Nasution Co

Dua Budak Sisi Jalan

Ku Irma D. Astie

Poé tadi mah basa dosén keur nerangkeun téh, kuring kalah ngalamun. Meuni asa geus jenuh pisan kana dunya perkuliahan téh. Enya, da. Bosen. Komo lamun geus dibéré tugas mah. Jaba poé ieu mah nepi ka peuting, sabab terus latihan tari heula. Balikna biasa, leumpang nyorangan ka kosan.

Di jalan, pas di hareupeun kantor Kacamatan Jatinangor, katempo aya budak lalaki keur maca buku bari nyarandé kana tihang listrik. Gigireunana aya karung, duka naon eusina. Na ari geus deukeut, geuning budak téh teu sorangan, aya saurang deui keur ngagolér bari ditilaman maké kardus.

Duh, meuni nyérédét kana haté. Pasti da ieu budak dua téh lain ngadon nangkring biasa. Da maenya diuk jeung gogoléran di sisi jalan. Jaba ngepris hujan.

Basa geus kaliwatan sababaraha léngkah, kuring balik deui. Bari ngaliwat téh éta budak dua ku kuring dipoto. Nya tangtuna ogé maranéhna mah teu nyahoeun. Meunang sabalikan tah.

Kuring leumpang deui ka kosan. Tapi, kuring inget waé ka éta dua budak. Di hareupeun mini markét kuring ngajanteng bari mikir. Ah, kétang, loba teuing mikir mah kalah pusing. Sup wé tah kuring ka mini markét, meuli kuéh anu sakacokotna di dinya. Geus kitu, kuring nyampeurkeun deui ka barudak anu tadi.

“Dé, yeuh, hoyong?” Kuéh téh langsung ditarima ku budak anu hiji. Nu hijina deui ukur neuteup, tuluy ku kuring ditanya, “Nuju naon di dieu?”

     “Nuju istirahat wé, Téh.”

     “Tos naon kitu?”

     “Tos milarian rongsokan.”

     “Ari bumi di mana?”

     “Di Rancaékék.”

     “Sarakola kénéh?”

     “Sakola.”

     Basa ditanya naha bet daékan ngala duit sorangan, manéhna ngajawab yén ieu téh kahayang manéhna sorangan pikeun mantuan kolotna. Ari budak anu hiji deui téh singhoréng adina.

     “Ari ayeuna badé ka marana?”

     “Badé diteraskeun deui milarian rongsokan.”

     “Sok dugi tabuh sabaraha?”

     “Dugi tabuh dua,”  témbalna.

“Oh, kitu. Meuni wengi-wengi teuing. Jug atuh hati-hati, nya!”

Budak téh teu narémbalan, ukur arunggeuk baé.

Gusti. Kuring ogé boga adi. Sarua deuih lalaki. Enya gé indung bapa kuring digawé ékéng-ékéngan pikeun nyakolakeun budak-budakna, tapi kuring jeung adi-adi kuring mah henteu nepikeun ka néangan duit sorangan, komo peuting-peuting cara ieu budak dua mah.

Ningali kaayaan kitu, bet terus kapikiran. Lamun kuliah pegat nepi ka dieu atawa teu bener ngalakonana, rék mawa naon kuring ka lembur? Rék jadi naon? Rék mulangkeun naon kuring ka nu geus balangsiar beurang-peuting néangan rejeki pikeun nyukupan kabutuhan kuring di dieu?

Lain maksud gedé hulu, lamun lain pédah dibiayaan ku pamaréntah mah, kuring téh moal nincak kampus meureun, da geus puguh lamun nempo kana kaayaan kolot di lembur mah asa teu kairong nyakolakeun nepi ka paguron luhur. Kuring asup paguron luhur ngaliwatan jalur anu kawilang gampang, teu maké tés-tés sagala. Jaba meunang béasiswa. Lamun dipikir deui, asup paguron luhur téh persyaratanana beuki dieu beuki hésé. Nya, keur kuring mah anu geus asup, sakola téh kari daék jeung rajinna waé.

Sanajan atikan luhur téh teu salilana méré jaminan kabéh jalma bakal suksés, tapi sahenteuna ari boga gelar mah moal jadi kuli-kuli teuing.

Ari barudak nu tadi, hadé pisan tékadna jeung jadi motivasi sangkan urang kudu leuwih soson-soson nyiar élmu. Gunakeun kasempetan anu geus dipiboga ku urang, sabab teu kabéh jalma bisa meunangkeun kasempetan anu sarua. Urang ogé kudu loba sukuran ka Gusti Allah.

Bari leumpang deui ka kosan, kuring ngadoa, muga-muga éta barudak ditangtayungan ku gusti Allah. Diséhatkeun, sarta dilancarkeun kolotna dina néangan rejeki sangkan éta barudak teu kudu digawé cara kitu deui.*** Jatinangor, 10 Maret 2020