Carnyam Déni Riaddy
(Bagéan 8)
Sabada ngaliwatan kebun raya Hortus Botanicus Garden jeung peneropongan béntang De Oude Strerrewacht, parahu banting stir. Sup ka kanal Rapenburg nu katelah ku arsitektur luar biasa éndahna sapanjang kanal.
“Snouck Hurgronje, tokoh kontrovérsial nu lami di Acéh mukimna di dieu, basa anjeunna janten guru besar di Universitas Leiden,” ceuk Hans deui.
“Lis…”
“Kah…”
“Sakedap deui gé dugi da geura nya. Ieu tos badé sajam urang paparahuan,” ceuk kuring bari ngarérét ka nu keur anteng melong Gedong Fakultas Hukum Leiden.
“Muhun. Lis mah masih kénéh hoyong paparahuan, resep ningalian pamandangan sapanjang kanal nya. Émut ti payun nuju kuliah di dieu, pami nuju sono ka lembur téh, Lis mah sok naék parahu mapay kanal sapertos ayeuna,” ceuk Lis deui, “Ti dieu, urang teras ka mana deui, Kang?”
“Urang ameng ngurilingan kota bari sasapédahan yu!” teu mikir panjang, kuring ngajakan.
“Hayu, tapi Lis mah diboncéng nya. Sieun ah nyandak sapéda nyalira mah. Seueur teuing nu sasapédahanna tuda. Jabi kitu geuning, sakahoyong numpak sapéda téh,” pokna.
“Wéis pasti romantis atuh, Lis, diboncéng mah.”
“Tapi Lis aya panyuhunkeun ka akang,” cenah.
“Panyuhunkeun kumaha?” tanya kuring.
Obrolan kapotong deui, parahu kaburu nepi ka tujuan. Kuring, Lis, ogé panumpang séjén turun tina parahu, tuluy hanjat deui ka jalan.
Teu jauh ti dinya aya panyéwaan sapéda. Kuring milih sapéda nu aya pangboncéngan. Geus bébérés administrasi séwa mah clak Lis kana boncéngan. Suku taki-taki rék ngaboséh. Sapédah can maju. Nu boga séwaan sapédah ujug-ujug ngahalangan jalan. Kuring teu meunang waka maju. Salah cenah, diboncéngna kudu malik ka katuhu. Bahaya malik ka kénca mah bisi ditabrak batur.
“Lis, hilap deui nya? Kunaon atuh?” cekéng. Lis kalah seuri.
“Raraosan téh di lembur tuda, Kang,” cenah.
Kuring luak-lieuk néangan sugan aya batur nu maké sapédah boncéngan. Enya wé, di dieu mah naék sapédah teu béda jeung di lembur. Lis oge seuri dibéjaan kitu téh. Geus kitu mah, geleser sapéda mapay jalan Neuwe Rijn, sisi kanal.
“Lis, kumaha tadi téh? Nyuhunkeun naon?” kuring ngingetan deui sambungan caritaan nu dina parahu.
Méméh ngajawab, Lis nangkeup kana cangkéng. Séak wé ujug-ujug hareudang awak téh.
“Tapi omat ulah diwartos-wartos ka sasaha nya, Kang! Kétang ieu mah pami akang kersa.”
“Naon kitu?” kuring teu ngarti kana kahayangna.
“Lis hoyong maca puisi bari diboncéng na sapéda ku akang,” jawabna. “Tapi ulah kagét nya, Lis hoyong maca puisina ulah nganggo hijab. Kumaha akang ngawidian teu ka Lis?”
Sapédah dierém. Reg eureun!
“Teu lepat, Lis?”
“Aslina, Kang. Sebat wé Lis gaduh obsési atuh. Wios kan, sakali wé saumur hirup. Nya kang, nya!”
Sabenerna mah teu kudu ménta ijin ka kuring, da lain nanaonna kuring mah. Tapi Lis keukeuh hayang disaluyuan ku kuring.
