GULA HARATIS
Awan jeung Yuni geus balanja di supermarket. Awan indit ti heula, Yuni nuturkeun. Ti tukang, Yuni ngageroan. Awan eureun, ningali Yuni mawa gula jeung inuman.
Yuni: “Kang, punten ieu lebetkeun,”
Awan: “Dilebetkeun? Tos dibayar can?”
Yuni: “Teu kedah mayar da haratis.”
Awan: “Ah piraku?”
Yuni: “Tuh tingal, dina botolna gé aya seratan, free sugar. Janten gulana haratis.”
Awan culang-cileung. Ngasupkeun gula, laju indit gagancangan.
Yunus Samsudi – Ciranjang, Cianjur
OLÉH-OLÉH ANDUK
Dina dua minggu téh Yusuf nganjangan lima hotel di kota nu bararéda. Maklum manéhna kapilih jadi narasumber dina kagiatan di sababaraha kota. Atuh satutas balik tina acara téh pada nganjangan.
Imat: “Mana oléh-oléhna geus nganjang ka dayeuh téh?”
Yusuf: “Ieuh aya anduk,”
Imat olohok ningali anduk aya kana limana. “Naha balik téh ngagémbol anduk?”
Yusuf: “Pokona mah unggal kamar pasti dibawa andukna, lebar ditunda deui mah.”
Imat: “Géhél. Lain sakalian bawa jeung simbutna.”
Yuliandi Budiman – Singaparna, Tasikmalaya
PURAH MENCÉTAN
Rangga téh bujang kolot. Geus opat puluh taun can manggih pijodoeun. Nya manéhna dibawa ku Bapana, Pa Mudi, nganjang ka imah Pa Cécép, ngenalkeun budakna, Néng Tuti.
Pa Mudi: “Jang, sanaos Néng Tuti mah urang lembur, tapi damelna mah di kota.”
Rangga: “Oh, dupi Néng Tuti téh damel naon Pa?”
Pa Cécép: “Padamelanana sanés di kantor, lumayan wé aya kanggo cecepengan.”
Rangga: “Upami kitu mah di pabrik, atanapi toko baju?”
Pa Cécép: “Ah sanés ogé,” laju Pa Cécép ngageroan Néng Tuti.
Barang datangna Rangga bangun kapéngpéongan ningali mojang geulis jangkung lenjang. Setélan ngota.
Rangga ngaharéwos, hayang cenah. Beuki bungah sabot pataréma leungeun.
Pa Cécép: “Tah ieu Néng Tuti. Di kota damelna téh méséj. Duka naon tah méséj téh.”
Rangga gancang ngalepaskeun leungeunna. Manéhna ngageremet, boa ‘massage delivery’.
Yunahar Hasan – Cibinong, Bogor
SIHORÉNG TÉH
Aa : “Nyai, tadi penting Aa manggih batu ali hideung di jalan.”
Nyai : “Jual atuh A, sugan wé payu.”
Aa : “Nya maksud Aa gé kitu asalna mah keur nambahan pangabutuh di imah. Ngan pas diilikan dinu caang…”
Nyai : “Nya ku naon A?”
Aa : “Ampuuuun Nyai pas diilikan téh ningan tai domba.”
Nyai : “Dasar ah, borona mah geus atoh”. “Embung teuing tai domba mah.”
Sry Utary – Rancakalong
TÉGA PISAN
Aa :” Néng lamun Aa jadi sireum, Néng jadi naonna?”
Enéng : “Jadi gulana atuh A, pan enéng mah manis.” (Bari seuri).
Aa : “Eneng mani romantis. Lamun Aa jadi cucunguk, Néng jadi naonna?”
Enéng : “Neng mah jadi kapur bagus ajaib wé A.”
Aa : “Ké Aa paéh atuh Néng.”
Enéng : “Keun wios atuh Aa, Néng kari kawin deui, beres pan.”
Sry Utary – Rancakalong
LULUSAN
Dada: “Si Didi mah lulusan NHI kuliahna, matak gawéna genah uy!”
Dodo: “Naaa apan uing gé NHI…”
Dada: “Nu bener? Atuh sarua jeung si Didi!”
Dodo: “Enya, ngan NHI uing mah… Nangkring Hareupeun Imah.”
Komsut – KBB
CV
Si Udung mulang ngalamar gawé, tapi paroman beungeutna teu bérag.
Adang: “Naha siga nu bété kitu, pédah teu ditarima gawé, nyah?”
Udung: “Bingung tuda ari rék ngalamar kudu boga CV mah. Apan sidik hayang gawé, boro-boro kudu boga CV heula! CV téh pausahaan lin, kawas PT?”
Adang: “CV nu dimaksud Curicullum Vitae, profil, riwayat jeung lain-lain ngeunaan énté! Lain CV pausahaan saperti CV Alim Rugi! Dasar!”
Komsut – KBB
JAMU-JAMU
Tukang Jamu: “Jamuné, Mas Jamu..”
Diding nu hirupna keur prustasi lantaran teu boga waé duit ngagentraan tukang jamu.
Diding: “Yu, aya jamu Tolakmiskin?”
Tukang Jamu: “Ora ono, Mas. Adanya jamu Antimelarat.”
Diding: “Meuli saémbér lah!”
Komsut – KBB