TUAK
Adé keur ngalongok Soni, babaturanana nu keur gering. Soni téh ririwit waé, manéhna tumanya ka Adé naha bisa walagri.
Soni: “Hayang kawas manéh, Dé. Jagjag waé.”
Adé: “Da urang mah unggal isuk-isuk kana tuak waé.”
Soni: “Astagfirullah, tuak mah lain haram jeung ngabahayakeun kana awak?”
Adé: “Da tuak nu ieu mah matak nyéhatkeun.”
Soni: “Tuak naon?”
Adé: “Tuak haur. Nyéhatkeun kana panon, jaba matak seger kana awak da rebun-rebun geus kukurusukan, lumayan pan nyesep hawa.”
Frédi Winangun – Majalaya, Kab. Bandung
KERJA BAKTI
Teu sasarina Rudi daék miluan kagiatan di masarakat. Satengah jam saacan acara gé manéhna mah geus sayaga. Make sapatu bot, mamawa pacul. Atuh Dadi jadi hémeng.
Dadi: “Leuheung manéh daék milu kerja bakti.”
Rudi: “Kudu kaciri getol atuh.”
Dadi: “Apal uing gé, pédah nu jadi ketuana Pa Sobari nya?”
Rudi: “Heueuh, tuh tingali Néng Tita gé miluan. Kasempetan uing keur ngadeukeutan.”
Dadi: “Jung wé ari aya kawani mah.”
Rudi: “Wani atuh.”
Dadi: “Tapi tingali gigireunana, aya Kang Rifan, nu sarua hayangeun ka Néng Tita, jaba geus boga gawé éta mah.”
Rudi: “Kéhéd, pancong ku aing geura éta manusa téh!”
Andi Subagja – Singaparna, Kab. Tasikmalaya
NYIEUN KALIMAH
Poé Kemis dina pangajaran basa Sunda
Bu Guru: “Udin, béré contoh kalimah nu maké kecap kolot jeung kokoloteun!”
Udin: “Sanajan can kolot, beungeut Bu Guru pinuh ku kokoloteun.”
Bu Guru bangkenu.
Komsut – KBB
HAPÉ
Guru: “Pék masing-masing jieun contoh kalimah nu maké kecap hapé!”
Otong: “Hapé Bu Guru saé.”
Guru (serasa pédah hapéna mémang alus)
Iting: “Hapé Bu Guru pangaosna awis.”
Guru (sura-seuri)
Atung: “Unggal dinten Bu Guru nyandak hapé ka sakola.”
Guru (unggut-unggutan pédah kataji ku barudak nu geus barisa nyieun kalimah)
Atang: “Padamelan Bu Guru di kelas ngan nyonyoo hapé, tara pisan kersa nerangkeun.”
Guru (beureum beungeutna lantaran rumasa)
Komsut – KBB
NAMI-NAMI BU GURU
Kinanti geus kelas tilu tur pinter nataan ngaran-ngaran kabéh guru ti mimiti kelas hiji nepika genep. Kabeneran kabéh guruna awéwé.
Waktu keur aya di imahna, ditanya ku indungna.
Indungna: “Kinanti, cik sebatan nami-nami Ibu Guru nu aya di sakola!”
Kinanti: “Bu Kiki guru kelas hiji, Bu Mia guru kelas dua, Bu Tati guru kelas tilu, Bu Euis guru kelas opat, Bu Nining guru kelas lima, Bu Sélfi guru kelas genep.”
Indungna: “Aya nami Bu Sélfi kitu?”
Kinanti: “Namina mah Bu Rina mung sok disarebat Bu Sélfi margi karesepna sésélfian waé.”
Indungna (kéom)
Komsut – KBB
ANGLÉNG DARMAN
Alo : “Usum raja nya Mang ?”
Emang : “Ti baheula Lo, aya raja ampat di papua, aya raja mandala, aya raja galuh, aya wana raja, komo di majalaya mah aya pangkalan raja …. !”
Alo : “Ieu mah aya raja sunda émpireu … émpireu kitu Mang ?”
Emang : “Enya béjana, ngan Emang inget keur budak ari ulin sok jadi rarajaan, ngalandi manéh jadi raja angléng darman …. !”
Edje Rusmana – Majalaya
LIEUR
Adang : “Ding urang mah lieur ku guru di sakola !”
Ading : “Lieur ku naon ?”
Adang : “Pék pikir ku manéh, cenah anak gajah disebutna ménél …. !
Edje Rusmana – Majalaya
KAWIN LARI
Emang: “Lo, ari anu disebut kawin lari téh anu kumaha ?”
Alo: “Baju panganténna, nganggé baju olah raga Mang !”
Edje Rusmana – Majalaya