“Ti iraha Lis gaduh obsési kitu téh?” kuring nu ayeuna panasaran.
“Ti nuju di Bandung kénéh. Unggal ngalangkung ka Gedong Saté, sok hoyong gogorowokan maca puisi. Tapi pan di Bandung mah tara aya nu nganggo sapédah,” cenah mani norolang.
“Pami akang satuju, palay di mana kitu maca puisina, Lis?”
“Lis mah hoyong maca puisina di Stadhuis. Di jalan nu aya di payuneun gedong balai kota Leiden.”
Stadhuis téh enya balai kota, Stadhuis Leiden diwangun abad ka-16 ku Lieven de Key. Taun 1929 gedong-gedong nu aya di sabudeureun Stadhuis méh rata jeung taneuh, alatan kahuruan nu pohara. Ajaib mémang, tapi da buktina kitu, nu salamet téh ukur gedong Stadhuis ieu. Lokasi Stadhuis teu jauh ti panginepan. Malah nyanghareupna gé ka Neuwe Rijn. Ciri nu has tina Stadhuis nyaéta patung singa.
Kuring ngaboséh muru ka Stadhuis. Lis masih dina boncéngan bari nangkeup. Sapédah dieureunkeun lebah Chummy Coffee, warung kopi mun di lembur mah. Lis turun tina boncéngan. Tuluy gura-giru muka hijabna. Mata kuring teu leupas ti Lis. Diperhatikeun ti mimiti mukaan jarum, nepi ka nilepan hijabna nu terus diasupkeun kana tasna.
Mun téa mah teu dibuka hijabna, sigana pimanaeun da kuring bisa nyaho, yén mahkuta Lis téh sakitu sampurnana. Buukna hideung meles, gomplok jeung panjang. Panjangna sahandapeun cangkéngna. Kuring ngarénghap jero naker, nempo Lis nu teu dihijab.
“Hayu, Kang! Ih akang mah kalah hokcay kitu geuning?”
Nyaan kuring hookeun kacida. Kagareuwahkeun ku pangajak Lis.
“Hayu. Puisina dicandak kitu?”
“Dibantun, Kang,” cenah pondok. Bari terus clak deui kana boncéngan sapédah. Ayeuna mah diboncéngna bari ngajégang, teu nyangigir cara tadi. Kuring mimiti ngaboséh. Teu laun tapi ogé teu pati tarik. Lajuna sapédah sedeng.
Ngahaja maké sapédah téh teu dina trék husus keur sapédah. Kuring nyokot jalur nu keur kandaraan maké mesin. Sugan wé teu ditangkep ku pulisi. Duka teuing can kapikir naon alesanana lamun ditangkep pulisi téh.
Lebah Balai Kota. Hareupeun panto asup, nu aya patung singana pisan, Lis mimiti maca puisi.
Sakotrét carita nu kungsi aya
nalika galindeng tresna ngagalura dina rasa
kasono jadi ampar kanyaah
Satia sugan moal rék robah.
Buuk Lis nu ngarumbay panjang, milu ngariab katebak angin. Sababaraha lambar buukna malik kana pipi kuring, géték basa usik kaanginkeun.
Runtuyan éndah nyarungsum bayah
Rumpaka ngawilang kecap
Nu gumuruh minuhan bangbaluh
Siloka kemba.
Nu keur laleumpang dina trotoar hareupeun Balai Kota, nu keur nyapédah dina trék husus, kabéh eureun heula. Ngajanteng ningali Lis nu keur maca puisi bari nangtung diboncéng ku kuring. Karérét ogé aya sababaraha urang nu ngarékam ku hapéna. Ah Lis…
Tresna miyuni japati
Nu anteng jadi panglipur diri
Mukprukkeun sésa dina rasa
Ngukir dina turihan balati
Peurih. Ngagerih.
(ljengkeuneun)