Nasution Co

Di lembur Mang Dudung aya anu hajat ngawinkeun. Geus ilahar di éta lembur mun aya anu hajat sok nanggap pongdut. Di antara anu hadir nya aya saurang lalaki nu jigana mah resepeun pisan kana joged luhur panggung. 

“Ulah akang! Éra. Ieu téh di lembur batur,” ceuk saurang awéwé anu geus pasti meureun pamajikanna. 

“Naha kudu éra? Batur ogé jarogéd,” manéhna némbal. 

“Batur mah jalma ngora, pamuda. Akang mah geus kolot. Kumaha lamun kalah matak nyeri cangkeng? Geus boga anak incu deuih,” manéhna keukeuh nyaram. 

“Mémangna akang teu bisa joged kitu? Leuwih alus jeung kuat lila jogedna,” manéhna rada kasigung. 

“Heueuh, jeung kuat kaéra. Sarta lebar duit deui dipaké nyawér mah,” éta awéwe lintuh téh nyaram. 

“Baé, duit akang ieuh,” pokna. 

“Batan dipaké nyawér mah mending duitna dipaké nambahan nebus sawah anu digadékeun. Atawa paké nambahan meuli béas,” ceuk manéhna keuheul. 

Panyaram pamajikanna teu diturut. Kalah seselendep hayang naék kana panggung. Luhur panggung geus aya anu jogéd bari ngasongkeun duit ka penyanyi anu bahénol. 

“Sok Pa unggah!” titah MC. 

Para pamuda siga anu jadi minder nempo manéhna naék téh. Sabab yakin duit sawérna leuwiuh gedé batan para pamuda. Awéwé geulis anu keur nyanyi témbong atoheun. 

“Sawérnya Pa,” pokna di sela-sela nyanyi. 

Leungeun éta lalaki rumpu-rampa kana pesak baju batik jeung saku calanana. Témbong reuwaseun lantaran duitna euweuh salambar-lambar acan. 

“Turun akang! Lokét mah ieu! Ulah ningkah maké hayang nyawér penyanyi. Boga duit mah alusna paké ngupah incu atawa infak ka fakir msikin!” éta awéwé anu horéng pamajikanna téh nyampeurkeun ka juru panggung. 

Nu araya di dinya arolohok. ***

 

Ani Maryani, S.Pd.

Lumbung – Ciamis