Ku Budhi Slamet
Hujan teu sirikna siga dicicikeun ti langit. Motor GL 100 nu ditumpakan ku kuring jeung patugas kehutanan seuseureuleuan nincakan batu pacampur jeung leutak. “Kadé yi muntang cing pageuh!” sora patugas kehutanan ngélingan ka kuring nu diuk di tukang. Kuring nyempod jero jas hujan kalong dina tonggong patugas kehutanan. Jas ngagebay katukang kekelebetan katiup angin. Lumayan awak teu jibrug teuing kahujanan. Motor nu hijina mah leuwih tiheula di hareup. Teu ngaboncéng panumpang, ngahaja sina dihareup sangkan néangan jalan liliwatan nu aman. “Awas euy tuturkeun tapak nincak urang! leueur pisan jalana bisi tikusruk kana jungkrang!” ceuk patugas kehutanan dina motor hareup ngajorowok.
Wanci geus harieum beungeut tapi patempatan nu dijugjug masih jauh. Lampu motor babarasatan nojo kana jajalaneun. Jalan karasa nanjak mudun, gagaléongan milihan tincakeun. Geus teu kaitung motor tisolédat ampir-ampran rék labuh. Sawatara lila tungtungna jog anjog ka tempat nu dituju. Lembur leutik sisi gunung. Éstuning paroék can aya listrik. Imah ngan rentul sababaraha suhunan. Wangunan imah sing belegbeg ku poékna peuting, kasilib ku ngecrekna cai hujan nu can raat-raat. “Mangga linggih!” sora nu boga imah ti jero tepas awor jeung ngaguruhna sora cai hujan. Lampu cempor katangén kakalicesan katiup angin. Sanggeus markirkeun motor, kalacat kuring tiluan hanjat kana golodog, gék diuk dina samak nu diamparkeun luhureun palupuh tina awi.
“Yi, tah ieu bapa tua kampung di dieu téh!” sora patugas kehutanan ka kuring.
“Nepangkeun abdi Budhi,” solongkrong kuring sasalaman. Derekdek kuring nyaritakeun maksud kadatangan kadinya.
Taun 1999 nagara karék igeug-igeug hudang tina krisis monetér. Kuring meunang pagawéan ti Kanwil Dinas Kehutanan Provinsi nyieun sabuk hijau pencegah kebakaran di wates Gunung Kareumbi Masigit jeung Desa Pangeureunan Limbangan Garut. Proyék jaring pengaman sosial sektor Kehutanan anu diluluguan pamaréntah pusat. Nya harita kuring kaistrénan jadi koordinator kelompok. Datang tiheula ka lokasi menta idin jeung néangan tempat cicing jang salila ngalaksanakeun pagawéan. Babaturan séjéna jumlahna aya kana dalapan urangna. Datang poé isuk sakalian mawa bibit tatangkalan pelakeuneun.
Sanggeus milu mandi beberesih di pancuran tukangeun imah tua kampung, tiluan disuguhan sangu haneut, lauk asin jeung sambel tarasi ledok katut lalabna. Dahar ponyo pisan kabarung ku tiris. Cikopi hideung jeung kulub sampeu maturan obrolan nepi ka sakira jam 9 an. Kajurung ku capé teu kungsi lila kabéh geus ngagéléhé di pangkéng nu disayagikeun ku tua kampung. Kuring saré sakamar jeung salah sahiji patugas kehutanan. Lep kapulesan, éling-éling kalilirkeun sora kérék patugas kehutanan anu nampeu pisan kana ceuli. “Haram jadah éta sora kérék meni nyegrék kitu,” gerentes haté.
Kuniang hudang terus gék diuk nanghunjar. Beuteung ngadak-ngadak karasa musial hayang ka tukang. Ti isuk can kungsi miceun pisan, sigana pangaruh sambel tarasi mimiti nyaliara. Hujan di luar geus raat, kadéngé sora cikaracak masih atra ngeclak murag tina panyawéran. Jung nangtung terus leumpang ka tengah imah muru panto hareup. Bray mukakeun panto, séak angin ngagelebug neumbrag kana beungeut. Bulu punduk ngadadak rada muringkak. Rét kajero niat rék ngahudangkeun babaturan petugas kehutanan ménta dianteur ka tukang, aya rasa teu téga. Karunya keur sararé tibra-tibrana kudu dihudangkeun. Ngahudangkeun nu boga imah waé kitu? Gerentés hate. Ah pamohalan, geus mah nyuguhan kuring tiluan, kari-kari ayeuna rék diganggu dihudangkeun ménta dianteur.
Di luar poék mongkléng, tapi cahya bulan sapotong mimiti ngintip nyaangan tincakeun anu reyem-reyem. Leumpang rurusuhan muru pancuran anu tadi soré dipaké mandi. Dina pikiran pasti lamun aya pancuran moal jauh ti pacilingan. Nepi ka pancuran luak lieuk néangan dimana pacilingan, tapi lebeng teu katempo. Pancuran sihoréng aya dua, nu hiji deui mah rada kalebak. Naha waktu mandi tadi magrib teu katénjo? pédah poék kitu? pikiran mimiti cus cos. Cai kokocoran pancuran duanana ngamalir ka walungan leutik di lebak. Beuteung beuki karasa tambah murilit hayang ngaluarkeun eusina. Duh maké karasa rada paranas tiris sagala ieu téh. Késang tiis mimiti renung.
