Nasution Co

Ari milik mah da geus diatur. Meureun diaturna gé nepi ka bubuk leutikna. Mun lain milik mah najan diakalan gé éh ngabulasin wé. Tapi ari narima mah teu sangka sacongo buuk bisa meunang. Kitu nu kaalaman ku kuring basa jadi panitia di hiji acara. Acara gedé di Gedong Saté.

Bu Entat mah sok salah waé ari jadi bagéan konsumsi téh. Cenah panitia mah engké wé mun tamu geus kabéré kabéh. Har! Kumaha cara ngitungna da tamu nu datang téh moal bareng, jol deui-jol deui. Matak meg kana haté téh ari manéhna mah misahkeun. Boh snack, bungbuahan, kitu deui jeung katuangan nu beuratna. Bisa baranggayem bari ituh-étah ka batur téh.

Teu hayang éléh, kuring gé misahkeun. Ngan béda jeung Bu Entat, kuring mah cakah-cikih, pulang anting, éstu bujur aseupan. Jadi tuangeun téh teu bisa katalingakeun.

“Bedul téh aya nu nyokot,” cekéng téh basa muka dus snake nu eusina kari cangkang cigelas jeung daun lemper.

Najan aringgis gé ah sabisa-bisa misahkeun deui. Ayeuna mah nu dipisahkeun téh kéjo box. Tunda deukeut korsi VIP. Piraku disoro ku tamu VIP mah da arinyana jalma jegud moal haripeut. Kuring mah indit deui wé manggulan korsi da kataksir bakal kurang.

Geus capé jaba késang luut-léét, inget kana kéjo box. Gentak asup deui. Reg téh can nepi, ti kajauhan geus kaciri, enya kéjo box nu ditunda téh keur dikeureuyeuh wé ku budak leutik. Teuing budak saha. Sigana mah nu datang mawa budak tuluy dibéré kéjona ngan hiji. Har samarukna ditunda téh keur nyuguhkeun!

“Duh lapar, euy.” Karasa ayeuna mah. Ti isuk-isuk karék kararaban Energen. Ari Bu Entat mah anteng wé ngadésel.

Keur lapar mah da tanaga gé suda. Tungtungna mah susulumputan wé bisi loba dititah. Keur nyumput di tukangeun lalangsé téh aya nu nelepon. Gening babaturan kuring gé keur aya di Gedong Saté. Manéhna ngaliput acara mahasiswa.

“Keur nyalsé manéh? Dieu ka kantin!” pokna téh.

Teu diengkékeun deregdeg rurusuhan ka kantin. Ditinggalkeun heula wé acara mah batan kapiuhan.

Sanepina ka kantin, panon nguriling néangan méja nu dieusian ku ki sobat. Panggih wéh manéhna ngagupayan di méja deukeut kios soto. Kuring ngadeukeutan manéhna.

“Jug pesen soto. Katempo dina beungeutna mah nyaho uing gé manéh can dahar!”

Alhamdulillah Gusti. Gening milik mah ti mana wé. Sakanyaho kuring, mun ki sobat nawaran ti heula, ciri yén bakal dibayar ku manéhna.

 

Hikmat Permusyawaratan

Balééndah, Kab. Bandung