Ku Deyla
Basa ngajadikeun meuli imah nomer 12 jalan Flamboyan VIII nu di buruanana aya tangkal buah gedong gincu, Kang Amran langsung nelepon.
“Nong, minggu payun urang moal ngontrak kamar deui, Akang kénging bumi nu lumayan ageung, dapur lega tiasa dianggo masak bari nyanghunjar.”
“Alhamdulillah atuh, hapunten teu ngabantosan akut-akut, ngabagi rapot dinten Jumaah, Minggu nembé bérés sagala rupina. Akang bébérés nyalira?”
“Teu nanaon atuh Nong, apan aya Tatang ogé Ceu Enur nu ngabantosan mah.”
Kuring kakara tilu bulan kawin jeung Kang Amran, lalaki raspati nu dipiati ti jaman bolon kénéh. Ku tarik dunga jeung meureun jodona, alhamdulillah kaparengkeun ngahiji, jadi imam jeung calon bapa budak nu aya dina kandungan. Hanjakal kudu pajauh heula, LDR-an najan ukur dipisah jarak opat jam kana beus. Kuring can anggeus babakti di sakola nu kakara dua taun disukwanan. Najan kaasup tanaga honorér, tapi da betah jeung resep. Babaturan balageur, murid enya ogé umurna teu géséh jauh, tapi euweuh nu culangung, sanajan akrab. Meureun pédah kuringna resep heureuy, jeung ngupayakeun nyambung jeung jiwa maranéhna. Kabeneran mata pelajaran nu dicekel ogé Sosiologi. Loba nu curhat ngeunaan kabogoh atawa masalah di kulawargana. Diusahakeun mere jawaban nu bisa kaharti ku akal jeung pikiran budak saumuranana. Geus nyaingan guru Bimbingan Konseling wé asana téh. Wakasék Kesiswaan muntangan ulah waka kaluar méméh aya gantina. Keur mah barudak ilut jeung nurut, meureun kapeunteun alus mana kitu ogé. Salaki léah ngijinan, sambari nyiar luang ogé, susuganan di deukeut imah aya sakola nu bisa dimangpaatkeun ngabagi élmu. Salila ieu Kang Amran ngontrak kamar di Pa Dedi bapana Ceu Enur. Ti mimiti dines ogé geus ngekos di dinya. Jadi meureun ampir lima taunan dalit jeung kulawarga éta. Ayeuna pas pindah, kabeneran meunang imah nu teu pati jauh ti Pa Dedi, jadi akut-akut barang nu teu pati loba dibarantuan.
Basa dikirim poto imah, haté geus langsung cop, komo barang nempo tangkal buah nu keur leubeut. Tipeu 42, tapi buruanana lega. Aya tempat keur popoé laluasa, aya keur nunda mobil jeung motor.
Muji sukur ka Pangéran, boga salaki nu pinter ngeureut neundeun tina panghasilan jeung ngobyék itu-ieu. Geuning kabedag meuli imah nu kaasup lumayan bari teu jauh ti pasilitas umum, pasar, sakola, ogé prakték dokter. Teu kudu pusing miluan nabung, kari clék ngasupan. Kadieunakeun meunang béja deui, imah téh dibeuli jeung eusina. Pa Budi nu bogana, ngajual murah sapakét lomari, korsi, kasur jeung peralatan dapur. Cenah manéhna dicaram ku anakna ringkung barang-bawa. Da ka luar pulo pindahna, neruskeun bisnis kulawarga. Untung ku dua ku tilu wé pikeun kuring nu kakara diajar rumah tangga. Meunang mébelér murah tur kualitasna teu éléh jeung nu anyar ti toko. Keur mah hadé piara jeung apik, najan kasebut barang urut.
***
Ayeuna mah geus asa nyaanan rumah tangga téh, nyicingan imah sorangan bari deukeut reureujeungan. Nganyam kasono bisa beurang peuting, teu saukur pidiokol cara sasari. Kantor salaki ukur dua puluh menitan, sakola tempat ngajar bisa dilakonan satengah jam nyalsé, mun rurusuhan bisa saparapat jam. Angkot ogé aya, ngan angger kudu leumpang heula rada jauh. Jadi sok nikreuh sakalian gerak badan. Apan keur ngandeg mah ulah nurutkeun rasa ngedul, kudu gerak, sangkan jabang bayi séhat, indungna ogé kuat.
Ka sakola ukur tilu poé, Senén, Salasa, Rebo. Sésana mah cicing bébérés atawa masak. Nyobaan resép nu gampang tina youtube. Ngan duka rarasaan duka kumaha, lamun keur nguprek sok asa aya nu maturan. Misal keur nyiksikan bawang, terus poho mawa cabé, aya nu ngaharéwos,
“Cabéna dina kulkas can kacandak.”
