Nasution Co

Balébat Ngajorélat (9)

Carnyam Déni Riaddy

(Bagéan 9)

Lis réngsé maca puisina. Kuring ogé ngeureunkeun sapédah di tungtung Balai Kota. Kadéngé nu kaleprok ti barisan panongton nu tadi nyakséni. Kuring turun tina sapédah, Lis ogé nuturkeun. Lir nu dikomando kuring jeung Lis méré hormat ka nu kaleprok.

Lis, aya ku hésé hayang bisa ngobét eusi haté anjeun téh. Naon sabenerna tujuan hirup anjeun téh, Lis? Hayang naon, kunaon jeung kumaha? 

Lis gura-giru masangkeun deui hijabna. 

“Ké heula Lis, ulah waka nganggo hijab!” ceuk kuring satengah maréntah. 

“Aya naon, Kang?”

“Akang hoyong dipoto heula atuh sareng Lis. Mangka ieu mah pan momen istiméwa,” jawab kuring, bari terus ménta tulung ka nu ngaliwat, sangka pangmotokeun.

Jadina poto rada éksotis ogé. Kuring keur nangtung bari nyekel sapédah, sedeng Lis nyarandé kana dada kuring, buukna ngarumbay katebak angin. Latar tukang poto nya Stadhuis.

Sanggeus bérés dipoto sababaraha jeprétan, Lis maké deui hijabna. Satutasna laju nyium leungeun kuring. Sakali deui kuring bati ngembang kadu nempo polah Lis kitu. 

“Kumaha, Lis, tos kacumponan ayeuna mah nya obsési téh?” kuring nanya ka Lis sanggeus istirahat sakedapan. Teu kanyahoan Lis nyium kana pipi.

“Nuhun Akangku,” pokna téh.

“Lis…” ceuk kuring bari ngodeuan.

“His. Teu kénging, Akang. Sanés muhrimna urang mah,” jawabna téh.

“Sanés muhrimna, Lis mah. Ari nembé naon atuh hartosna, nyium pipi akang?” cekéng.

“Lis hoyong nganuhunkeun éta mah, ngan duka kedah kumaha carana. Matak nu spontan wé kitu. Akang teu kaabotan kan?”

“Langkung ti kitu gé akang mah moal kaabotan, Lis.”

Ti harita, sakali deui kungsi jalan jeung Lis di Walanda téh, nyéta basa poé Salasa. Piisukaneun Lis mulang ka Indonesia. Manéhna ngajakan ka Rotterdam. Ménta dianteur ka Lijnbaan. Pédah cenah di jalan nu sapanjangna pinuh ku toko pakéan mérek dunya téh, kawentar ku hargana nu murah. Di Lijnbaan, Lis meuli baju, jékét jeung sapatu boots. Ti dinya diteruskeun meuli kaos keur oléh-oléh nyebutna mah, tempatna di The Sting. Di dieu mah harga hiji kaos ukur opatlas rébu pérak. 

Teu kungsi nganteurkeun ka Schiphol basa Lis mulang ka Indonesia gé, mungguhing kuringna keur ngangsitkeun pagawéan jeung Bén. Lis ogé ukur amitan dina WA. 

“Saleresna mah aya taroskeuneun ka Lis. Perkawis puisi nu dibacakeun ku Lis kamari téa,” ceuk kuring na céting WA-na.

“Kang abdi tos bade boarding yeuh. Engké wé pami tos mulih, urang tepang di Bandung nya!” Lis ngabales dina WA-na.

“Muhun atuh, wilujeng angkat. Salamet di jalanna dugi ka tujuan,” cekéng

“Nuhun, Kang. Ati-ati nya di lembur baturna. Kahadé ulah kapélét ku enon Walanda!” cenah.

Dua minggu kuring ngalalana di Leiden. Loba élmu nu kaala. Salasahijina mun pareng panggih jeung Walikota Bandung engké, hayang ngobrolkeun nyieun mural puisi sunda dina témbok-témbok gedong di dayeuh Bandung. Muga wé laksana sapaneja.

“Kang, saptu énjing kedah sumping nya! Abdi badé launching buku énggal. Tempatna di Gedong Indonesia Menggugat, waktosna tabuh 10 énjing.”

Kitu unina WhatsApp ti Lis. 

“Insya Allah, Lis. Mugi wé énjing teu aya pamengan ngadadak. Kunaon atuh nembé ngawartosan?” ku Kuring dijawab.

Lila teu ngajawab. 

