Ku Wijati Rikma Dewi
Hujan ngageyer ti isuk mula, buhan usumna meureun. Sasarina, taun-taun ka larung, nyanghareupan Poé Nyepi téh Bali sok cangra. Apan boro nyanghareupan upacara gedé, kadar sakalieun aya pintonan seni barudak ngora di puseur dayeuh gé sok pirajeuneun dilaser. Duka kumaha carana. Ngan mun di langit aya cahaya babarasatan, cenah éta téh laser, gunana nyingkahkeun pepedut pihujaneun sina pindah ka wewengkon séjén. Disarang meureun mun di lembur mah. bédana, laser maké cara modérn.
Kaayeunakeun laser arang katingali, sigana dipahing ku pamaréntah propinsi, sabab teu hadé pikeun patani.
Rérés Asar geus dangdan sapuratina. Lenga-lengo nempoan tina jandéla, sugan wé hujan raat. Girimis kénéh. Gap hapé, nelepon ka babaturan, nanyakeun susuganan di wewengkon séjén mah teu hujan. Di Bali hujan téh sok ancal-ancalan. Mindeng, béh dieu hujan, liwat 5 ratus métér halodo.
“Di sini hujannya sedikit, tapi dia bawa temen banyak,” témbal ti peuntas bari nyikikik.
“Dasar…, nékad jalan ndak?” Milu seuri.
“Hayooo, siapa takut?” Asa dihatéan. Atoh aya batur, bari susuganan kapeutingnakeun mah halodo.
Anjeucleu dina motor diboncéng Lasri, babaturan. Jékét anti air ngabaguded awak. Hujan raat nyésakeun hawa seger keur Dénpasar. Motor laju lalaunan. Jalan macét. Rupa-rupa Ogoh ogoh rapang sapanjang jalan, padangagimbung, dilalajoan.
“Nguriling ka Badung, yu…!” Ngaharéwos ka Lastri. Nu diajak unggeuk. Sok panasaran lamun lalajo Ogoh ogoh teu dipapay unggal wewengkon. Ulin pasosoré, dianteur angin laut, pamandangan alam nu eksotik dipapaés rupa-rupa patung sapanjang jalan. Matak nineung.
Isukan Poé Nyepi. Tradisi Bali, malemanana sok diayakeun Upacara Pengerupukan. Nurutkeun kapercayaan masarakat Bali, Upacara Pengerupukan mangrupa tarékah pikeun nyingkahkeun atawa ngamusnahkeun roh jahat nu disebut Buta Kala. Ilahar dilakukeun mangsa wanci Magrib. Baheula mah cukup ku raraméan masarakat sakampungna-sakampungna, marawa obor ngurilingan lembur bari nakolan kohkol. Sedeng saméméh Upacara Pengerupukan, di unggal imah sacara pribadi dilakukeun heula Upacara Mecaruk, maksudna mah sarua, mersihan imah tina gangguan roh jahat.
Taun 80an, mimiti aya Ogoh ogoh. Mangrupa karya seni patung hasil karancagéan paranonoman Bali, dijieun tina bubur kertas, elém, jeung awi. Éta patung Ogoh ogoh téh ilaharna dibentuk mangrupakeun Buta Kala, lambang kajahatan, sok diarak ngurilingan lembur, tujuanana sangkan roh jahat nu aya disabudeureun asup kana éta patung, saterusna peuting harita kénéh Ogoh ogoh dibawa ka basisir atawa tegalan pikeun diduruk, dimusnahkeun. Ka dieunakeun, lain deui. Loba Ogoh ogoh nu dijieun mangrupa paradewa, tokoh politik, jeung sajabana.
Wanci rék reup-reupan. Sapanjang jalan, kénca katuhu pinuh ku nu lalajo. Kolot budak pagelek silihséréd. Girimis ngepris. Nu lalajo bruk-brak maruka payung, tayohna ngahaja marekel ti imah, kawantu datang sabondoroyot, anak incu dikerid, papada panasaran mun teu ngalalajoanan. Hujan ngagebrét deui. Buriak lalumpatan muru tempat ngiuhan. Najan dijékét, teu burung ngahodhod. Siga sasari, angin ngagelebug. Hujan sajerelet, raat deui. Bring deui nu lalajo muru sisi jalan. Teu béda ti batur, kuring milu pasesedek, malah leuwih seseleké, hayang panghareupna. Nangtung, peuntaseun pisan panggung tempat lalinggihna parapajabat. Réngsé nu pidato, saémbara dimimitian.
