Si Anteu, tatangga nu geus jadi owner sababaraha brand produk nga-WA jam salapan peuting, harita keur maké masker areng, hideung sabeungeut-beungeut. Mun ngaca bakal pangling kana beungeut sorangan. Najan sabenerna mah horéam dimasker kieu téh. Kuat pisan némpélna, duka pédah hargana murah duka masker ieu boga daya léngkét leuwih ti misti.
“Ibuuu, maap ikut ganggu, abdi nuju di Palembang, aya pelatihan, sakaligus janten nara sumber. Tapi sono ka barudak, tiasa ngiring video call?”
“Maksadna abdi ka bumi Anteu?”
“Sumuhun.”
Bingung, apan beungeut keur dimasker, jaba barudak nu rék diajak pidiokolan téh balita kénéh, kumaha mun kalah soak jejeritan. Lainna sadiaan hapé atuh di imahna.
Alesanana mah salakina keur di kantor, hapé Ninin, mitohana mah lain android nu bisa vc-an. Kapaksa diharudum heula, keketrok ka imah hareup nu kahalangan opat panto.
Bener wé barudak Si Anteu tingjarerit spichles. Ninina budak gé aya, sarua reuwaseun nempo kuring cakeutreuk nyodoran hapé.
“Ieu aya nu hoyongeun ngobrol sareng barudak, sono saurna.”
Aya satengah jam barudak ngobrol jeung indungna. Kuring ngajejengkruk bari teu puguh cabak. Batré béak, pes wé pareum. Nu ngobrol kapegat lowbét. Geus kitu mah balik bari terus meresihan beungeut. Isukna, pagétona, jeung poé-poé saterusna , nu milu pidiokol teu eureun. Lian ti nébéng vc-an jeung barudakna, Si Anteu ogé sok nitah ngabéjaan ninina barudak supaya teu salah makékeun saragam sakola nu rupa-rupa kelirna.
Pernah geus ngalenyap saré, jam sabelas, Si Anteu nelepon, bisi baju seragam budak keur poé Kemis nyalahan, kudu batik cenah. Basa ditepikeun, nu narima béja geus tibra. Salaki gé nepi ka kukulutus. Naha euweuh gawé bet pesen ka urang, lainna langsung ka salakina atawa mitohana nu aya di imah.Apan sarua aya telepon, teu kudu nunda talatah. Cekéng téh baé itung-itung ibadah. Bukti aya kanyaah antar tatanggahhh.
Dua minggu campleng nu pelatihan ninggalkeun sarakan éh imah. Untungna, barudak nu dua balageur teu rungsing néangan indungna. Ngan karunya ka ninina nu kaririweuhan, ngudag ka ditu-ka dieu. Da ari balita jalu mah sok salantang-selenteng ulin jauh teu kaop pager muka.
Peuting panungtung Si Anteu nelepon deui, yén manéhna rék balik, pelatihan geus réngsé. Ménta didungakeun supaya lancar. Malah nawaran hayang dipangmeulikeun naon ti Palémbang. Puguh wé dijawab basa-basi.
“Mau dibeliin apa Bu, mumpung masih di sini.”
“Sing séhat salamet Anteu, éta oléh-oléhna. Kurupuk kemplang atanapi pémpék Palémbang mah tangtos wios..hahaah.”
“Ashiaaaap.” Témbalna tatag.
Kacaritakeun waktu nu geus ditangtukeun datang, éh melar dua poé kétang jadi dua minggu satengah. Teu apal kuring gé. Ngan kanyahoan sotéh pédah tempat popoéan geus pinuh ku baju Si Anteu.
“Wah, Si Anteu geus mulang, pasti mawa mpék-mpék.” Bapana toma bari seuseurian.
“Atawa kurupuk kemplang.” Cekéng teu éléh ngarep.
Tapi nepi ka beurang, soréna, isukna, geuning labas. Basa barudakna ulin ka imah, pangangguran ditanya.
“Mamah bawa apa dari Palémbang?”
“Bawa cucian aja tiga koper.”
“Ngga bawa empé-empé buat Ninin?”
Budak gideug.
“Kata Mamah, uangnya lebar, mending disimpen ajah. Ada jeruk asem sama mangga asem, ngga énak, mau?”
Beuh ingaah, téganyah, téganyah, téganyaaah!
Lely Moel – Bandung