mana kitu nginepna?”
“Di Steenhof Suites. Kahalangan ku kanal ti Lis mah. Pokona antosan jam 9-an, akang nyampeur ka panginepan Lis, nya!”
“Bén, Leuk je te ontmoeten. Tot ziens! Daaag! Ulah hilap, engké mah Lis diulem ka dieu nya, Bén!” Lis amitan bari terus ngahiji deui jeung rombongan mahasiswana.
Haté bungangang. Bet asa aya rasa nu béda leuwih ti sasari. Bungah nu lain kabungah biasa. Sono nu béda. Untung wé kabangbrangkeun ku Bén nu harita terus ngajak ka lokasi mural puisi beunangna Rimbaud, WB Yeats, Dylan Thomas Dereck Walcott jeung nu séjénna deui.
“Sép, jouw geliefde ja?” Bén nanya bangun nu panasaraneun.
Kuring ukur seuri haseum ditanya kitu téh. “Lain, Bén. Lis mah lain kabogoh kuring. Enya Karék kahayang. Kahayang kuring. Biheung manéhna mah.”
“Naha?”
“Geus bogaeun salaki.”
“Teu masalah kan mun manéhna daékeun mah?” Bén nanya bari satengah nyilidik.
“Masalah keur kami mah, Bén,” dijawab kitu ku kuring téh, Bén teu ngomong deui.
***
Poé ahad, tabuh salapan kurang lima menit. Kuring geus aya di hareupeun panginepan Nieuwe Rijn nomer 18. Saenyana, ti panginepan ka kanal téh ukur kahalangan ku jalan Nieuwe Rijn. Lain panginepan sigana mah. Asa leuwih pantes disebut asrama putri.
Gedongna diapit ku rumah makan jeung kedai kopi. Teu lila ngadagoan. Lis ka luar ti panginepan. Maké calana jins ka luhurna dikaos kelir bodas, hijabna deenay syar’i kelir biru motif daun. Nyari. Jeung seungit deuih.
“Parfumna DKB nya Lis?” ceuk kuring basa geus aya di gigireun. Lis unggeuk.
“Muhun, Kang. Dona Karan Black, Parfum favorit abdi. Geuning uninga?” cenah bari terus ngasongkeun leungeun, ngajak sasalaman. Diteruskeun ku cipika-cipiki.
“Terang, da akang gé lami nganggo parfum éta mah. Énakeun, teu nyegak teuing seungitna nya,” cekéng.
“Teras, ka mana acarana ieu téh?” cenah.
“Urang paparahuan yu! Urang mapay kanal. Aéh, kétang teu langkung Lis. Lis nu langkung apal di dieu mah,” ceuk kuring bari terus ka jalan.
“Nya mangga teu langkung nu ngajak, Lis mah. Akang tos ka mana waé salami di dieu téh?”
“Numawi teu acan ka mana-mana, masih konséntrasi kana pedaran puisi dinding. Pan mémang akang mah ka dieuna gé sanés badé pakanci. Pami Lis tos ka mana waé?” ngobrol bari leumpang di sisi kanal. Reg, eureun.
“Aya naon, Kang?” Lis milu eureun.
“Itu geura resep ningal soang sareng meri, ngojay di kanal nu caina sakitu beresih. Di urang mah pimanaeun nya aya nu kitu,” ceuk kuring bari nunjuk ka nu keur kokojayan di kanal. Paneuteup Lis nuturkeun tungtung curuk. Dituturkeun ku imutna nu ngagelenyu.
“Nembé kamari, ku Ibu Dékan diajakan ka perpustakaan Lembaga Studi Asia Tenggara Karibia,” pokna bari neruskeun leumpang.
“Oh KITLV.”
“Naha oh, Kang?” Lis ngudag jawaban kuring.
“Muhun KITLV, pabukon nu nyimpen 26 rébu manuskrip kuno ngeunaan Indonesia. Ngeunaan Sunda, Jawa, Sumatera. Padahal di Perpustakaan Nasional waé jumlah manuskrip Indonesia téh ukur sapuluh rébuan. Nyeri haté teu Lis pami kitu?”
“Lis mah henteu nyeri haté, Kang. Biasa baé da urang Walanda mah mémang katelah jadi administratuur paling hébat di dunya. Teu cara urang pan. Ayeuna mésér novel, minggon payun gé tos ical.”
Kuring ngahaja teu némbalan.
“Nu matak nyeri haté Lis mah, Kang, pami ningal kumaha raresikna, tata kelolana Kota Leiden sareng kota-kota sanésna di Walanda. Kumaha gemah ripah loh jinawina bangsa Walanda. Pan éta sadayana téh estuning beunang ngagunasika bangsa urang. Ngajajah bangsa Indonésia ratusan taun lamina,” Lis sumanget nakeran nyaritana.
“Ceuk akang mah aya untungna siga ayeuna téh, lamun téa mah Walanda sangsara, meureun moal aya nu ngondang urang. Urang moal pendak di dieu,” cekéng bari rada digilekkeun léokna obrolan. Méh teu daria teuing ngobrol, pan keur gumbira ieu téh.
Obrolan kapegat sabab geus nepi ka nu dituju. Teu jauh, leumpang gé ukur memenitan. Anjog ka tempat séwaan parahu, Kuring jeung Lis meuli karcis. Ngahaja milih korsi pangtukangna, méh bébas popotoan, angkanan téh. Panumpang geus aya salapan urang mah, parahu wisata kanal gé miang. Nu jadi guide-na Hans, mahasiswa Leiden, cenah. Hans dibantuan ku baturna nu nyupiran parahu motor.
Sajajalan Hans ngajelaskeun sakur naon waé nu kaliwatan atawa katempo. Mimitina mah ngajelaskeun yén ieu kanal téh panjangna 28 kilométer, dipotong ku 88 jambatan leutik. Diteruskeun ku nyaritakeun mimiti ngadegna Universitas Leiden jeung sajarah kota Leiden. Kituna téh bari manéhna nyelang ngahuapkeun lumpia. Can sarapan tayohna mah.
Pas ngaliwatan molen nu dingaranan Molen de Put, Hans nyebutkeun yén ieu molen kai téh diwangun taun 1987, samalah ayeuna gé masih sok dipaké kénéh ngagiling gandum.
“Sadérék sadayana, saleresna mah di caket Molen ieu téh aya bumina Rembrant van Reijn, pelukis Walanda nu kasohor. Hanjakal bumina kahalangan ku molen, janten urang teu tiasa ningali bumina,” ceuk Hans nerangkeun. (lajengkeuneun)