Nu lalajo surak. Rupa-rupa Ogog ogoh lur-lar hareupeun, digarotong puluhna urang ti tiap Banjar, dipirig Bleganjur, tatabeuhan has Bali pikeun ritualan, adu manis antara, kenong, kecrék, kendang, jeung goong. Ogoh ogoh gulak-gilek, réréngkénékan, diulinkeun pamuda nu kabagéan ngigelkeun. Kitu ogé nu ngagotong, arayeuh-ayeuhan bari réréngkénékan luyu jeung wirahma tatabeuhan. Pareng aya Ogoh ogoh nu ngulahék, ruksak, teuing pérna macét, teuing akibat kahujanan, ger pada ngaheuyah-heuyah, disurakan. Kurunyung Ogoh ogoh mangrupa raja. Gedé pisan, hanjakal teu bisa diuk, Nyangsaya dina korsi singgasana, cenah pér lebah pingpingna macét teu bisa diajegkeun. Lebar temenan ukur jadi bahan geuhgeuykeuneun, sedeng nyarieunna aya kana pidua bulaneun méméh poé Nyepi. “Jangan-jangan pertanda pejabat negara kita,” salah saurang nu lalajo nyelengkeung. Teu dipaliré, kaburu norojol aleutan pamilon dibaraju tari. Duka pamilon ti Banjar mana, kabupatén nanahaon, teu kapireng pangumumanana, sora panata calagara kasilep guruhna surak. Banjar téh wangunan tempat dilakukeunana sagala kagiatan sosial agama masarakat Hindu Bali. Ngawengku hiji wewengkon nu diwatesanan ku wewengkon séjén. Meureun satahap RW di lembur urang mah. Parapecalang nu boga tugas keur kaamananana.
Lalajo mingkin pogot, sababaraha urang wanoja tingrampayak ngigel, magelarkeun Séndratari Ramayana, geus tangtu dibarengan nonoman mintonkeun tari kécak, saméméh ogoh-ogoh mangrupakeun Sri Rama jeung Sinta dihelar.
“Pulang na’é, udah malem.” Lastri, noél. Handeueul sabenerna mah, can kabéh kalalajoan najan sendratari geus lekasan. Hanjakal waktu geus rék tengah peuting.
Motor tara kebat digas, macét, kapegat arak-arakan nu baralik. Apan tiap nu geus pinton kudu langsung mulang, sabab Ogoh ogoh kudu gancang diduruk, mun teu kitu bahaya, nurutkeun kapercayaan, Ogoh ogoh nu geus dibawa ngurilingan lembur, bakal kaacikan roh jahat ti unggal tempat nu kaliliwatan. Mun teu diduruk, dimusnahkeun, bakal marakayagan.
“Héy, ketemu lagi.” Sawitri nuduhkeun Ogoh ogoh nu tadi soré panggih keur diarak. Ogoh ogoh nagog sisi jalan, tayohna nu maranggul capéeun, katingali ngalalungsar sisi jalan. Motor nyisi. Duaan imeut niténan Ogoh ogoh mangrupa dénawa nu sakitu gedéna, luhurna ampir 6 métér, panjang 11 méter, awakna semu dongko, dua leungeun ranggoas ka hareup, siga nu rék ngarongkong, kuku paranjang, létah ngelél, sihung ulawéran getih, awakna buligir, kahandap ukur dibunian ku cawét. Mungguh karya seni nu éndah. Nyeples, teu dipiceun sasieur siga aslina, diwuwuh sirah luhur butak, handapna jabrig, buuk bodas.
“Selfie, yu…!” Ngenyang Lastri.
“Ndak ah…, takut.” manéhna murungkut.
“Hayu…, pangmotokeun wé,” ngenyang. Ku dipaksa mah teu burung Lastri nuturkeun.
Lunggak-linggek hareupeun patung, dipotrét ku Lastri. Kalan muntangan sihungna, atawa poseu ngagéréwék, siga nu rék dihakan. Kuring seuseurian, Lastri pupurungkutan. Kahayang mah tong waka balik, rék megatan pawéy nu lianna, hayang selfie deui. Ras ka Lastri nu pupurungkutan, bari geus téréh téng jam 12 peuting, wancina mulang, riringkeb, mimiti jam sakitu dipahing aya aktipitas.
Imah téh ngaliwatan gang gedé, asup mobil. Teu jauh ti jalan propinsi, ukur kahalangan Pura Desa. Sab jalma nu lalajo jeung nu pawéy pagelek ngahalangan lawang gang, Lastri ukur nganteurkeun nepi sisi jalan.
