DIPINDAHKEUN
Lantaran usum pandemi, meuncit sato kurban téh kudu di pajagalan. Teu bisa meuncit di pilemburan cara sasarina. Atuh keur Soma mah jadi leungit pakasaban.
Soma: “Tempat meuncit téh dipindahkeun ka pajagalan. Urang jadi teu boga proyék amal.”
Nana: “Nya alus atuh.”
Soma: “Alus naonna? Jadi teu bisa mantuan, pan amal éta téh.”
Nana: “Alus, soalna moal ribut leungit cokor. Moal parebut kulit deuih. Matak pipaséaeun.”
Rohman Suryadi – Caringin, Garut
MASKER ARENG
Andi: “Ari denda nu teu maké masker masih aya?”
Odin: “Aya atuh salila pandemi mah.”
Andi: “Baé da moal hariwang ari keur kurban mah.”
Odin: “Naon hubunganana?”
Andi: “Usum kurban mah loba areng. Oléskeun wé kana sabudeureun irung nepi ka gado. Jadi wéh masker.”
Odin: “Teu hayang sakalian oléskeun sabeungeut-beungeut?”
Robi Suherli – Kawali, Ciamis
TEPA
“Lantaran keur usum korona, kadé milih sapi keur kurban téh kudu maké masker!”
“Sok mararodél, dimana aya sapi maké masker?”
“Heuh. Lain sapi nu maké maskerna, tapi manéh jeung nu dagang sapina! Barina tetep kudu ati-ati, apan cenah corona téh tepa ogé ka sato.”
Yadi Saputra – Sukaregang, Garut
TOGE
Hiji waktu ceu Onih rawah-riwih, teu bisa nyokél kacang héjo asup kana ceuli anakna anu kakara umur tilu taun. Kabéh tatanggana nyarankeun kudu datang ka dokter.
Dokter: “Saha nu teu damang?”
Ceu Onih: “Ieu, cepil pun anak kalebetan kacang héjo!”
Tuluy dokter ngabatréan ceuli budak, bari disemprot ku cai, “Tilu dinten ka dieu deui!” Ceuk dokter ngaomat-omat.
Barang geus tilu poé, budakna dibawa deui ka dokter.
Dokter: “Teu naon-naon!” Cenah. Bari nyabut togé tina ceuli budak.
Erusmana – Bandung
BASA ARAB
Aki : “Cu, geus nepi ka mana diajar basa Arab teh? Cing aki hayang ngadengekeun!”
Incu : “Id a’nam yaro, yaro id hawas …….. “
Aki : “Alus …. ! Naon hartina?”
Incu : “Di mana oray, oray di sawah …….. “.
Aki : “Sugan nurus tunjung!”.
Erusmana – Bandung