Ah rék miceun di dieu wé dina kamalir pancuran, da pasti kégé palid ka walungan, pikir kuring harita. Bari rarat rérét néangan tincakeun, sok komo peuting kieu mah moal aya jalma ngaliwat. Karékgé rék muka beubeur, ti lebah walungan aya nu kukucuprakan maju nyampeurkeun ka luhur mapay kamalir. Rét ditingali, naha siga jelema? Bener wé ning budak leutik buligir kaluhurna teu dibaju, kahandap maké calana pondok hideung, teu pati écés da kahalangan ku poék. Éta budak ngarengkog waktu ningali aya kuring keur ngajanteng setengah dongko rék muka beubeur. Manéhna miceun beungeut, terus malik arék lumpat ka lebak deui.
“Jang, ké heula ulah waka indit!” ceuk kuring nyorowok tarik
Budak teu jadi lumpat, rét ngalieuk ka kuring terus neuteup. Matana katémpo bodas beresih, hihideungna meni asa gedé.
“Jang ari pacilingan belah mana?” tanya kuring.
“Belah lebak, luhur balong!” jawab éta budak pondok.
Taksiran kuring éta budak umur dua atawa opat taunan da geus bisa lumpat kalayan ngomong béntés. Ngan naha asa pendék jeung hideung? gerentes haté deui. Mikir teu kebat, kaburu beuteung murilit pisan.
“Kabelah mana jalana?” tanya kuring deui bari muringis
“Ka dinya!” budak nunjuk jalan satapak nuju kalebak. Terus manéhna mimiti mandi, sirahna diceuceuh dianggir maké cai pancuran.
“Nuhun Jang!” jawab kuring teu ngalieuk deui
Abong budak urang gunung peuting-peuting mandi hég diangir, pikir kuring bari leumpang. Deregdeg muru jalan satapak rurusuhan kahandapkeun. Eusi beuteung asa geus sabrol-broleun wé dijurukeun. Leumpang teu sirikna notog-notogkeun manéh nahan kahayang. Jog anjog bener wé aya balong lumayan gedé. Aya pacilingan luhureun balong siga béca. Gog kuring cingogo anyeucleung miceun hajat, asa merdeka pisan karasana. Pangacian mimiti kumpul, ras inget cikénéh karék amprok jeung budak hideung keur mandi. Rét ningali jam, jam goréng urut ki lanceuk anu teu bisa dibaca dinu poék. Ngandelkeun cahya bulan sapotong, jarum jam ditenget-tenget sugan bisa katempo. Bréh wanci nunjukeun jam dua peuting. Gebeg, kuring mimiti teu genah rarasaan. Ari bieu budak nu nuduhkeun pacilingan naon atuh? maenya budak leutik liar dina waktu janari leutik, beu boa-boa? haté norowéco.
Angin ngadadak nyéor, ngagelebug kana tatangkalan sisi balong, anjing babaung di kajauhan. Bulu punduk carengkat kabéh, karasa asa ngageblég teu kaampeuh, késang tiis renung deui. Miceun mangkaning geus réngsé, hanjakal beberesih cécéwok kudu balik deui ka pancuran tadi. Cilaka atuh kudu kumaha ieu, haté pinuh ku pertanyaan. Tapi maénya kudu ngopét mah teu cécéwok, éra kasebutna. Haté diteger-teger. Pikiran sabisa-bisa teu araranéh sangkan timbul wawanén. Urang kampung mah barudakna pasti sok arulin ti peuting, kitu nu aya dina pikiran kuring harita ngupahan.
Isukna rebun-rebun kuring tetelepék ka tua kampung. Imah di wewengkon éta ancal-ancalan. Sagunduk aya lima atawa genep imah, kapisah rada jauh aya deui ngagunduk, kitu jeung kitu wé.
“Pa Apung dupi di gundukan dieu aya nu gaduh murangkalih kinten tilu-opat taunan, mung rada pendék, pokona tos bentés nyarios lah?” tanya kuring.
“Teu aya atuh Cép, digundukan dieu mah aya gé orok nu nembé lahiran hungkul, tuh nu bumina palih tonggoh nembé tilu sasih. Mantu bapa wé nu bumina éta gigireun nembé sasasih orokan.” Jawab tua kampung daria.
“Dupi di gundukan palih lebak aya nu kagungan?” tanya kuring deui beuki panasaran.
“Di gundukan handap gé pang alitna tos sarakola SD. Naha kitu?” tanya tua kampung malik nanya.
“Ah henteu.” jawab kuring pondok.
Walahu alam, nepi ka parat pagawéan di dinya 10 poé kuring teu pernah betus ka babaturan ihwal éta kajadian, sok bisi matak sarieuneun. Parat 10 poé ogé kuring teu pernah manggihan deui budak hideung nu kungsi amprok jam 2 peuting di pancuran tukang.***
Katerangan:
Seratan ieu kantos dimuat di Manglé no. 2769