Malahan mah basa masak urab nu make siksik rombéh, tonggong aya nu ngusapan. Ramona karasa nyasar tonggong, saliwat nyelecep tiis kana jero baju. Kana ceuli aya nu niup. Puguh wé keueung, tapi sok dibrangbrangkeun ku hahariringan. Bari dina haté mah babacaan.
Di imah Mimih, indung kuring, apan leuwih lega, malah ti dapur ka tengah imah kahalangan ku opat rohangan. Dapur ngaréndéng jeung balong leutik, kamar cai galedé dua. Harita lamun keur nyileuk sorangan, sok kapireng sora gejebar-gejebur nu mandi. Teuing kuring wungkul, teuing nu séjén ogé sarua, ngan tara geruh. Lamun tengah peuting mules jeung hayang nyéngclé di wésé rada lila sok mekel radio nu make batu batré. Kitu deui mangsa ngéndong di bumi Uwa. Sora keran cai ngagewor remen kapirang, sanajan taya nu kaluar ti kamar. Meureun ku lobana pangalaman nu di luar nalar, ngajadikeun kuring pribadi nu wanian, teu borangan. Najan tangtu teu ngarepkeun nempo bungkeuleukanna siga nu kaalaman ku Umi Rira, anu cenah ti keur leutik geus awas kana awak sapotong bari boloboran getih di juru imahna, atawa nu gugulayunan dina dahan manggu akina bari gugupay euweuh sukuan.
Ayeuna geus malam Jumaah deui, jam sabelas saparapat, maju ka tengah peuting hujan ngaririncik. Taya basa indehoy ngolotkeun ngalongok utun, Bapana geus opat Jumaah pikét waé di kantor. Sebelna mah enya, ngan aturan ti kantor teu bisa dipondah, komo alesan pamajikan embung ditinggalkeun mah. Panon bolotot hésé tunduh, beuteung ngurubuk lapar, kacipta emih godog diendogan, disukroan. Aya ku simpé, biasana sok kapireng sora orok Si Bunda ceurik hayangeun nyusu. Ayeuna keur ka Sukabumi cenah. Ti kamari arinditna mah. Najan teu borangan, keueung mah mimiti karasa. Basa nyicikeun kuah emih kana mangkok, korsi goyang di juru dapur oyag-oyagan, padahal taya angin. Leungeun neruskeun ngaduk bungbu supaya galo. Barang ngarérét deui kana korsi goyang, naha siga aya nu keur diuk, buukna ngeplak bodas dirumbaykeun, melong. Sirang gideug sababaraha kali bari Istigfar. Nu dina korsi ngaleungit, ngan oyagna nyésa kénéh..
“Ulah ngaganggu ka abdi Ma, ulah némbongan. Sok Ema sing jongjon calik, bade kulem ogé teu sawios. Tapi ulah némbongan, supaya abdi tetep betah di dieu.”
Sora ditarikeun, kuring siga nu ébél ngomong sorangan bari tutunjuk. Korsi beuki rosa ungkleuk-ungkleukan siga keur dipaké cocooan ku budak.
Suku rada beurat dipaksakeun ngaléngkah ka tengah imah. Gék dina sofa, leungeun ngarongkong rémot tipi. Cetrék, bray!
éh, naha geuning gambar dina tipi bet siga di rohangan dapur. Ké..ké…geuning aya nu keur diuk dina korsi goyang bari melong leleb ka palebah kuring. Beuki gedé, beuki gedé, asa ngadeukeutan. Asa nyium kana tarang, les kapiuhan, emih mancawura peupeus mangkokna.
***
Sabada Pa Budi dipaksa balaka, ahirna betus, ieu imah mangrupakeun imah warisan nu dijual dimurah-maréh. Sabab Pa Budi ogé barudakna teu kuateun sok didatangan ku awéwé kolot nu cenah éta téh pamajikan ka dua akina. Nini Sekar Arum, nu karesepna nguprek di dapur, maotna alatan kasetrum. Kadieunakeun, kuring meunang béja akurat, yén Nini Sekar Arum maotna disetrum, lain kasetrum. Aya kajadian rajapati nu ditutupan ku kulawarga Pa Budi. Lantaran kagok betah, imah diberesihan tina aura négatip jeung bangsaning mahluk nu bakal ngaganggu ku Ustad Wahyu, dibarengan pangajian rutina saminggu sakali. Ma Nini tara katémbong deui.*** Bandung Kaler, 19-12-2019
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2772