KORBAN KORONA
Keur mahabuna virus corona, Doni pipilueun ngungun. Iwan nu curiga tuluy nanya.
Iwan: “Kunaon manéh bangun nu sedih?”
Doni: “Aing mah nyeri haté, kuciwana gé sagedé Gunung Papandayan.”
Iwan: “Euleuh, ieu mah seurieus sigana téh.”
Doni: “Seurieus pisan, Néng Dinda nu dipiharep putus jeung kabogohna téh jadi korban korona.”
Iwan: “Euleuh… dirawat di mana ayeuna?”
Doni: “Ngerem di imahna wé da wirang.”
Iwan: “Har! Kumaha mun népa.”
Doni: “Moal népa da ieu mah lain virus corona ti Cina.”
Iwan: “Maksudna?”
Doni: “Enya korona ieu mah ‘korban morosot calana’ alias reuneuh tiheula.”
Iwan: “Géhél téh!”
Maman Mansyur – Ciranjang, Cianjur
NGAWANGUN KARAJAAN
Geus heubeul opat sobat téh teu ngariung. Harita malem Minggu diparengkeun baroga waktu, da opatanana gé geus jaradi duda.
Dudu: “Gening ngawangun rumah tangga téh hésé.”
Tantan: “Bener, padahal mah da geus mantes, tapi loba waé masalah.”
Yoga: “Jaman ayeuna mah beuh babari kénéh ngawangun karajaan batan ngawangun rumah tangga.”
Udi: “Hayu atuh urang nyieun karajaan wé kagok édan.”
Dudu: “Karajaan naonnya nu pantes?”
Tantan: “Karajaan Medibaka.”
Yoga: “Medibaka? Naon hartina?”
Udi: “Ah aing apal, Medibaka téh wancahan tina Mending Duda Batan Kasiksa.”
Mansyur Tasyakur – Cimindi, Cimahi
CAAH DÉNGDÉNG
Usum hujan mah walungan mindeng caah. Aya nu ngarahuh, aya ogé nu gumbira. Aya deuih nu ngaromongkeun.
Asép: “Mun caah gedé téh barudak kalah resep laluncat ka walungan.”
Rudi: “Komo alo uing mah mun ngadéngé caah déngdéng téh sok disalénggorkeun jadi banjir déngdéng.”
Asép: “Naha jadi banjir déngdéng?”
Rudi: “Da rarasaan manéhna mah bakal ceuyah sabangsaning déngdéng sapi, lauk, jeung asin.”
Tasyakur Binimah – Cibinong, Bogor
BASA INGGRIS
“Hiji basa Inggrisna naon?”
“One”
“Hiji-hiji”
“Wawan”
“Loba pisan”
“Wawan Kustiawan”
“Ngaran bapa déwék éta mah
“Oh”
“Wawan Wahyu?”
“Dulur”
“Wawan Bastian?”
“Teuing teu wawuh”
“Ari Wawat?”
“Mantan énté lain?”
“Sri siah mantan uing mah”
“Jadi we uing apal”
“Kacalétot euy”
Hikmat Nugraha – Bandung
BUDUG
Kang Asép: Jang, ningan geus aya di Lembur. Iraha balik ti Pangandaran téh?
Ujang: Kamari Kang.
Kang Asép: Atuh mawa loba oléh-oléh Pangandaran. Cik Akang ménta saeutik mah.
Ujang: Oléh-oléh mah aya mang. Teu kudu ménta saeutik sagala, bisi hayang kabéh sok waé kuring mah rido.
Kang Asép: Mana cing ngilikan mani panasaran.
Ujang: Ieu mang. (Bari ditémbongkeun budugna)
Kang Asép: (Molohok) Dasar manéh mah Jang, sugan téh bener wé oléh-oléhna. Borona mah atoh pisan tapi ari oléh-oléhna nu kitu mah sangeuk teuing Akang kudu narimana.
Ujang : Oléh-oléhna ngan ieu wungkul mang. (Bari gagaro)
Kang Asép: Gelo siah, dibere nu kitu sopak mah embung teuing. (Bari ngaleos)
Sry Utary – Rancakalong
LIMPEURAN
Dodo: Geus balik ti Alfa téh?
Amir: Geus (bari ngalungsar)
Dodo: Naha mani siga nu cape kitu geus ti Alfa téh?
Amir: Nya matakan capé da lulumpatan jeung babawaan beurat deui. (Bari némbongkeun kérésék balanjaan)
Dodo: Bet lulumpatan sagala kacapé-capé, pan mawa motor tadi téh.
Amir: Astagfiruloh poho tingaleun di Alfa.
Sry Utary – Rancakalong
RADIO
Ema: “Mir pangagedéankeun radio!”
Amir: “Alim ma ah teu kaduga”.
Ema: “Gusti nu agung ieu budak pira dititah kitu waé mani embung”.
Amir: “Sanés alim ma ,teu tiasa da kedah ku ahlina ngaageungan radio mah”.
Ema: “Ari manéh, éta sorana gedéan maksud téh lain radiona!”
Amir: Oooh … manawi téh kedah ngaageungan radiona”.
Sry Utary – Rancakalong