Balik ngalénghoy, haté pinuh kasugema, ngalalajoan acara nu pamohalan aya di lembur. Keur tonggoy mapay gang anu rada poék, ukur reyem-reyem kacaangan lampu bohlam ti unggal imah, karasa aya nu nuturkeun.
“Sendiri aja, Mbok Gég?” Dirérét. Lalaki gandang mawurkeun imut kareueut. Jajantung ratug, haté mangkak kembangan, komo disebut jegég, nu hartina geulis. Najan kitu, teu gampang gélényé, jaga image ceuk basa budak kiwari mah. Numatak ukur dijawab ku unggeuk.
“Boléh antar pulang?” pokna deui. Kuring mimiti rada wani neuteup. Nu diteuteup surti.
“Mau kaaan?” Pokna deui bari ngahahah. Gurilap, beungeutna kasebrot lampu motor nu ngaliwat. Gebeg. Leketey. Jerit. Lumpat sakalumpat-lampét. Jedug neunggar kandang hayam tajén tatangga nu ngajajar sapanjang jajalaneun ka imah. Koléang. Bru. Les, teu inget di bumi alam.
Beunta. Rugah-ringeuh. Embun-embunan baseuh. Tétéh rawah-riwih bari nyeuceuh. “Alhamdulillah,” sanggemna, barang ningali kuring beunta.
“Na ku naon ngadon ngajehjer di kandang hayam?” Talék lanceuk.
“Teu nanaon, lieur tadi téh….” Ukur dijawab sakitu, bisi papanjangan, karunya, heug Tétéh borangan pisan.
Sapeuting jedur guling gasahan, teu bisa saré. Nu ngahahah deungdeuleueun, sihungna ulawéran getih. Mingkin lila, mingkin karasa ayana. Kasubuhnakeun mingkin mijah. Kapireng blag-blig-bleg sora nu leuleumpangan, parabot imah disarada, tingbelentrang, tingbeledug. Panto digedoran, cangklékna digucrek-gucrek. Bus sirah kana jero bantal. Awak dirungkup simbut. Teu kuat lila, eungap jeung hareudang, sedeng bujur karasa tiris, horéng monggéhéng teu katuruban. Hayang mah ngadéngé sora adzan, ngan pimanaeun, padumukan jauh ka masigit.
“Mbok Gég…!” Kapireng nu ngagero ti luar. Teu diengkékeun, berengbeng ka kamar Tétéh. Brug, meubeutkeun karep gigireun lanceuk. Leungeun ngeukeup kana cangkéngna. Gurinjal Tétéh malik. Dirérét. Jerit deui. Lanceuk dibabukan. Kuring amuk-amukan.
“Nanaonan ieu téh?” Lanceuk malik ngababuk. Ngajegelan. Ditelek-telek, sidik Tétéh. Sedeng bieu, apan sihungan, getihna ulawéran. Wanci bray-brayan, kuring karék bisa ngerejep.
Lungsé taya tangan pangawasa. Méméh lohor diasongan dahar. Ngalimed, lapar kacida, tuda sapeupeuting kurang saré, bari amuk-amukan deuih.
Dahareun sagala aya, asa Idul Fitri di lembur. Ngahaja, sasadiaan, apan salila Nyepi dipahing pusuk-pasak. Ngahaneutkeun gé rerencepan.
Poé ieu poé Nyepi, wewengkon combrék, taya jelema nu lunta, nu kapireng ukur séahna angin neumbrag tatangkalan. Leungeun ngarongkong séndok, rék nyokot réndang sapi. Teu kebat. Aya nu ngolébat lebah jandéla, tuur nyorocod. Lalaunan dirérét.
“Minta makan…,” lumengis, sorana haroshos, sidik nu panggih peuting, atra buuk handapna jabrig, bodas. Les, bareng jeung kelewungna sora adzan tina hapé nu ngahaja dipasang. Awak tanagaan. Wawanén ngandelan. Sapanjang Nyepi teu eureun ngaos Qur’an. Gilig, moal kabawa ku sakaba-kaba. Alhamdulillah, najan sapeupeuting mopoék, dipahing ngahurungkeun seuneu katut listrik. Kuring aman, teu mangihan nanaon.
Poé Nyepi lekasan. Dénpasar ibur. Pajah Ogoh ogoh dénawa di Banjar tatangga aya nu teu kaburu diduruk, unggal peuting éngklak-éngklakan sorangan bari sagala ditakolan. ***
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2771.