Ti kamari kapapancénan ku bapana budak supaya mikeun duit ka Si Euceu A, randa nu boga budak opat, imahna hareupeun warung. Ari pikiran kuring mah Si Eceu A téh nu nu buukna pondok, rada hideung bari paroman judes. Caritana, bari jajap budak ka sakola, kuring nyimpang bari keketrok kana panto nu cét biru. Da cenah éta kamar kontrakanana. Hanjakal Si Euceu téh suwung, meureun keur ka luar. Sajam ti harita, aya nu keketrok kana panto.
Dibuka téh hiji awéwé manis, dikudung, pendék leutik.
“Ibu tadi milari abdi ka kontrakan saurna?”
Puguh rada ngahuleng, da kuring mah teu néangen jelema ieu.
“Abdi milari Ceuceu A, anu carogéna pupus, anu satpam téa.”
“Muhun apan abdi.”
“Anu minantuna Abah X?”
“Abdi mah minantu Bapa B.”
“Dupi carogé Ibu pupus iraha?”
“Ampir sataun, abdi nuju milari padamelan dan pun anak nu cikal nganggur teu tiasa ngabantosan kipayah.”
Najan rada cangcaya, amplop duit dibikeun,tapi eusina dikurangan satengahna, mani nyebut nuhunna gé kerep.
Nelepon ka salaki, yén duit geus dibikeun, bari ditanyakeun ciri-ciri Si Euceu A.
Ceuk salaki lain éta cenah, tapi ari geus dibikeun mah geus wé baé. Lantaran aya eusi amplop satengah deui, panasaran dijugjug ka ditu. Bener geuning aya Si Euceu A nu dipimaksud, keur silihsiaran jeung anakna.
Song mikeun amplop, teu poho dipoto keur tanda bukti ka salaki, yén sabagé pamajikan, kuring geus amanah nepikeun kapiat.
“Ceuceu ieu maksud Bapa?”
“Enya, terus nu tadi saha?”
“Duka.”
“Har, paluruh nu bener.”
“Akur randana mah…héhé.”
Lely Moel – Bandung
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Mangle no. 2760.