“Énjing wé dongéng lengkepna mah. Pokona, Akang wajib sumping wé!” cenah, ngabalesna sanggeus ditungguan saparapat jam éta téh. Ku kuring ukur dibales ku émotikon jempol jeung gambar écéng. 

Poé saptu, ti Jakarta miang tabuh genep isuk. Tabuh sapuluh kuring geus anjog ka nu di tuju. Gedong Indonesia Menggugat di Jalan Perintis Kemerdékaan, Bandung. Rada hésé néangan parkiran gé, éstu geus pinuh ku mobil para tamu sigana. Karuhan motor mah, parkir nepi ka diéntépkeun.

Asup ka rohangan, luak-lieuk sugan aya korsi nu kosong. Weléh teu manggih. Korsi pinuh kabéh. Kuring seuri sorangan, sadar yén pagawé pérs mah ulah hayang diuk dina korsi. Ulah hayang kawas tamu ondangan séjénna. Antukna nangtung pangtukangna bari nurunkeun rangsel, ngaluarkeun eusina. Kaméra.

Lénsa télé dipasang. Ngahaja disetélkeun kana fokus otomatis méh teu kudu ngukur jarak jeung bukaan lénsa. Jeprét! Jeprét! Meunang sababaraha kali motoan nu keur aranteng di panggung. Aya Kang Déddy, dosén ti  Fakultas Sastra Unpad jeung Ceu Oom, penyair wanoja nu moyan. Dua tokoh nu ieu mah tayohna nu rék ngabedah buku. Di gigireunana, aya Kang Panji, panata calagara. Jeung tangtuna ogé Lis, nu boga hajatna. Duka keur ngalobrol naon, kuring ukur noong tina viewfinder kaméra. 

Dina émprona acara, sabada panata calagara méré pangjajap, naon ari buku puisi “Asih Nu Wening”, meunang Lis téh, sakalian ngawanohkeun ka para tamu saha Lis, si penyair. Diteruskeun ku Lis, salaku pangarangna, nyaritakeun proses kréatifna nepi ka ngajanggélék jadi buku puisi beunangna.

Kang Déddy medar bukuna tina sisi téoritis. Bari diimplik-implikan yén Lis salaku dosén, geus bisa kaluar tina pakemna. Dosén téh aya dua rupa, nu kahiji dosén nu gawéna ngajar di kelas. Indit ti imahna isuk-isuk, saréngséna ngajar balik deui ka imah. Kitu jeung kitu gawéna saumurna nepi ka pangsiun. 

Hiji deui, aya ogé dosén nu sapopoéna ngajar di kelas. Satutasna ngajar ieu dosén téh ngulik nalungtik rupa wanda naon waé. Nu leuwih alus mah éta kaparigelan téh disarungsum dijadikeun hiji buku sangkan mangpaatna bisa kabaca ku balaréa. Tah, Lis ku sababaraha buku nu geus dipedalkeun jeung pedaran-pedaran séjén nu dimuat ku média, ngabuktikeun yén dirina asup kana golongan dosén nu parigel. Nu motékar. 

Tilikan Ceu Oom béda deui, inyana medar buku kumpulan sajak Lis, tina tilikan prosésna. Sajak nu minangka jadi pangeusi buku ieu, sagemblengna hasil tina hiji interaksi antara jiwa jeung ragana. Interaksi antara rasa jeung pikirna. Interaksi antara dirina jeung alam, lingkungan jeung nu nyiptakeunana. Interaksi nu ngalahirkeun rasa sono, deudeuh, asih, nyaah, ka jalma, alam jeung lingkungan sabudeureunana.

Méméh acara dipungkas, Lis macakeun salasahiji sajak nu dijagokeunana dina ieu buku. 

“Ieu sajak disarungsum waktu Lis hiji peuting, basa rasa sono teu bisa dipungpang. Teu bisa diupahan. Rasa sono ka dirina. Dina danget ieu, sajak nu baris dibacakeun ku Lis badé disanggakeun ka….” 

Teu dituluykeun ku Lis, kalah luak-lieuk bangun aya nu keur ditéangan. Pas teuteupna nepi ka kuring, Lis nuluykeun hancaanna. “… sakantenan ngahaturkeun nuhun ka Kang Asép nu tos kersa sumping ti Jakarta, husus kanggo ngahadiran acara ieu. Nyanggakeun!” kitu Lis dina pangjajapna saacan maca sajak. (lajengkeuneun)