Nasution Co

Ku Arkan Askari

 

Leuwi sanget nu kacida pisan geueumanana. Tong bororaah diojayan, dalah sakalieun ngulampreng atawa ngaliwat ka lebah dinya ogé matak kokompodan. Urang lembur mah kabéh ogé geus apal kumaha sangetna éta leuwi nu dingaranan Leuwi Odin. Teuing geus sabaraha kali ganti ngaran éta leuwi téh. Ceuk kokolot lembur mah geus ngawelas kalina ganti ngaran.

Nu panungtung, enya Mang Odin. Tilelepna di éta leuwi téh cenah gara-garana kabongbroy ningali lauk emas beureum nu lindeuk sagedé orok. Geus dicaram ku Mang Karya nu harita ngaliwat bareng ka éta leuwi, da keukeuh cenah hayang néwak keur deungeun sangu, antukna tilelep bari teu bijil-bijil deui palebah liang nu caina muter.

Ari kamari, Jang Adut nu geus lila cicing di dayeuh mawa balad-baladna ti kota. Abong barudak ngora nu keur buta tulang buta daging euweuh pisan kasieun. Sakitu dicaram ulah ngulampreng ka Leuwi Odin, éh da keukeuh. Malah sigana téh bangun nu resep jeung asa katangtang pajarkeun téh. 

“Leuwi sanget nu loba jurigan kieu yeuh nu ditéangan téh, butuh keur kontén youtube,” ceuk Cep Adit, baturna Jang Adut nu ogé dihaminan ku Jang Lihin.

Singket carita, tilu pamuda nu keur belekesentreng téh haben bulak-balik ka Leuwi Odin. Kabéh panyaram urang lembur mah geus euweuh nu didéngé hiji-hiji acan, sigana téh asup kana ceuli katuhu tuluy ka luar kana ceuli kénca téh lain bohong.

Nu matak kagét urang lembur, horéng peuting-peuting ogé Jang Adut sabalad-balad téh wani ngulampreng ka Leuwi Odin. Padahal tong bororaah peuting, apan beurang ogé sakitu geueumeunana éta leuwi téh.

Horéng Jang Adut sabalad-balat téh keur nyieun konten ngeunaan tempat-tempat sanget nu aya di pilemburan. Ngahaja néangan tempat sanget nu kakoncara loba jurigan, tuluy tiluanana uji nyali bari mawa kamera, ngarékam rupa-rupa titingalian jeung kajadian nu aya di éta tempat. Geus kitu tuluy diupload dina média sosial jeung youtubena. Ngahaja ngarah viral cenah, siga waktu Jang Adut sabalad-balad mondok di makam karamat, di imah kosong, pabrik urut kahuruan. Nu tuluy ngalantarankeun viral jeung loba viewer katut subscraibna.

Urang lembur teu bisa kukumaha, tong bororaah batur, dalah kolotna Jang Adut sorangan teu bisa kukumaha. Da budakna keukeuh teu beunang dicarék téa. Waktu peutingna Jang Adut sabalad-balad keur ngayakeun “uji nyali” di Leuwi Odin téa, kira-kira jam satu peuting kadéngé nu walahwah-waleuhweuh, geus teg waé nu keur araya di pos ronda téh ka Jang Adut saparakanca. Bener waé Cep Lihin nu datang téh bari ngocobrak ngomong kamana galeuh, kasurupan.

Urang lembur kabéh dikeprak muru ka Leuwi Odin, Jang Adut kasampak kapiuhan. Ngan baturna nu hiji deui, Cep Adit duka teuing kamana. Parat nepi ka isuk-isuk, sabudeureun Leuwi Odin ledug balas néangan Cep Adit, ngan tetep teu kapanggih laratanana. Kabéh urang lembur geus teg pasti tilelep di Leuwi Odin.

Nu duaan, Jang Adut jeung Jang Lihin teu bisa ditanya nanaon, nu hiji masih teu éling-eling, ari nu hiji deui mah ti tos kasurupan téh kalah tuluy ngajubleg. Nu duaan keur diparancahan ku Mama Ajengan Basirin. Ngan kira-kira jam dalapan isuk-isuk, ti palebah Leuwi Odin ngadadak ramé. Horéng Cep Adit kapanggih, ngan geus jadi layon. Kabawa palid, layonna nyangsang dina batu lebakeun Leuwi Odin.

Layon nu geus teu mangrupa jeung jeger téh katembong rada anéh, da leungeunna heuras nyenyekel kaméra nu geus sarua teu mangrupa. Urang lembur curiga kana eusi rekaman kamerana nu boa-boa aya pituduh saméméh kajadianana. Bener waé data jeung eusi rekamanana mah bisa disalametkeun kénéh najan kamérana geus teu mangrupa ogé.

Teu ngadagoan Jang Adut jeung Jang Ihin éling, sababaraha urang lembur nu ngarti kana teknologi tuluy muka data rekaman kaméra nu aya dina kamera Cep Adit. Eusina dokumentasi jeung rekaman nu aya di ieu lembur jeung Leuwi Odin. Palebah nyetel rekaman peutingna basa kajadian, bener waé Jang Adut sabalad-balad teu keur ngarékam kaayaan di sabudeureun Leuwi Odin.

Horéng keur kaperluan konten cenah, tiluanana kudu mencar. Cep Adit mah tuluy ngarekamna muru ka palebah curug. Dina rékamanana katémbong aya wanoja nu keur mandi di biwir leuwi. Sanggeus sababaraha lila ngarékam jeung ngaméra wanoja nu keur mandi. Kaméra Cep Adit tuluy ngadeukeutan muru ka éta wanoja. Nu mandi katémbong eungeuh ka nu ngadeukeutan, da tuluy malik  bari ngagupayan ka palebah kamera Cep Adit. 

Sanggeus deukeut, Cep Adit tuluy dituyun lalaunan, teu kadangé sora nanaon rekaman vidio téh ti awal ogé. Éta wanoja nu nuyun téh tuluy mawa Cep Adit muru ka tengah leuwi nepi ka pareumna kamera.

Urang lembur nu ngalalajoan rékaman nu aya dina kaméra Cep Adit, euweuh nu teu bibirigidigan. Da teu nyangka bakal ningali langsung bari karekam bungkuleukanana nu ngageugeuh Leuwi Odin téh, sakapeung mah cenah sok ngarupakeun lauk emas, munding, putri geulis, atawa kuntilanak nu pikasieuneun, malah kadang ukur sorana wae nu nyikikik pikasieuneun.

Ari rekaman kamera Jang Adut jeung Jang Ihin mah teu dicek. Ku kokolot lembur ngahaja dicaram, bisi tambah jadi matak nambahan geumpeur salelembur mun manggihan hal nu aneh deui.***

 

Katerangan:

Seratan Puriding Puringkak nu judulna Leuwi Sanget karya Arkan Askari kantos medal di Manglé No. 2766.